KO oge sadaya panicia sim kuring ngahaturkeun nuhun ku 
dilaksanakeunana gempungan. Pro kontra mah biasa2 we,  mung panginten nu jadi 
tantangan mah nyieun lajuninglaku supaya hasil sawala jadi bukur. Ku kituna 
kacipta alusna pami dikawitan ku sikep inklusif  sanes eksklusif.  Saenamah sok 
aya sosialisasi hasil gempungan ka nu teu hadir, utamana ka tokoh2 KIBS I nu 
teu 
hadir, teras ka masyarakat sunda nu umum, anggap we sadaya inohong. Buleud hate 
nyieun deklarasi nya kedah buleud ngagorolong implementasi, aplikasina....

Hiji deui pesen sim kuring ulah nyitir kecap mutiara Kenedi nyunda tea heu 
heu......teu walakaya

from selaparang with kanyaah
JP
 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: oman abdurahman <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Sen, 1 November, 2010 07:45:16
Judul: Re: [kisunda] Re: Konferensi internasional budaya sunda, beu!

  
Kang Eddy, katerangan ti kang Oca sareng kang Gunawan tos cekap. Atuh 
katerangan 
ti si kuring sorangan samemehna dina sababaraha kasempetan nalika ngaguar ieu 
konferensi tos mayunan ngawaler ieu patarosan kang Eddy.

Satemenna, ti awal samameh ieu raracancang kagiatan dipadungdengkeun, si kuring 
oge panasaran kunaon eta kagiatan teh henteu dipasrahkeun wae ka Kang Ajip 
Rosidi dina raraga neruskeun KIBS I tea? Ongkoh deui apan judulna (awalna) eta 
kagiatan teh geus sarus jeung KIBS (ngan dina basa Inggris, jadi: ICSC). 
Jawabanana: nya kitu tea, sakumaha patarosan kang Eddy sareng jawaban Kang 
Tirta 
oge Mh :): siga pamaen jazz hehehe jeung "memang teu kudu sarua".

Aya alternatif kamungkinan jawaban kunaon beda, versi kuring, kieu: Meureun 
pamarentah hayang oge ngalaksanakeun "KIBS" versi pamarentah, ulah ngandelkeun 
LSM atawa masyarakat wae. Ngan, orokaya, judul kagiatan jadi sarua (anu akhirna 
ditambahan jadi henteu sarua) jeung dina prak-prakanana ku sababaraha alesan 
tea 
jadi kurang fokus jeung jadi henteu siga sakumaha kuduna hiji konferensi 
digelar.

manar 


2010/10/31 ednugraha <[email protected]>

  
>Kang Oca .Kang Jp hatur nuhun penjelasana...baktos.
>
>
>--- In [email protected], Tirta widjaja <tirt...@...> wrote:
>>
>> Jadi asa leuwih deukeut kana maen jazz urang sunda teh batan arumba atawa 
>> gamelan..  Teknik/skill luhur, sisih ajenan gantian maen solo, bebas 
>> beunghar 
>
>> improvisasi....disisi lain, elit, ekslusif jeung sering teu kaharti  :)
>> 
>>  ~ experientia docet sapientiam ~ 
>> 
>> 
>> 
>> 
>> ________________________________
>> From: Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@...> 
>
>> To: [email protected]
>> Sent: Saturday, October 30, 2010 1:01:48
>> Subject: Re: [kisunda] Konferensi internasional budaya sunda, beu!
>> 
>>   
>> pasti beda kang ednug,  
>
>> kibs hiji mah dibiyaan ku jepang, ari ieu mah dibiyaan ku pemda meakkeun 
>> sisa 

>> anggaran.
>> kibs hiji mah full swasta penyelenggarana, ari ieu pemda.
>> kibs hiji mah, sastrawan penyelenggarana, ari ieu ,mah urg pemda " plus"
>> janten upami sami mah sanes sunda atuh.
>> 
>> 
>> 
>> 
>> 
>> 2010/10/29 Eddy Nugraha <ednugr...@...>
>> 
>>   
>
>> >Konferensi internasional budaya sunda (KIBS-2000) & KonferensiInternasional 
>> >Filosofi& Kebudayaan dari Peradaban Sunda (Oktober 2010)..... Naha nya asa 
>> >kaciri teu ngahiji-sewang2an inohong sunda teh? Naha teu disebut KIBS I & 
>> >KIBS 
>>
>> >II wae (pokona aya ka 1 ka 2 na) ameh kaciri ku dunya aya gening lajuning 
>> >lakuna urang sunda teh dina ngamajukeun bandana. Upaya heubeul dituluykeun 
>> >dihadean najan beda nu ngokolakeunana. ieu mah KIBS tuluyna teuing, nu 
>> >ayeuna 
>
>> >teuing timana midangna -re inventing numana. Najanngakuna kabeh ge keur 
>> >ngamajukeun sunda. Nu sarua teh karek hayang kasebut internasionalna kawas 
>> >RS 
>
>> >Omni.hapunten ah.....ieu mah tawis deudeuh we ka sunda.
>> >baktos.
>> >
>> >
>>
>
>



Kirim email ke