Hahahaha; da jadi jejer carita; aya raratanana nu matak dingranan Jalma teh; mangga geura teras we aos. Hehehehe
--- In [email protected], Irpan Rispandi <mr.rispandi@...> wrote: > > Bah Abas, > kuring rek usul, > ngaran jagona ulah JALMA atuh, asa gimanaaa gitu mun jalma mah. > meungpeung can jauh, ganti ngaranna. Misalna: Jaka atawa Santanu atawa > naon kitu, anu macho jeung kasep (siga kuring he..he..he...) > > > On 11/24/2011 11:14 AM, Abbas wrote: > > > > Karangan sorangan; tapi dipangaruhan ku rupa2 buku Silat > > kayaning boebengcoe; OKt; JIN YUNG SSTE > > ti leuleutik sok dirariung ku barudak sejen; nya eta > > NGADONGENG; sigana mah bakat tea. tapi hehehe teu jadi duit. > > > > --- In [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com>, Ki > > Hasan <khs579@> wrote: > > > > > > Lamun nilik alur jurus ngadongengna, jiga jurus nu dipake ku > > pangarang buku > > > "Rusdi jeung Misnem". Carita dimimitian ku "rajah pamuka" minangka > > introna. > > > Ditataan hiji-hiji nu boga lalakonna. Ieu carita duka carita asli kreasi > > > Bah AA, atawa adopsi tina buku bulukan. > > > > > > Lajengkeun! > > > > > > > > > 2011/11/24 Abbas Amin <abas_amin08@> > > > > > > > ** > > > > > > > > > > > > > > > > Episode ka - 3 Sarwa > > > > > > > > > > > > Barang bus eta jelema ujug2 gantawang we:âEUR?Eh Jalma tong molor > > wae maneh > > > > teh! hudang siah bantuan dewek rek ngalatih kuda.âEUR? > > > > > > > > Jalma tigugurubug hudang, ari nu ngagantawang teh Sarwa lanceukna > > Sari. > > > > Umur Sarwa teh kira2 saluhureun jalma; manehna nyahoeun yen ieu > > âEURoebujangâEUR? > > > > teh dipikanyaah pisan ku Ki Sarlita bapana; ari aya bapana mah teu > > wanieun > > > > Sarwa tutah titah ka Jalma; da kungsi dipolototan ku bapana; > > manehna heran > > > > oge ku naon bapana bet siga nyaah pisan ka Si Jalma; padahal urang > > kampung > > > > bau lisung kitu. Tah ayeuna siah ku aing bakal diwarah; kitu > > pikiran ki > > > > Sarwa. Sarwa teu apaleun naon sababna Jalma aya di imahna; da Ki > > Sarlita > > > > tara curuta carita soal Jalma; malah mah Jalma wanti2 ka Ki > > Sarlita ulah > > > > ngadongengkeun masalah Jalma ngusir begal tilu. Nya atuh nepi ka > > ayeuna ge > > > > lebeng we teu aya nu apaleun naon sababna Jalma aya di dinya. > > > > > > > > Jalma sanggeus hudang, terus nyarita:âEUR?Bade aya piKEURsaeun > > naeun gan !?âEUR? > > > > > > > > Rada kaget oge Sarwa, ngadenge Jalma bisa rada lentong najan masih > > teugeug > > > > keneh oge. > > > > > > > > Terus deui Sarwa nyarita:âEUR?Eh tong lelemesan siah ! jaba salah > > maneh tadi > > > > ngomong teh. Lain pikeursaeun tapi kudu pikersaeun. Naon lain > > naeun ! Ti > > > > saha maneh diajar lelentongan hah !?âEUR? > > > > > > > > Jalma :âEUR?Sumuhun, ti eta tuang rai, neng Sari.âEUR? > > > > > > > > Sarwa :âEUR?Naon !??? Cucungah siah wawanianan ngadeukeutan > > dunungan ! Kudu > > > > diwarah siah !âEUR? > > > > > > > > Jalma:âEUR?Naha teu kenging kuring nyaketan Neng Sari ?âEUR? > > > > > > > > Sarwa :âEUR?Nya teu meunang atuh. Awas mun katempo ilaing > > ngadeukeutan Sari, > > > > awas siah > > > > > > > > Jalma:âEUR?Ti ayeuna kuring jangji moal wani nyaketan Neng Sari.