Hehehe. Wilujeng lah Bah AA. Bae teu jadi duit ge. Atawa acan jadi duit, sugan. Pikeun jadi pangarang 'moyan' teh tangtuna ge kudu mindeng moe tonggong unggal isuk. Hehehe. Tah mun geus moyan mah, moal kamana hasilna. Memeh moyan mah, sing mindeng we ngarangna.
Pakait jeung udagan hayang ngalarapkeun ugeran basa nu 'bener' tea. Media karangan jiga kieu bisa dijadikeun jalan, nu sacara teu langsung ngawanohkeun ka nu maca, nu jiga kumaha basa nu 'bener' teh. Mun ceuk karuhun mah cenah ieu teh jurus ngabejaan tanpa ngagurui tea. Jadi moal aya respon reaktif ka nu ngabejaanana. 2011/11/24 Abbas <[email protected]> > ** > > > Karangan sorangan; tapi dipangaruhan ku rupa2 buku Silat > kayaning boebengcoe; OKt; JIN YUNG SSTE > ti leuleutik sok dirariung ku barudak sejen; nya eta > NGADONGENG; sigana mah bakat tea. tapi hehehe teu jadi duit. > > > --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: > > > > Lamun nilik alur jurus ngadongengna, jiga jurus nu dipake ku pangarang > buku > > "Rusdi jeung Misnem". Carita dimimitian ku "rajah pamuka" minangka > introna. > > Ditataan hiji-hiji nu boga lalakonna. Ieu carita duka carita asli kreasi > > Bah AA, atawa adopsi tina buku bulukan. > > > > Lajengkeun! > > > > > > 2011/11/24 Abbas Amin <abas_amin08@...> > > > > > ** > > > > > > > > > > > > > Episode ka - 3 Sarwa > > > > > > > > > Barang bus eta jelema ujug2 gantawang we:†Eh Jalma tong molor wae > maneh > > > teh! hudang siah bantuan dewek rek ngalatih kuda.†> > > > > > Jalma tigugurubug hudang, ari nu ngagantawang teh Sarwa lanceukna Sari. > > > Umur Sarwa teh kira2 saluhureun jalma; manehna nyahoeun yen ieu > “bujang†> > > teh dipikanyaah pisan ku Ki Sarlita bapana; ari aya bapana mah teu > wanieun > > > Sarwa tutah titah ka Jalma; da kungsi dipolototan ku bapana; manehna > heran > > > oge ku naon bapana bet siga nyaah pisan ka Si Jalma; padahal urang > kampung > > > bau lisung kitu. Tah ayeuna siah ku aing bakal diwarah; kitu pikiran ki > > > Sarwa. Sarwa teu apaleun naon sababna Jalma aya di imahna; da Ki > Sarlita > > > tara curuta carita soal Jalma; malah mah Jalma wanti2 ka Ki Sarlita > ulah > > > ngadongengkeun masalah Jalma ngusir begal tilu. Nya atuh nepi ka > ayeuna ge > > > lebeng we teu aya nu apaleun naon sababna Jalma aya di dinya. > > > > > > Jalma sanggeus hudang, terus nyarita:†Bade aya piKEURsaeun naeun gan > !?†> > > > > > Rada kaget oge Sarwa, ngadenge Jalma bisa rada lentong najan masih > teugeug > > > keneh oge. > > > > > > Terus deui Sarwa nyarita:†Eh tong lelemesan siah ! jaba salah maneh > tadi > > > > ngomong teh. Lain pikeursaeun tapi kudu pikersaeun. Naon lain naeun ! > Ti > > > saha maneh diajar lelentongan hah !?†> > > > > > Jalma :†Sumuhun, ti eta tuang rai, neng Sari.†> > > > > > Sarwa :†Naon !??? Cucungah siah wawanianan ngadeukeutan dunungan ! > Kudu > > > diwarah siah !†> > > > > > Jalma:†Naha teu kenging kuring nyaketan Neng Sari ?