Hehehe, mani gehgeran Kang Eddy, karek aya dua konferensi nu cenah beda
ngaranna jeung nu ngokolakeunana, mani arateul bujur. Eh punten!

Lain ari uing malah jadi panasaran, kunaon ari urang ku harayang wae
"sarua",
harayang wae jadi "hiji", mani ginggiapeun ku nu ngaranna "beda", embung
"loba".

Cing sugan aya nu kersa medar, nu jiga kumaha ari nu dimaksud urang Sunda
"ngahiji" teh? Naong mangpaatna mun "ngahiji"? Mun geus "ngahiji" rek naon?

Der baraya geura pedar!


2010/10/28 Eddy Nugraha <[email protected]>

> Konferensi internasional budaya sunda (KIBS-2000) & KonferensiInternasional
> Filosofi& Kebudayaan dari Peradaban Sunda (Oktober 2010)..... Naha nya asa
> kaciri teu ngahiji-sewang2an inohong sunda  teh? Naha teu disebut KIBS I &
> KIBS
> II wae (pokona aya ka 1 ka 2 na) ameh kaciri ku dunya  aya gening lajuning
> lakuna urang sunda teh dina ngamajukeun bandana. Upaya heubeul dituluykeun
> dihadean najan beda nu ngokolakeunana. ieu mah KIBS tuluyna teuing, nu
> ayeuna
> teuing timana midangna -re inventing numana. Najanngakuna kabeh ge keur
> ngamajukeun sunda. Nu sarua teh karek hayang kasebut internasionalna kawas
> RS
> Omni.hapunten ah.....ieu mah tawis deudeuh we ka sunda.
> baktos.
>
>
>
>
> ------------------------------------
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke