Aeh Mh puguh pada narima pisan kunaon teu pati hayang ngahiji sabab babawaanana cenderung ngadua mun bisa ngaopat..
________________________________ Dari: mh <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Ming, 31 Oktober, 2010 18:39:03 Judul: Re: [kisunda] kahatur Mang H Re: Konferensi internasional budaya sunda, beu! Kang Eddy, aya dongeng sakedik, pedah kungsi campur gaul jeung rupa-rupa bangsa di Nusantara Boh Jawa, Bugis, Malayu Banjar, Malayu, kitu deui nu lianna. Naon nu kungsi kapanggih teh, kira-kira kurang leuwih ampir sarua jeung nu sok diadurenyomkeun ku urang Sunda Ceuk urang Jawa, urang Jawa mah sok kitu-kitu,cenah. Ceuk urang Banjar, urang Banjar mah sok kitu-kitu cenah. Kitu deui urang Malayu nagadongengkeun bangsana nu sarua Malayu. Jadi ari nu kapanggih ku uing mah, karakter tiap bangsa teh sarua wae, aya nu hadena aya nu bututna. Nu disebut, teu daek ngahiji, napsi-napsi teh lain wae aya di dunya urang Sunda, di dunya bangsa sejen ge jiga kitu. Kumaha urangna ngigelkeunana. Jadi tinimbang hayoh wae ngabaruang maneh, ngajebian sasama batur urang, ceuk uing mah mending diajar narima kana ayana beda pamadegan. Uing percaya mun aya garapan atawa ideu nu hade mah tangtuna ge pada ngadukung. 2010/10/30 ednugraha <[email protected]> >aduh...sumuhun MangH abdi teh janten kalebet gehgerean + ateul bujur....janten >isin nun..hapunten wae...kawitna teh bet asa anyar deui anyar deui >(cardinal)...teu katingal ningkat (ordinal)-ngomean nu atos...da artosna boh >PEMDA plus boh Toyota ge ti rayat keneh ti rayat keneh (Toyota foundation ge >pan >masihan margi gaduh untungna ti 'dipeseran ku urang-mun henteu mah boro2). >Namung saparantos nampi penjelasan Kang halimun kang Oca Kang JP oge >'tersirat' >ti Mang H...nampi nampi....atosan ah..he he he...haturan sun. > >---- >upami perkawis ngahiji-beda-sarua mah; wios beda teu sarua asal >ngahiji...ngahiji na dina nohonan udagan. kan tos 'didengung2kan' udagana bade >ngamajukeun sunda. Nah janten ku nu beda2/teu sarua ieu saling merhatoskeun >naon >anu teuacan/teu tiasa/teu rengse kagarap ku nu sanes/ku nu samemehna...janten >miangna teu ti nol deui/ti mencar deui..pan tiasa enggal kahontal majuna...he >he >he tah tah tah ngawitan deui..ateul bujur ha ha ha....tawis ditaros bae ieu >mah. > >--- In [email protected], mh <khs...@...> wrote: >> >> Hehehe, mani gehgeran Kang Eddy, karek aya dua konferensi nu cenah beda >> ngaranna jeung nu ngokolakeunana, mani arateul bujur. Eh punten! >> >> Lain ari uing malah jadi panasaran, kunaon ari urang ku harayang wae >> "sarua", >> harayang wae jadi "hiji", mani ginggiapeun ku nu ngaranna "beda", embung >> "loba". >> >> Cing sugan aya nu kersa medar, nu jiga kumaha ari nu dimaksud urang Sunda >> "ngahiji" teh? Naong mangpaatna mun "ngahiji"? Mun geus "ngahiji" rek naon? >> >> Der baraya geura pedar! >> >> >> 2010/10/28 Eddy Nugraha <ednugr...@...> >> >> > Konferensi internasional budaya sunda (KIBS-2000) & KonferensiInternasional >> > Filosofi& Kebudayaan dari Peradaban Sunda (Oktober 2010)..... Naha nya asa >> > kaciri teu ngahiji-sewang2an inohong sunda teh? Naha teu disebut KIBS I & >> > KIBS >> > II wae (pokona aya ka 1 ka 2 na) ameh kaciri ku dunya aya gening lajuning >> > lakuna urang sunda teh dina ngamajukeun bandana. Upaya heubeul dituluykeun >> > dihadean najan beda nu ngokolakeunana. ieu mah KIBS tuluyna teuing, nu >> > ayeuna >> > teuing timana midangna -re inventing numana. Najanngakuna kabeh ge keur >> > ngamajukeun sunda. Nu sarua teh karek hayang kasebut internasionalna kawas >> > RS >> > Omni.hapunten ah.....ieu mah tawis deudeuh we ka sunda. >> > baktos. >> > >> > >> > >> > >> > ------------------------------------ >> > >> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id >> > Yahoo! Groups Links >> > >> > >> > >> > >> > >
