Pakait ka Adam Tunggal jeung Strategi Budaya, mangga ku dulur-dulur 
dihartoskeun atanapi diintrepetasikeun ieu teks di handap ti Ayah Mursid nu di 
sadur tina buku Suhada, Baduy Dalam Rentang Sejarah. Tangtosna Ayah Mursid 
nyarita lisan.

Ti kula, di na teks ieu aya siloka-siloka. Sanajan geus nyokot anasir ti luar, 
misalna konsep sabang-merouke, Adam, tapi inti carita tetep aya di Baduy. Dina 
teks ieu jelas pisan Sultan Banten nu sowan ka Baduy!!!. Eta nu can disunatan 
ulah ka Baduy, pan hasil negosiasi! Kitulah loba keneh 'artefak' nu nunjukeun 
yen Baduy boga Strategi jang ngajaga wewengkona.

Tapi kula boga hiji kacurigaan, lamun urang luar teu ngilu ngajaga wewengkon 
Baduy, Baduy moal kuat nahan 'musuhna' nu kiwari geus jadi bebegig sakitu 
gedena nyaeta urusan geopolitik, kapitalisme, pasar, konsumerisme jeung 
sajabana.

Mangga ieu salinanana...
*********************************
Nu mantak kami aya grapan—lojor teu meunang di potong, pondok teu meunang 
disambung, kami aya titipan ti Adam Tunggal. Anu di garap nyaeta sakabeh 
bangsa, sakabeh agama, sakabeh nagara. Ari nu digarap nyaeta wiwitan anu 
dititipkeun tea, anu disebutkeun ti tilu puluh nagara, pancer deui salawe 
nagara, kawan sawidak lima.

Anu ku kami dipatuhkeun (digarap) nyaeta wiwitanana. Anu genep puluh lima tah, 
eusi jumlah lima puluh dalapan nagara. Nyaeta boga buyut, pantang ulah 
pamalina, sakabeh sawidak lima. Sedeng nagara bahan dibangun, bahan dirobah, 
ngeun wiwitan teu meunang dileungitkeun.

Ngayakeun kumpulan di Sawarga Loka. Sakabeh nu tanggung jawab, nyaraksian. 
Ngeun nyieun rukun garapan nu dua belas. Tapi buyut pantang ulah pamalina 
dikumpulkeun jadi hiji. Soalna ganggu ka ngabangun nagara. Tah tidinya, sanajan 
di dagang, kabeh pada embung. Ngeun, ceuk nu marentah, kudu aya nu patuh. 
Nyaeta ngabaratapakeun-ngabaratanghikeun wiwitan tea. Ti sabang sampe Meraoke, 
wiwitan kudu diteguhkeun. Kateguhanana nyaeta, "lojor teu meunang dipotong, 
pondok teu meunang disambung.'

Tidinya kami aya kasanggupan ngabantu neguhkeun, matuhkeun. Malahan anu lain 
pamarentahgeh (siluman atawa sileman atawa batin jeung sajaban) sanggup 
ngabantu neguhkeun wiwitan. Ngeun anu lain manusa diganggu ngabantu. Masih 
keneh diurus ku manusa. Manusana didinya rame-rame ngabantu. Dingaranan 
buyutna, buyut nahun, buyut bongbang, buyut para nabi, buyut para wali.

Ngan ngabantuna samampuhna, sasukana, sadugana, sakaweratna,sakawasana. Ngeun 
ukur buyut Adam Tunggal, ti sabang sampe merouke, teu aya bukana neguhkeun 
wiwitan tea.

Tah ieu aya benerna, aya salahna. Benerna aya riwayatna, ari salahna euweuh 
kitabna. Ngeun lamun asa-asa atawa kurang percaya, teang saksi poe tujuh, bulan 
dua belas, tahun dalapan. Lamun teu hayang ngoreh ulah disusul ka Baduy, ulah 
ditanya ka Puun. Tamatna di sajarah alam. Ari sajarah alam ceuk hitungan kami 
anu euweuhna sampe ayeuna, (1996) opat ratus lima belas tahun.

Tah didinya, waktu nagara urang dijajah walanda, Sultan Banten mundur (harita 
ngaran Sultan Banten nyaeta Tubagus Buang atawa Ratu Wakil) Ngeun waktu mundur, 
aya panggilan ka Birit Leuwi Kadatuan di Parakan Dangong. Ditepungan ku Puun 
Lanting. Ari basana didinya tah, "Kami eunggeus moal bisa ngabantu neguhkeun 
wiwitan. Ngeun omat, kudu diteguhkeun, dipatuhkeun. Ulah gedug kalinduan, ulah 
rigrig kaanginan, ulah limpas kacaahan. Lamun heunteu dipatuhkeun, eta matak 
puhpul kaparangaruhan, matak teu awet juritan, matak tambur kamenakan, matak 
sangar kanagara. Leutik pangarahna, leutik pangaruhna kanagara."

Tah didinya Puun Lanting nanya, "Ari sajarah Alam aya di mana? Ceunah aya di 
Bogor? Disaha?"

"Di tanah Sareal," ceeuk Sultan Banten.
"Disaha?"

"Ceunah aya di Panggeran Raja Geleher," ceuk Sultan Banten deui.

Tidinyamah bubar, ngeun aya kasanggupan di Sultan Banten, "Asup ka kayu 
beureum, kami ilu beureum, asup ka kayu putih kami ilu putih. Ngeun omat, bisi 
aya urang kulit putih, cina atawa walanda, eta ulah diasupkeun ka lingkungan 
Kanekes, khususna ka Baduy Jero." Maksudna jalma anu teu disunat.






------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke