Dipikir2 nagara  Sunda Baduy mirip Jepang, mirip Israel.......strategina 
global, 
kumaha nyanghareupan sunda pajajaran, sunda banten, sunda NKRI... 

Masing saha wae kaasup sunda nepi ka "ngabaduy" numutkeun sim kuring mah tetep 
ku urang baduy dianggapna "outsider/orang asing/semah" mirip di Jepang sakumaha 
jalma nu "ngajepang" lamun lain urang jepang tetep dianggap gaijin, 'orang 
asing'. Israel? sarua wae kudu yahudi/jews...

Nembe katebak kunaon kang Tebe nulis "TRIK".....eta Trik, Taktik bagean tina 
strategi. Amazing!

JP

 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: Jalak Pakuan <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Ming, 5 Desember, 2010 10:46:46
Judul: Bls: [kisunda] Strategi Budaya Baduy

  
Nuhun kang Tebe, uih luar biasa lamun ceuk basa populer mah boga "barriers to 
new entry", Ah mangga ka nu sanes lenjengkeun, ke bisi noong na outloook teh 
bet 
JP deui JP deui...
 
hatur nuhun, salam
JP
 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
 Dari: Tubagus Rifki L <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Ming, 5 Desember, 2010 08:58:29
Judul: [kisunda] Strategi Budaya Baduy

  
Nurut yeuh ka kang JP. Ku kula diganti kecap 'trik' jadi 'Strategi Budaya 
Baduy.' Kalawan hatur nuhun geus ngaburudulkeun link ngeunaan Baduy, kula 
pribados saenyana butuh maca sakabeh panalungtikan batur ngeunaan Baduy. 
Hanjakal, barang ningali pdf-na, bray cimata ragrag. Kula sedih. Sedih maca eta 
literatur, sabab teu ngarti babasan walanda. Ngan kula moal putus asa, jigana 
kudu belajar basa walanda. Anu versi inggrisnamah dilalab ku kula.

Tah, ieu dulur-dulur kula bagja bisa tepung jeung dulur-dulur di ieu milis. 
Hampir sataun kula ngilu na baraya sunda tuluy kadieu. Ngahenen bae. Tapi kula 
rajin macaan milis, unggal poe sabab langsung surelekna kana Outlook. Tina loba 
tulisan nu dongkap ka ieu milis, kula resep macana. Ceuk kula, nu aya dina ieu 
milis lain jelema sagawayah, pasti jelema palalinter. Lain bae kula resep kana 
babasan Sundana anu 'syahdu,' tapi oge nunjukeun hiji karajinan nulis, logis, 
tarapti, pinuh ku referensi. Asa jiga  kuliah di pasca sarjana.

Tah, balik ka 'Strategi Budaya Baduy' kula inget kana Van Peursen anu nulis 
buku 
Strategi Budaya nu diterbitkeun Yayasan Kanisius.  Keur SMA kula diinjeuman 
buku 
eta ku mantena Popo Iskandar, dosen IKIP Bandung (UPI ayeunamah), Budayawan 
oge. 
Hanjakal basa harita kula karek diuk di bangku SMA, sanajan beak bulak balik 
buku eta di baca, kula tetep teu ngarti. Sampe ka ayeuna. Poho naon nu ditulis 
ku Van Peursen. Kiwari lungak-longok di gramedia neangan eta buku, can manggih 
deui. Maksudna rek di baca deui, sugan ngarti ayeunamah.

Kula curiga, yen memang Baduy boga Strategi Budaya. Conto-contona, dina buku 
Biarkan Baduy Bicara, Ayah Mursid negeskeun yen Pu'un Baduy teu ngalarang 
sacara 
individu barudak teh asup sakola, tapi ceunah, hampura ka dulur-dulur teu bisa 
nyieun sakola di wewengkon Baduy sabab dilarang Adat. Ceuk bahasa Banten, 
kumaha 
kaka mah, ongkoh beunang sakola, tapi teu beunang nyieun sakola.   Tah kitu 
hebatna Baduy, sampe mentri pendidikan 'teu wasa' nyieun sakola di wewenglon 
baduy. Padahal warga usia sekolah di Baduy ayeuna geus lewih ti 2.900 (Biarkan 
Baduy Bicara, kaca 72).

Masalah pamarentahan geh beda jeung desa sejena di Banten. Nu ngarana kapala 
desa eta di sakuliah Banten dipilih ku warga. Di Kanekes mah sejen, di ajukeun 
ku kokolot masing-masing kampung ka Pu'un. Di endorse ku Pu'un, karak di 
ajukeun 
ka Bupati Lebak seunah diangkat. Luar Biasa! Strukturna geh nu ngaranan Jaro 
Pamarentah, (ayeuna dijabat jaro Daina) jauh aya dihandapeun Pu'un..pang 
handapna sanggeus Jaro Tujuh/Jaro Dangka.

Masalah teritori. Sok teangan di Banten atawa di Jawa (Barat) , moal aya 
wilayah 
desa dipatok ku beton. Paling oge tetenger tangkal nangka. Ari Baduy mah di 
patok beton, wilayahna eces jentre di Perdakeun ku Kabupaten Lebak. Urang luar 
sanajan sakumaha sugihna, teu bisa meuli tanah di wewengkon Baduy, tapi 
sabalikna urang Baduy bisa  meuli tanah di luar Baduy. Kamari keneh tanahna 
nambahan 60 hektar. Sugih geuning eta Baduy. Luar Biasa!

Masalah pangan, pare huma nu ku urang Baduy di panen teu beunang di jual 
kaluar. 
Tapi maranehanan ngajual madu, cau, kadu, kayu jengjeng, golok, batik baduy, 
tuluy daharna meuli beas 'impor.' Leuitna pinuh ku pare. Bahkan, ceuk hiji 
beja, 
aya nu geus mangratus tahun, tapi kwalitas parena teu bulukan jiga pare raskin. 
Ceuk nu bohong mah, sanajan alam mere bencana halodo lima belas taun, urang 
Baduy moal kalaparan (paling geh kahausan), sabab deposit parena cukup jang 
konsumsi 15 tahun jeung sakabeh warga Baduy. Luar biasa!.

Masalah moral-etika, ieu bener-bener dijaga lan efektif. Di wewengkon Baduy mun 
aya pos polisi, dina papan tulis statistik kajahatanana pasti O (NOL GEDE). Teu 
aya nu ngarana Juvenil Deliquency, geng motor jiga di Bandung jeung sajabana. 
Ngurus sabelas rebu jiwa lain hal nu gampang, komo tamah jang masyarakat nu 
cenah  'primitive.'  Bentangan wilayah 7km persegi nu teu aya jalan mobil, teu 
aya telegram, tangtu lain hal nu gampang jang ngoordinasikeun jalur komando. 
Teu 
aya institiusi sakola jang marapatkeun ajaran moral. Tapi moralitas diturunkeun 
lewat genetik tiap-tiap budak Baduy, (Olenka Gayatri, The Mystic Heredity .)lan 
dongeng-dongeng nu dituturkeun ku 'ambu' bari ngaeong-eong gung anak-anak Baduy.

Tos lah heula sanes waktos disambung,
Ongkarana Sangtabean, Pukulun Sembah Rahayu
nu bolong tong dirorojok, mun ngarojok tong kanu bolong


 

Kirim email ke