Lamun nilik alur jurus ngadongengna, jiga jurus nu dipake ku pangarang buku
"Rusdi jeung Misnem". Carita dimimitian ku "rajah pamuka" minangka introna.
Ditataan hiji-hiji nu boga lalakonna. Ieu carita duka carita asli kreasi
Bah AA, atawa adopsi tina buku bulukan.

Lajengkeun!


2011/11/24 Abbas Amin <[email protected]>

> **
>
>
>
> Episode ka - 3 Sarwa
>
>
> Barang bus eta jelema ujug2 gantawang we:”Eh Jalma tong molor wae maneh
> teh! hudang siah bantuan dewek rek ngalatih kuda.”
>
> Jalma tigugurubug hudang, ari nu ngagantawang teh Sarwa lanceukna Sari.
> Umur Sarwa teh kira2 saluhureun jalma; manehna nyahoeun yen ieu “bujang”
> teh dipikanyaah pisan ku Ki Sarlita bapana; ari aya bapana mah teu wanieun
> Sarwa tutah titah ka Jalma; da kungsi dipolototan ku bapana; manehna heran
> oge ku naon bapana bet siga nyaah pisan ka Si Jalma; padahal urang kampung
> bau lisung kitu. Tah ayeuna siah ku aing bakal diwarah; kitu pikiran ki
> Sarwa. Sarwa teu apaleun naon sababna Jalma aya di imahna; da Ki Sarlita
> tara curuta carita soal Jalma; malah mah Jalma wanti2 ka Ki Sarlita ulah
> ngadongengkeun masalah Jalma ngusir begal tilu. Nya atuh nepi ka ayeuna ge
> lebeng we teu aya nu apaleun naon sababna Jalma aya di dinya.
>
> Jalma sanggeus hudang, terus nyarita:”Bade aya piKEURsaeun naeun gan !?”
>
> Rada kaget oge Sarwa, ngadenge Jalma bisa rada lentong najan masih teugeug
> keneh oge.
>
> Terus deui Sarwa nyarita:”Eh tong lelemesan siah ! jaba salah maneh tadi
> ngomong teh. Lain pikeursaeun tapi kudu pikersaeun. Naon lain naeun ! Ti
> saha maneh diajar lelentongan hah !?”
>
> Jalma :”Sumuhun, ti eta tuang rai, neng Sari.”
>
> Sarwa :”Naon !??? Cucungah siah wawanianan ngadeukeutan dunungan ! Kudu
> diwarah siah !”
>
> Jalma:”Naha teu kenging kuring nyaketan Neng Sari ?”
>
> Sarwa :”Nya teu meunang atuh. Awas mun katempo ilaing ngadeukeutan Sari,
> awas siah
>
> Jalma:”Ti ayeuna kuring jangji moal wani nyaketan Neng Sari.”
>
> Sarwa:” Awas siah. Tah ayeuna tuh bersihan Kuda Kaula. Awas ulah aya
> kokotor saeutik ge, Ngarti !?”
>
> Jalma terus kaluar; kasampak aya kuda beureum keur hihiem jeung tetejeh.
> Meureun keseleun. Eta kuda jangkung teh terus dituntun ku Jalma; kuda
> beureum hihiem bari ngajret siga nu teu resep ka Jalma. Jalma kucuwas
> kecewis sakeudeung, teu nyaho maca jangjawokan naon; tapi eta kuda beureum
> teh terus we nuturkeun mani lungguh, teu daekeun ngadat deui. Sarwa nu
> nyerangkeun ti kajauhan, heran oge padahal si beureum ari lain ku Sarwa  jeung
> nu sok meresihan si beureum mah, tara daekeun ku sasaha ge; jelema2 di
> sakampung eta mah euweuh nu wanieun ka si beureun teh, sieun disepak atawa
> disogot; tapi ari ku si Jalma mah jiga lindeuk pisan eta si Beureum teh,
> padahal kahayang si Sarwa mah si Jalma kudu disepak. Manehna rada mentegeg,
> tapi nya teu bisa naon2. Akhirna kuda bersih pisan.
>
> Sarwa nyarita na hatena:” Paingan bapa aing mani nyaah pisan ka si Jalma
> ieu urang kampung bau lisung teh; pagaweanana nyata teu nguciwakeun.”
>
> Sarwa terus ngalungkeun sadel sapuratina bari nyentak:”Sok tah pasangkeun
> ! Ku Kula rek dipake ka tegal.”
>
> Jalma:”Mangga tapi kumaha carana ? Da kuring mah tara makekeun kuda,
> kulan.”
>
> Sarwa:”Ah dasar urang kampung euweuh kanyaho siah ! Tah yeuh deleh ku sia;
> carana; engke maneh kudu bisa sorangan nya ?!”
>
> Jalma ngan ukur sumuhun sumuhun we teu komentar naon2 deui.
>
> Isukna ku Sarwa dititah deui, bari na hatena pasti ayeuna aing bakal
> nyarekan laklak dasar tah ka ieu urang kampung teh. Tapi teu disangka
> sangka, ngan sakilat pakean kuda geus siap kalawan euweuh nu kaliwat hiji
> ge. Sarwa muji na hatena ka na kabisa Jalma; rada ngahargaan oge ayeuna mah
> ki Sarwa teh.
>
> Isukna waktu Jalma keur sasapu torojol aya tilu pamuda nanyakeun ki Sarwa,
> meureun bababaturanana; terus nu hiji nyarita ka Jalma :” Eh Jang, aya
> Sarwa ? bejakeun jung , uing kadieu kituh.”
>
> Sanggeus  nyebut mangga, leos wae Jalma kajero ngadeukeutan kamer tengah,
> kamarna Sarwa; ieu mah aya pantoan, kabeneraan dikonci deuih. Jalma rada
> deg2an, kumaha carana ngageroan si Sarwa, sieun ambek mun salah; ah tapi
> pan itu aya babaturanana; terus wae nyorowok :”Den Sarwa ! gugah Den………;
> can ge tamat Jalma nyarita, ari gaantawang teh Sarwa nyorowok ti kamar:”Aeh
> siah ! Cucungah siah wani2 ngahudangkeun Kaula ! awas siah ngaganggu deui ;
> ditampiling siah ku aing!”
>
>
> Hanca
>
>
>  
>

Kirim email ke