Tah geuning...jiga hadis nabi saw, aya nu du tutur ku Syaidina Ali Kw. aya nu Siti Aisyah Ra...beda-beda dikit... TRL
--- In [email protected], oman abdurahman <omana...@...> wrote: > > Basa anu kapanggih ku kuring waktu nganjang ka Kanekes mah eusina rada aya > beda saeutik, tapi lolobana mah sarua. Naha eta teh sarua keneh kalebet > pitutur ayah Mursid? Mangga di handap ieu anu dimaksud: > > #PRINSIP HIRUP MASYARAKAT BADUY DI DESA KANEKES > > Garapan (cecekelan) hirup Urang Baduy anu dipigawe jeung kudu dilaksanakeun > sapopoe, nyaeta "pondok teu meunang disambung, lojor teu meunang dipotong". > Ari kahirupan Urang Baduy teh titipan ti Adam Tunggal anu disebut *Wiwitan*. > Nyaeta, saluruh bangsa, agama jeung nagara. Ari wiwitanna nyaeta "ti nagara > puluh tilu pencar salawe nagara, kawan sawidak lima (genep puluh lima)". Eta > teh anu disebut eusi tina jumlah lima puluh dalapan nagara, anu > masing-masing boga *buyut*, boga *pantang*, boga *ulah*, jeung boga *pamali*. > > > Nagara pikahareupeun mah, bahan diwangun jeung bahan dirobah kudu jadi > kamajuan. Ngan ari wiwitan mah anu aya di Baduy, teu meunang dileungitkeun > jeung teu meunang dirobah, kudu angger sarua jeung garapan hirupna. Anu jadi > sabab, geus aya ti luhurna, nyaeta basa Adam Tunggal ngumpulkeun sakabeh > pananggungjawab alam dunya, pikeun nyaksian dijieunna Rukun Garapan Dua > Welas, anu bakal ngeusian alam dunya. Ngan garapan ieu teu meunang > dijadikeun hiji sabab bisi ngaganggu kana pangwangunan nagara. > > Wiwitan anu dijadikeun garapan hirup sanajan ditawarkeun ka sakabeh Rukun > Garapan Dua Welas, bakal loba anu teu sanggupeun. Tapi, kudu aya anu sanggup > nyekel, nyaeta pikeun neguhkeun jeung ngageuingkeun anu aya ti Sabang nepi > ka Merauke. Ari wiwitan anu diteguhkeun the nyaeta "lojor teu meunang > dipotong, pondok teu meunang disambung" tea bari ngalaksanakeun : > > - "Mipit kudu amit", > > - "Ngala kudu menta", > > - "Ngagedag kudu bewara", > > - "Ngali cikur kudu matur", > > - "Ulah gorah, ulah linyok (bohong)", > > - "Ngadek kudu sacekna (nu enya kudu dienyakeun, nu ulah kudu > diulahkeun)", > > - "Ulah sirik, ulah pidik", > > - "Ulah ngarusak bangsa jeung nagara", > > - "Gunung teu meunang dilebur, lebak teu meunang diruksak". > > > > Urang Baduy boga kasanggupan ngadeugkeun, ngageuingkeun, jeung neguhkeun > titipan ti wiwitan anu diparentah ku Adam Tunggal. Sanajan kitu, kudu > dibantu oge ku anu neguhkeun, anu matuhkeun, jeung anu ngawangun nagara, > nyaeta Pamarentah. > > > > Sawelas ti Rukun Garapan Dua Welas aya kasanggupan ngabantu neguhkeun jeung > matuhkeun wiwitan. Satungtung wiwitan masih keneh diurus ku manusa, makhluk > anu sejen mah (saperti siluman/sileman/ghaib) ulah ngabantuan, sanajan > maranehna hayangeun jeung mampu. Manusa anu rame-rame ngabantuan > sakamampuanana, sasukana, sakadugana, saweratna, jeung sakawasana, boga > ngaran nyaeta Buyut Najra, Buyut Karang, Buyut Bombang, Buyut Para Nabi, > jeung Buyut Para Wali. Ngan Buyut Adam Tunggal anu aya di Sabang nepi ka > Merauke euweuh eureunna kudu terus neguhkeun wiwitan. > > > Nyekel wiwitan bisa disebutkeun bener, bisa disebutkeun salah. Disebutkeun > bener, da aya riwayatna; disebutkeun salah, da euweuh bukuna. Ngan lamun > asa-asa jeung kurang percaya, teangan poe 7, bulan 12, tahun 8. Sabulan 30 > poe, sataun 360 poe. Lamun ieu hanyang ngoreh atawa hayang nyaho leuwih > jero, ulah disusul ka Baduy, jeung ulah nanya ka Puun, tapi teangan dina > sajarah alam. > > > Ari sajarah alam ceuk itungan