Hehehe, Gatotgaca ngalawan Dahlan Iskan tah?

2011/6/5 <[email protected]>

>
>
> Ambuiing kasakten gatotkacha eleh ku pln hehehehe
>
> Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung
> Teruuusss...!
> ------------------------------
> *From: * Abbas Amin <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Sun, 5 Jun 2011 10:38:01 +0800 (SGT)
> *To: *kisunda<[email protected]>; urangsunda<
> [email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Cc: *Nurkadi<[email protected]>; Ii Sumirat<
> [email protected]>; Sam Soemadipradja<
> [email protected]>; Aldo Desatura ™<[email protected]>
> *Subject: *[kisunda] Bharata Yudha ka-49
>
>
>
> Mudah2an teu lepat deui
>
> Balik deui ayeuna ka na peperngan Gatotkacha ngalawan 4 Butha nu Karna tea.
> Ayeuna dua Denawa teh kantun dua deui, nya eta Lembusana sareng Kala Murka;
> ieu nu dua butha jelas pisan ningali Kasakten Gatotkacha sareng
> kadigjayanana; duanana ngarasa miris sareng ngarasa moal kuat ngalawan
> Gatotkacha. Tapi dalah dikumaha, maranehna geus keuna sumpah/jangji ku
> Bhatara Surya pikeun ngabantu Karna. Duanana maju meh bareng maju ngoroyok
> Gatotkacha; susuganan bisa ngalayanan Gatotkacha ari ku duaan mah, cenah.
>
> Gatotkacha tos buringas pisan, ningal dua butha maju rek nyerang; ngahaja
> Gatotkacha nubruk ka eta dua Butha; atuh tilu Butha teh diadu ! Hiji
> ngalawan dua ! Malah nu dua Butha nu kawon, Lembusana, sareng Kala Murka
> duanana tingjolongjong tijengkang tigugulitik. Barang duanana rek harudang,
> Gatotkacha lir kilat tos nyerang, bari teu kaburu dicingcetkeun; Lembusana
> katampiling, mani aduh2an; ari Kala Murka ditajong nepi ka tigugulitik.
>
> Gatotkacha muru Kala Murka, didengkek, saterusna huluna ngaplek.
>
> Lembusana maksakeun maneh hudang, bari ayeuna mah mawa gegendir; terus
> dibabukkeun ka Gatotkacha. Nepi ka ngebul eta gada keuna ka na sirah
> Gatotkacha.
> Gatotkacha teu rengrot2 acan. Lembusana kacida reuwasna, sabab eta gada
> atawa gegendir teh, WESI KUNING nu kasohor tea. Ngahuleng Lembusana; ku
> reuwas jeung gimir; keur kitu teh eta gada ditongtak gu Gatotkacha; teras
> dibalangkeun tebih pisan.
>
> Lembusana ngadegdeg ku sieun2na; Gatotkacha kaciri ngabarkeun dampal
> tengenna; atuh mani sieuneun pisan Lembusana, lantaran tampiling nu tadi ge
> masih karasa keneh panas jeung nyerina; jeungna deui saluar awak karasa
> lungse teu aya daya. Ieu Lembusana teh diantara nu opat, minangka pang
> saktina; nu matak nepi ka ayeuna masih kuat nangtung keneh. Tapi barang
> Gatotkacha ngacungkeun dampalna, siga rek nampiling deui,
>
> TIDIEU TEH MASIH LOBA TAMBAHANANA; TAPI KABURU KAPEGAT KU pln PAREUM
> NGADADAK; ATUH KAPOTONG NGAN UKUR NEPI KA DINYA, TAH ATUH DIKIRIM WE NUIE
> ENGKE DITERUSKEUN DEUI
>
> HANCA
>

Kirim email ke