Tos tepat pisan Kang Eddy kumargi pami dijudulan jilid II ke aya nu naros ti 
jilid I nepi ka jilid II (9-10 taun) tos gaduh progress naon? Eta pami inohong 
nu taun 2000 sareng 2010 sami, tah pame inohong sunda na beda nya cop coppp 
pisan, kuriak ieu benten  sareng nu 2000, sanes karcis terusan jilid I....

(He he he  sabenerna beurat keur ngomentaran kitu teh, ke sok aya nu nyodorkeun 
wejangan eyang Jon Ef Kenedi nu nyunda tea " ulah nanya naon nu kisunda geus 
mere ka anjeun tapi tanya naon nu anjeun geus diberekeun ka kisunda". Skak mat 
we kuring.)

baktos
JP
 ~ experientia docet sapientiam ~ 




________________________________
From: Eddy Nugraha <[email protected]>
To: [email protected]; [email protected]; 
[email protected]
Sent: Friday, October 29, 2010 13:41:54
Subject: [kisunda] Konferensi internasional budaya sunda, beu!

  
Konferensi internasional budaya sunda (KIBS-2000) & KonferensiInternasional 
Filosofi& Kebudayaan dari Peradaban Sunda (Oktober 2010)..... Naha nya asa 
kaciri teu ngahiji-sewang2an inohong sunda teh? Naha teu disebut KIBS I & KIBS 
II wae (pokona aya ka 1 ka 2 na) ameh kaciri ku dunya aya gening lajuning 
lakuna urang sunda teh dina ngamajukeun bandana. Upaya heubeul dituluykeun 
dihadean najan beda nu ngokolakeunana. ieu mah KIBS tuluyna teuing, nu ayeuna 
teuing timana midangna -re inventing numana. Najanngakuna kabeh ge keur 
ngamajukeun sunda. Nu sarua teh karek hayang kasebut internasionalna kawas RS 
Omni.hapunten ah.....ieu mah tawis deudeuh we ka sunda.
baktos.




Kirim email ke