Urang Baduy euweuhna nepi ka 415 tahun, waktu > nagara urang dijajah Walanda. Ti dinya, Sultan Banten mundur eleh ku > Walanda, bari aya pamanggilna di birit Leuwi Kadatuannu ayana di Parakan > Dangong; tuluy ditepungkeun ka puun Lanting. Sultan Banten nyarita: > > "Kami geus moal bisa neguhkeun wiwitan, ngan omat-omat kudutetep diteguhkeun > jeung kudu dipatuhkeun, ulah gedag kalinduan, ulah rigrig kaanginan, jeung > ulah limpas kacaahan. Lamun heunteu dipatuhkeun, matak puhpul pangaruh, > matak teu meunang juritan, matak cambar kamenakan, matak sangar kanagara, > leutik pangarahna jeung leutik pangaruhna ka nagara". > > > > Tah ti dinya Puun Lanting nanya: "Ari sajarah alam aya dimana?" > > Sultan ngajawab: "Cenah aya di Bogor" > > Puun nanya deui: "Di mana jeung di saha?" > > "Di Tanah Sareal di Pangeran Raja Galeher', jawab Sultan Banten. > > Ti dinya langsung bubar, ngan Ratu Banten (Sultan) nyarita: > > "Kami mah, lamun asup ka kayu beureum, milu beureum; asup ka kayu putih, > milu putih. Ngan omat, bisi aya urang kulit putih jeung urang Cina, eta ulah > diasupkeun ka kungkurangan jero Baduy, khususna ka padalaman". > > > > Prinsip hirup, garapan hirup Urang Baduy, nyaeta Baduy Luar ngajaga bari > ngabantu tapa Urang Baduy Jero di wiwitan. Ari tapana, lain teu dahar, lain > teu nginum, atawa teu sare; ngan tapana tapa bener, kudu ngajaga saluruh > alam, kudu neguhkeun jeung kudu matuhkeun cara pamakean garapanana, bari > ulah aya anu ngaruksak jeung ulah ngarobah titipan, saperti: > > Ngajaga kalestarian alam, di Baduy Jero nyieun imah teu meunang make paku, > taneuhna teu meunang diratakeu (kudu sakumaha aslina), anu ngeusian imah teu > meunang make emas jeung teu meunang nyeungeut lampu minyak tanah sababna ari > minyak tanah mah asalna ti alam dianggap ngaruksak alam lingkungan, meunang > ge nyeungeut lampu anu minyakna tina minyak picung atawa minyak kalapa > (ramuan alam). Kahirupan Baduy Jero jeung Baduy Luar nyaeta ngahuma, bari > taneuhna teu meunang dipacul, kitu deui caina (sirah cai jeung walungan) teu > meunang diracun jeung dikotoran lantaran ngaruksak alam. > > P. Jawa aya riwayatna manjang ti Barat ka Timur, nyaeta nyangsirah ka Ujung > Kulon, disebut Sanghyang Sirah, nyaeta sirahna P. Jawa, nunjang ka > Blambangan disebut Sanghyang Dampal nyaeta dampalna P. Jawa. Ti Sanghyang > Sirah ka Sanghyang Dampal ngabogaan tulang punggung, nyaeta Pagunungan > Kendengnu loba sumber caina. Sakabeh manusa kudu ngajaga jeung ngamankeun > alam pikeun kahirupan makhluk Alloh SWT. > > Lebak, 8 Agustus 1996 > > Carita Kepala Desa Kanekes, > > > > (Pulung) # > > > Cag. > manar > > 2010/12/8 Tubagus Rifki L <tbri...@...> > > > > > > > > > Pakait ka Adam Tunggal jeung Strategi Budaya, mangga ku dulur-dulur > > dihartoskeun atanapi diintrepetasikeun ieu teks di handap ti Ayah Mursid nu > > di sadur tina buku Suhada, Baduy Dalam Rentang Sejarah. Tangtosna Ayah > > Mursid nyarita lisan. > > > > Ti kula, di na teks ieu aya siloka-siloka. Sanajan geus nyokot anasir ti > > luar, misalna konsep sabang-merouke, Adam, tapi inti carita tetep aya di > > Baduy. Dina teks ieu jelas pisan Sultan Banten nu sowan ka Baduy!!!. Eta nu > > can disunatan ulah ka Baduy, pan hasil negosiasi! Kitulah loba keneh > > 'artefak' nu nunjukeun yen Baduy boga Strategi jang ngajaga wewengkona. > > > > Tapi kula boga hiji kacurigaan, lamun urang luar teu ngilu ngajaga > > wewengkon Baduy, Baduy moal kuat nahan 'musuhna' nu kiwari geus jadi bebegig > > sakitu gedena nyaeta urusan