Nurut yeuh ka kang JP. Ku kula diganti kecap 'trik' jadi 'Strategi Budaya Baduy.' Kalawan hatur nuhun geus ngaburudulkeun link ngeunaan Baduy, kula pribados saenyana butuh maca sakabeh panalungtikan batur ngeunaan Baduy. Hanjakal, barang ningali pdf-na, bray cimata ragrag. Kula sedih. Sedih maca eta literatur, sabab teu ngarti babasan walanda. Ngan kula moal putus asa, jigana kudu belajar basa walanda. Anu versi inggrisnamah dilalab ku kula.
Tah, ieu dulur-dulur kula bagja bisa tepung jeung dulur-dulur di ieu milis. Hampir sataun kula ngilu na baraya sunda tuluy kadieu. Ngahenen bae. Tapi kula rajin macaan milis, unggal poe sabab langsung surelekna kana Outlook. Tina loba tulisan nu dongkap ka ieu milis, kula resep macana. Ceuk kula, nu aya dina ieu milis lain jelema sagawayah, pasti jelema palalinter. Lain bae kula resep kana babasan Sundana anu 'syahdu,' tapi oge nunjukeun hiji karajinan nulis, logis, tarapti, pinuh ku referensi. Asa jiga kuliah di pasca sarjana. Tah, balik ka 'Strategi Budaya Baduy' kula inget kana Van Peursen anu nulis buku Strategi Budaya nu diterbitkeun Yayasan Kanisius. Keur SMA kula diinjeuman buku eta ku mantena Popo Iskandar, dosen IKIP Bandung (UPI ayeunamah), Budayawan oge. Hanjakal basa harita kula karek diuk di bangku SMA, sanajan beak bulak balik buku eta di baca, kula tetep teu ngarti. Sampe ka ayeuna. Poho naon nu ditulis ku Van Peursen. Kiwari lungak-longok di gramedia neangan eta buku, can manggih deui. Maksudna rek di baca deui, sugan ngarti ayeunamah. Kula curiga, yen memang Baduy boga Strategi Budaya. Conto-contona, dina buku Biarkan Baduy Bicara, Ayah Mursid negeskeun yen Pu'un Baduy teu ngalarang sacara individu barudak teh asup sakola, tapi ceunah, hampura ka dulur-dulur teu bisa nyieun sakola di wewengkon Baduy sabab dilarang Adat. Ceuk bahasa Banten, kumaha kaka mah, ongkoh beunang sakola, tapi teu beunang nyieun sakola. Tah kitu hebatna Baduy, sampe mentri pendidikan 'teu wasa' nyieun sakola di wewenglon baduy. Padahal warga usia sekolah di Baduy ayeuna geus lewih ti 2.900 (Biarkan Baduy Bicara, kaca 72). Masalah pamarentahan geh beda jeung desa sejena di Banten. Nu ngarana kapala desa eta di sakuliah Banten dipilih ku warga. Di Kanekes mah sejen, di ajukeun ku kokolot masing-masing kampung ka Pu'un. Di endorse ku Pu'un, karak di ajukeun ka Bupati Lebak seunah diangkat. Luar Biasa! Strukturna geh nu ngaranan Jaro Pamarentah, (ayeuna dijabat jaro Daina) jauh aya dihandapeun Pu'un..pang handapna sanggeus Jaro Tujuh/Jaro Dangka. Masalah teritori. Sok teangan di Banten atawa di Jawa (Barat) , moal aya wilayah desa dipatok ku beton. Paling oge tetenger tangkal nangka. Ari Baduy mah di patok beton, wilayahna eces jentre di Perdakeun ku Kabupaten Lebak. Urang luar sanajan sakumaha sugihna, teu bisa meuli tanah di wewengkon Baduy, tapi sabalikna urang Baduy bisa meuli tanah di luar Baduy. Kamari keneh tanahna nambahan 60 hektar. Sugih geuning eta Baduy. Luar Biasa! Masalah pangan, pare huma nu ku urang Baduy di panen teu beunang di jual kaluar. Tapi maranehanan ngajual madu, cau, kadu, kayu jengjeng, golok, batik baduy, tuluy daharna meuli beas 'impor.' Leuitna pinuh ku pare. Bahkan, ceuk hiji beja, aya nu geus mangratus tahun, tapi kwalitas parena teu bulukan jiga pare raskin. Ceuk nu bohong mah, sanajan alam mere bencana halodo lima belas taun, urang Baduy moal kalaparan (paling geh kahausan), sabab deposit parena cukup jang konsumsi 15 tahun jeung sakabeh warga Baduy. Luar biasa!. Masalah moral-etika, ieu bener-bener dijaga lan efektif. Di wewengkon Baduy mun aya pos polisi, dina papan tulis statistik kajahatanana pasti O (NOL GEDE). Teu aya nu ngarana Juvenil Deliquency, geng motor jiga di Bandung jeung sajabana. Ngurus sabelas rebu jiwa lain hal nu gampang, komo tamah jang masyarakat nu cenah 'primitive.' Bentangan wilayah 7km persegi nu teu aya jalan mobil, teu aya telegram, tangtu lain hal nu gampang jang ngoordinasikeun jalur komando. Teu aya institiusi sakola jang marapatkeun ajaran moral. Tapi moralitas diturunkeun lewat genetik tiap-tiap budak Baduy, (Olenka Gayatri, The Mystic Heredity <http://www.visitbaduyvillage.com/> .)lan dongeng-dongeng nu dituturkeun ku 'ambu' bari ngaeong-eong gung anak-anak Baduy. Tos lah heula sanes waktos disambung, Ongkarana Sangtabean, Pukulun Sembah Rahayu nu bolong tong dirorojok, mun ngarojok tong kanu bolong
