kasuhun; nuhun pisan
--- In [email protected], "Yeni Kurniatin" <bioeti@...> wrote:
>
> Nu maca haripeut milari cempor...
> Salam baktos ti pamudikan
> Powered by Telkomsel BlackBerry®mun mayar nyambung mun teu mayar ngaleos
>
> -----Original Message-----
> From: enjebe@...
> Sender: [email protected]
> Date: Sun, 5 Jun 2011 02:42:42
> To: <[email protected]>
> Reply-To: [email protected]
> Subject: Re: [kisunda] Bharata Yudha ka-49
>
> Ambuiing kasakten gatotkacha eleh ku pln hehehehe
> Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung
> Teruuusss...!
>
> -----Original Message-----
> From: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Sender: [email protected]
> Date: Sun, 5 Jun 2011 10:38:01
> To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
> Reply-To: [email protected]
> Cc: Nurkadi<Nurkadi@...>; Ii Sumirat<sumirat@...>; Sam
> Soemadipradja<sam_soemadipradja@...>; Aldo Desatura â¢<hanjakal@...>
> Subject: [kisunda] Bharata Yudha ka-49
>
> Mudah2an teu lepat deui
>
> Balik deui ayeuna ka na peperngan Gatotkacha ngalawan 4 Butha nu Karna tea.
> Ayeuna dua Denawa teh kantun dua deui, nya eta Lembusana sareng Kala Murka;
> ieu nu dua butha jelas pisan ningali Kasakten Gatotkacha sareng
> kadigjayanana; duanana ngarasa miris sareng ngarasa moal kuat ngalawan
> Gatotkacha. Tapi dalah dikumaha, maranehna geus keuna sumpah/jangji ku
> Bhatara Surya pikeun ngabantu Karna. Duanana maju meh bareng maju ngoroyok
> Gatotkacha; susuganan bisa ngalayanan Gatotkacha ari ku duaan mah, cenah.
>
> Gatotkacha tos buringas pisan, ningal dua butha maju rek nyerang; ngahaja
> Gatotkacha nubruk ka eta dua Butha; atuh tilu Butha teh diadu ! Hiji ngalawan
> dua ! Malah nu dua Butha nu kawon, Lembusana, sareng Kala Murka duanana
> tingjolongjong tijengkang
> tigugulitik. Barang duanana rek harudang, Gatotkacha lir kilat tos nyerang,
> bari teu kaburu dicingcetkeun; Lembusana katampiling, mani aduh2an; ari Kala
> Murka ditajong nepi ka tigugulitik.
>
> Gatotkacha muru Kala Murka, didengkek, saterusna huluna ngaplek.
>
> Lembusana maksakeun maneh hudang, bari ayeuna mah mawa gegendir; terus
> dibabukkeun ka Gatotkacha. Nepi ka ngebul eta gada keuna ka na sirah
> Gatotkacha.
> Gatotkacha teu rengrot2 acan. Lembusana kacida reuwasna, sabab eta gada atawa
> gegendir teh, WESI KUNING nu kasohor tea. Ngahuleng Lembusana; ku reuwas
> jeung gimir; keur kitu teh eta gada ditongtak gu Gatotkacha; teras
> dibalangkeun tebih pisan.
>
> Lembusana ngadegdeg ku sieun2na; Gatotkacha kaciri ngabarkeun dampal
> tengenna; atuh mani sieuneun pisan Lembusana, lantaran tampiling nu tadi ge
> masih karasa keneh panas jeung nyerina; jeungna deui saluar awak karasa
> lungse teu aya daya. Ieu Lembusana teh diantara nu opat, minangka pang
> saktina; nu matak nepi ka ayeuna masih kuat nangtung keneh. Tapi barang
> Gatotkacha ngacungkeun dampalna, siga rek nampiling deui,
>
> TIDIEU TEH MASIH LOBA TAMBAHANANA; TAPI KABURU KAPEGAT KU pln PAREUM
> NGADADAK; ATUH KAPOTONG NGAN UKUR NEPI KA DINYA, TAH ATUH DIKIRIM WE NUIE
> ENGKE DITERUSKEUN DEUI
>
> HANCA
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/