âEUR? > > > > > > > > Sarwa:âEUR? Awas siah. Tah ayeuna tuh bersihan Kuda Kaula. Awas > > ulah aya > > > > kokotor saeutik ge, Ngarti !?âEUR? > > > > > > > > Jalma terus kaluar; kasampak aya kuda beureum keur hihiem jeung > > tetejeh. > > > > Meureun keseleun. Eta kuda jangkung teh terus dituntun ku Jalma; kuda > > > > beureum hihiem bari ngajret siga nu teu resep ka Jalma. Jalma kucuwas > > > > kecewis sakeudeung, teu nyaho maca jangjawokan naon; tapi eta kuda > > beureum > > > > teh terus we nuturkeun mani lungguh, teu daekeun ngadat deui. Sarwa nu > > > > nyerangkeun ti kajauhan, heran oge padahal si beureum ari lain ku > > Sarwa jeung > > > > nu sok meresihan si beureum mah, tara daekeun ku sasaha ge; jelema2 di > > > > sakampung eta mah euweuh nu wanieun ka si beureun teh, sieun > > disepak atawa > > > > disogot; tapi ari ku si Jalma mah jiga lindeuk pisan eta si > > Beureum teh, > > > > padahal kahayang si Sarwa mah si Jalma kudu disepak. Manehna rada > > mentegeg, > > > > tapi nya teu bisa naon2. Akhirna kuda bersih pisan. > > > > > > > > Sarwa nyarita na hatena:âEUR? Paingan bapa aing mani nyaah pisan > > ka si Jalma > > > > ieu urang kampung bau lisung teh; pagaweanana nyata teu > > nguciwakeun.âEUR? > > > > > > > > Sarwa terus ngalungkeun sadel sapuratina bari nyentak:âEUR?Sok tah > > pasangkeun > > > > ! Ku Kula rek dipake ka tegal.âEUR? > > > > > > > > Jalma:âEUR?Mangga tapi kumaha carana ? Da kuring mah tara makekeun > > kuda, > > > > kulan.âEUR? > > > > > > > > Sarwa:âEUR?Ah dasar urang kampung euweuh kanyaho siah ! Tah yeuh > > deleh ku sia; > > > > carana; engke maneh kudu bisa sorangan nya ?!âEUR? > > > > > > > > Jalma ngan ukur sumuhun sumuhun we teu komentar naon2 deui. > > > > > > > > Isukna ku Sarwa dititah deui, bari na hatena pasti ayeuna aing bakal > > > > nyarekan laklak dasar tah ka ieu urang kampung teh. Tapi teu disangka > > > > sangka, ngan sakilat pakean kuda geus siap kalawan euweuh nu > > kaliwat hiji > > > > ge. Sarwa muji na hatena ka na kabisa Jalma; rada ngahargaan oge > > ayeuna mah > > > > ki Sarwa teh. > > > > > > > > Isukna waktu Jalma keur sasapu torojol aya tilu pamuda nanyakeun > > ki Sarwa, > > > > meureun bababaturanana; terus nu hiji nyarita ka Jalma :âEUR? Eh > > Jang, aya > > > > Sarwa ? bejakeun jung , uing kadieu kituh.âEUR? > > > > > > > > Sanggeus nyebut mangga, leos wae Jalma kajero ngadeukeutan kamer > > tengah, > > > > kamarna Sarwa; ieu mah aya pantoan, kabeneraan dikonci deuih. > > Jalma rada > > > > deg2an, kumaha carana ngageroan si Sarwa, sieun ambek mun salah; > > ah tapi > > > > pan itu aya babaturanana; terus wae nyorowok :âEUR?Den Sarwa ! > > gugah DenâEUR¦âEUR¦âEUR¦; > > > > can ge tamat Jalma nyarita, ari gaantawang teh Sarwa nyorowok ti > > kamar:âEUR?Aeh > > > > siah ! Cucungah siah wani2 ngahudangkeun Kaula ! awas siah > > ngaganggu deui ; > > > > ditampiling siah ku aing!âEUR? > > > > > > > > > > > > Hanca > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > __._, > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