geopolitik, kapitalisme, pasar, konsumerisme > > jeung sajabana. > > > > Mangga ieu salinanana... > > ********************************* > > Nu mantak kami aya grapanlojor teu meunang di potong, pondok teu meunang > > disambung, kami aya titipan ti Adam Tunggal. Anu di garap nyaeta sakabeh > > bangsa, sakabeh agama, sakabeh nagara. Ari nu digarap nyaeta wiwitan anu > > dititipkeun tea, anu disebutkeun ti tilu puluh nagara, pancer deui salawe > > nagara, kawan sawidak lima. > > > > Anu ku kami dipatuhkeun (digarap) nyaeta wiwitanana. Anu genep puluh lima > > tah, eusi jumlah lima puluh dalapan nagara. Nyaeta boga buyut, pantang ulah > > pamalina, sakabeh sawidak lima. Sedeng nagara bahan dibangun, bahan dirobah, > > ngeun wiwitan teu meunang dileungitkeun. > > > > Ngayakeun kumpulan di Sawarga Loka. Sakabeh nu tanggung jawab, nyaraksian. > > Ngeun nyieun rukun garapan nu dua belas. Tapi buyut pantang ulah pamalina > > dikumpulkeun jadi hiji. Soalna ganggu ka ngabangun nagara. Tah tidinya, > > sanajan di dagang, kabeh pada embung. Ngeun, ceuk nu marentah, kudu aya nu > > patuh. Nyaeta ngabaratapakeun-ngabaratanghikeun wiwitan tea. Ti sabang sampe > > Meraoke, wiwitan kudu diteguhkeun. Kateguhanana nyaeta, "lojor teu meunang > > dipotong, pondok teu meunang disambung.' > > > > Tidinya kami aya kasanggupan ngabantu neguhkeun, matuhkeun. Malahan anu > > lain pamarentahgeh (siluman atawa sileman atawa batin jeung sajaban) sanggup > > ngabantu neguhkeun wiwitan. Ngeun anu lain manusa diganggu ngabantu. Masih > > keneh diurus ku manusa. Manusana didinya rame-rame ngabantu. Dingaranan > > buyutna, buyut nahun, buyut bongbang, buyut para nabi, buyut para wali. > > > > Ngan ngabantuna samampuhna, sasukana, sadugana, sakaweratna,sakawasana. > > Ngeun ukur buyut Adam Tunggal, ti sabang sampe merouke, teu aya bukana > > neguhkeun wiwitan tea. > > > > Tah ieu aya benerna, aya salahna. Benerna aya riwayatna, ari salahna euweuh > > kitabna. Ngeun lamun asa-asa atawa kurang percaya, teang saksi poe tujuh, > > bulan dua belas, tahun dalapan. Lamun teu hayang ngoreh ulah disusul ka > > Baduy, ulah ditanya ka Puun. Tamatna di sajarah alam. Ari sajarah alam ceuk > > hitungan kami anu euweuhna sampe ayeuna, (1996) opat ratus lima belas tahun. > > > > Tah didinya, waktu nagara urang dijajah walanda, Sultan Banten mundur > > (harita ngaran Sultan Banten nyaeta Tubagus Buang atawa Ratu Wakil) Ngeun > > waktu mundur, aya panggilan ka Birit Leuwi Kadatuan di Parakan Dangong. > > Ditepungan ku Puun Lanting. Ari basana didinya tah, "Kami eunggeus moal bisa > > ngabantu neguhkeun wiwitan. Ngeun omat, kudu diteguhkeun, dipatuhkeun. Ulah > > gedug kalinduan, ulah rigrig kaanginan, ulah limpas kacaahan. Lamun heunteu > > dipatuhkeun, eta matak puhpul kaparangaruhan, matak teu awet juritan, matak > > tambur kamenakan, matak sangar kanagara. Leutik pangarahna, leutik > > pangaruhna kanagara." > > > > Tah didinya Puun Lanting nanya, "Ari sajarah Alam aya di mana? Ceunah aya > > di Bogor? Disaha?" > > > > "Di tanah Sareal," ceeuk Sultan Banten. > > "Disaha?" > > > > "Ceunah aya di Panggeran Raja Geleher," ceuk Sultan Banten deui. > > > > Tidinyamah bubar, ngeun aya kasanggupan di Sultan Banten, "Asup ka kayu > > beureum, kami ilu beureum, asup ka kayu putih kami ilu putih. Ngeun omat, > > bisi aya urang kulit putih, cina atawa walanda, eta ulah diasupkeun ka > > lingkungan Kanekes, khususna ka Baduy Jero." Maksudna jalma anu teu disunat. > > > > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
