Mudah2an teu lepat deui

Balik deui ayeuna ka na peperngan Gatotkacha ngalawan 4 Butha nu Karna tea.
Ayeuna dua Denawa teh kantun dua deui, nya eta Lembusana sareng Kala Murka; ieu 
nu dua butha jelas pisan ningali Kasakten Gatotkacha sareng kadigjayanana; 
duanana ngarasa miris sareng ngarasa moal kuat ngalawan Gatotkacha. Tapi dalah 
dikumaha, maranehna geus keuna sumpah/jangji ku Bhatara Surya pikeun ngabantu 
Karna. Duanana maju meh bareng maju ngoroyok Gatotkacha; susuganan bisa 
ngalayanan Gatotkacha ari ku duaan mah, cenah. 

Gatotkacha tos buringas pisan, ningal dua butha maju rek nyerang; ngahaja 
Gatotkacha nubruk ka eta dua Butha; atuh tilu Butha teh diadu ! Hiji ngalawan 
dua ! Malah nu dua Butha nu kawon, Lembusana, sareng Kala Murka duanana 
tingjolongjong tijengkang
 tigugulitik. Barang duanana rek harudang, Gatotkacha lir kilat tos nyerang, 
bari teu kaburu dicingcetkeun; Lembusana katampiling, mani aduh2an; ari Kala 
Murka ditajong nepi ka tigugulitik.

Gatotkacha muru Kala Murka, didengkek, saterusna huluna ngaplek.

Lembusana maksakeun maneh hudang, bari ayeuna mah mawa gegendir; terus 
dibabukkeun ka Gatotkacha. Nepi ka ngebul eta gada keuna ka na sirah Gatotkacha.
Gatotkacha teu rengrot2 acan. Lembusana kacida reuwasna, sabab eta gada atawa 
gegendir teh, WESI KUNING nu kasohor tea. Ngahuleng Lembusana; ku reuwas jeung 
gimir; keur kitu teh eta gada ditongtak gu Gatotkacha; teras dibalangkeun tebih 
pisan.

Lembusana ngadegdeg ku sieun2na; Gatotkacha kaciri ngabarkeun dampal tengenna; 
atuh mani sieuneun pisan Lembusana, lantaran tampiling nu tadi ge masih karasa 
keneh panas jeung nyerina; jeungna deui saluar awak karasa lungse teu aya daya. 
Ieu Lembusana teh diantara nu opat, minangka pang
 saktina; nu matak nepi ka ayeuna masih kuat nangtung keneh. Tapi barang 
Gatotkacha ngacungkeun dampalna, siga rek nampiling deui, 

TIDIEU TEH MASIH LOBA TAMBAHANANA; TAPI KABURU KAPEGAT KU pln PAREUM NGADADAK; 
ATUH KAPOTONG NGAN UKUR NEPI KA DINYA, TAH ATUH DIKIRIM WE NUIE ENGKE 
DITERUSKEUN DEUI

HANCA

Kirim email ke