ayeuna mah nuju di warnet; tapi sanes warnet nu biasa; da tutup cenah; jadi tada dipaparah ngetikna da loba keyboard nu kahapus hurufna
--- In [email protected], "Ii Sumirat" <sumirat@...> wrote: > > Waduh bah aa eta pln make acara pareum listrik deui wae,,, bah aa nuju dimana > ieu teh. Jadi we melag. > > > > Ii Sumirat > > > > From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of > Abbas Amin > Sent: Sunday, June 05, 2011 9:38 AM > To: kisunda; urangsunda > Cc: Nurkadi; Ii Sumirat; Sam Soemadipradja; Aldo Desatura ⢠> Subject: [kisunda] Bharata Yudha ka-49 > > > > > > > > Mudah2an teu lepat deui > > Balik deui ayeuna ka na peperngan Gatotkacha ngalawan 4 Butha nu Karna tea. > Ayeuna dua Denawa teh kantun dua deui, nya eta Lembusana sareng Kala Murka; > ieu nu dua butha jelas pisan ningali Kasakten Gatotkacha sareng > kadigjayanana; duanana ngarasa miris sareng ngarasa moal kuat ngalawan > Gatotkacha. Tapi dalah dikumaha, maranehna geus keuna sumpah/jangji ku > Bhatara Surya pikeun ngabantu Karna. Duanana maju meh bareng maju ngoroyok > Gatotkacha; susuganan bisa ngalayanan Gatotkacha ari ku duaan mah, cenah. > > Gatotkacha tos buringas pisan, ningal dua butha maju rek nyerang; ngahaja > Gatotkacha nubruk ka eta dua Butha; atuh tilu Butha teh diadu ! Hiji ngalawan > dua ! Malah nu dua Butha nu kawon, Lembusana, sareng Kala Murka duanana > tingjolongjong tijengkang tigugulitik. Barang duanana rek harudang, > Gatotkacha lir kilat tos nyerang, bari teu kaburu dicingcetkeun; Lembusana > katampiling, mani aduh2an; ari Kala Murka ditajong nepi ka tigugulitik. > > Gatotkacha muru Kala Murka, didengkek, saterusna huluna ngaplek. > > Lembusana maksakeun maneh hudang, bari ayeuna mah mawa gegendir; terus > dibabukkeun ka Gatotkacha. Nepi ka ngebul eta gada keuna ka na sirah > Gatotkacha. > Gatotkacha teu rengrot2 acan. Lembusana kacida reuwasna, sabab eta gada atawa > gegendir teh, WESI KUNING nu kasohor tea. Ngahuleng Lembusana; ku reuwas > jeung gimir; keur kitu teh eta gada ditongtak gu Gatotkacha; teras > dibalangkeun tebih pisan. > > Lembusana ngadegdeg ku sieun2na; Gatotkacha kaciri ngabarkeun dampal > tengenna; atuh mani sieuneun pisan Lembusana, lantaran tampiling nu tadi ge > masih karasa keneh panas jeung nyerina; jeungna deui saluar awak karasa > lungse teu aya daya. Ieu Lembusana teh diantara nu opat, minangka pang > saktina; nu matak nepi ka ayeuna masih kuat nangtung keneh. Tapi barang > Gatotkacha ngacungkeun dampalna, siga rek nampiling deui, > > TIDIEU TEH MASIH LOBA TAMBAHANANA; TAPI KABURU KAPEGAT KU pln PAREUM > NGADADAK; ATUH KAPOTONG NGAN UKUR NEPI KA DINYA, TAH ATUH DIKIRIM WE NUIE > ENGKE DITERUSKEUN DEUI > > HANCA > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