†> > > > > > Sarwa :†Nya teu meunang atuh. Awas mun katempo ilaing ngadeukeutan > Sari, > > > awas siah > > > > > > Jalma:†Ti ayeuna kuring jangji moal wani nyaketan Neng Sari.†> > > > > > Sarwa:†Awas siah. Tah ayeuna tuh bersihan Kuda Kaula. Awas ulah aya > > > kokotor saeutik ge, Ngarti !?†> > > > > > Jalma terus kaluar; kasampak aya kuda beureum keur hihiem jeung > tetejeh. > > > Meureun keseleun. Eta kuda jangkung teh terus dituntun ku Jalma; kuda > > > beureum hihiem bari ngajret siga nu teu resep ka Jalma. Jalma kucuwas > > > kecewis sakeudeung, teu nyaho maca jangjawokan naon; tapi eta kuda > beureum > > > teh terus we nuturkeun mani lungguh, teu daekeun ngadat deui. Sarwa nu > > > nyerangkeun ti kajauhan, heran oge padahal si beureum ari lain ku > Sarwa jeung > > > nu sok meresihan si beureum mah, tara daekeun ku sasaha ge; jelema2 di > > > sakampung eta mah euweuh nu wanieun ka si beureun teh, sieun disepak > atawa > > > disogot; tapi ari ku si Jalma mah jiga lindeuk pisan eta si Beureum > teh, > > > padahal kahayang si Sarwa mah si Jalma kudu disepak. Manehna rada > mentegeg, > > > tapi nya teu bisa naon2. Akhirna kuda bersih pisan. > > > > > > Sarwa nyarita na hatena:†Paingan bapa aing mani nyaah pisan ka si > Jalma > > > ieu urang kampung bau lisung teh; pagaweanana nyata teu nguciwakeun.†> > > > > > Sarwa terus ngalungkeun sadel sapuratina bari nyentak:†Sok tah > pasangkeun > > > ! Ku Kula rek dipake ka tegal.†> > > > > > Jalma:†Mangga tapi kumaha carana ? Da kuring mah tara makekeun kuda, > > > kulan.†> > > > > > Sarwa:†Ah dasar urang kampung euweuh kanyaho siah ! Tah yeuh deleh > ku sia; > > > carana; engke maneh kudu bisa sorangan nya ?!†> > > > > > Jalma ngan ukur sumuhun sumuhun we teu komentar naon2 deui. > > > > > > Isukna ku Sarwa dititah deui, bari na hatena pasti ayeuna aing bakal > > > nyarekan laklak dasar tah ka ieu urang kampung teh. Tapi teu disangka > > > sangka, ngan sakilat pakean kuda geus siap kalawan euweuh nu kaliwat > hiji > > > ge. Sarwa muji na hatena ka na kabisa Jalma; rada ngahargaan oge > ayeuna mah > > > ki Sarwa teh. > > > > > > Isukna waktu Jalma keur sasapu torojol aya tilu pamuda nanyakeun ki > Sarwa, > > > meureun bababaturanana; terus nu hiji nyarita ka Jalma :†Eh Jang, aya > > > Sarwa ? bejakeun jung , uing kadieu kituh.†> > > > > > Sanggeus nyebut mangga, leos wae Jalma kajero ngadeukeutan kamer > tengah, > > > kamarna Sarwa; ieu mah aya pantoan, kabeneraan dikonci deuih. Jalma > rada > > > deg2an, kumaha carana ngageroan si Sarwa, sieun ambek mun salah; ah > tapi > > > pan itu aya babaturanana; terus wae nyorowok :†Den Sarwa ! gugah > Den………; > > > can ge tamat Jalma nyarita, ari gaantawang teh Sarwa nyorowok ti > kamar:†Aeh > > > > siah ! Cucungah siah wani2 ngahudangkeun Kaula ! awas siah ngaganggu > deui ; > > > ditampiling siah ku aing!†> > > > > > > > > Hanca > > > > > > > > > > > > > > > > >
