Bah Abas,
kuring rek usul,
ngaran jagona ulah JALMA atuh, asa gimanaaa gitu mun jalma mah.
meungpeung can jauh, ganti ngaranna. Misalna: Jaka atawa Santanu atawa naon kitu, anu macho jeung kasep (siga kuring he..he..he...)


On 11/24/2011 11:14 AM, Abbas wrote:

Karangan sorangan; tapi dipangaruhan ku rupa2 buku Silat
kayaning boebengcoe; OKt; JIN YUNG SSTE
ti leuleutik sok dirariung ku barudak sejen; nya eta
NGADONGENG; sigana mah bakat tea. tapi hehehe teu jadi duit.

--- In [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com>, Ki Hasan <khs579@...> wrote:
>
> Lamun nilik alur jurus ngadongengna, jiga jurus nu dipake ku pangarang buku > "Rusdi jeung Misnem". Carita dimimitian ku "rajah pamuka" minangka introna.
> Ditataan hiji-hiji nu boga lalakonna. Ieu carita duka carita asli kreasi
> Bah AA, atawa adopsi tina buku bulukan.
>
> Lajengkeun!
>
>
> 2011/11/24 Abbas Amin <abas_amin08@...>
>
> > **
> >
> >
> >
> > Episode ka - 3 Sarwa
> >
> >
> > Barang bus eta jelema ujug2 gantawang we:âEUR?Eh Jalma tong molor wae maneh
> > teh! hudang siah bantuan dewek rek ngalatih kuda.âEUR?
> >
> > Jalma tigugurubug hudang, ari nu ngagantawang teh Sarwa lanceukna Sari. > > Umur Sarwa teh kira2 saluhureun jalma; manehna nyahoeun yen ieu âEURoebujangâEUR? > > teh dipikanyaah pisan ku Ki Sarlita bapana; ari aya bapana mah teu wanieun > > Sarwa tutah titah ka Jalma; da kungsi dipolototan ku bapana; manehna heran > > oge ku naon bapana bet siga nyaah pisan ka Si Jalma; padahal urang kampung > > bau lisung kitu. Tah ayeuna siah ku aing bakal diwarah; kitu pikiran ki > > Sarwa. Sarwa teu apaleun naon sababna Jalma aya di imahna; da Ki Sarlita > > tara curuta carita soal Jalma; malah mah Jalma wanti2 ka Ki Sarlita ulah > > ngadongengkeun masalah Jalma ngusir begal tilu. Nya atuh nepi ka ayeuna ge
> > lebeng we teu aya nu apaleun naon sababna Jalma aya di dinya.
> >
> > Jalma sanggeus hudang, terus nyarita:âEUR?Bade aya piKEURsaeun naeun gan !?âEUR?
> >
> > Rada kaget oge Sarwa, ngadenge Jalma bisa rada lentong najan masih teugeug
> > keneh oge.
> >
> > Terus deui Sarwa nyarita:âEUR?Eh tong lelemesan siah ! jaba salah maneh tadi > > ngomong teh. Lain pikeursaeun tapi kudu pikersaeun. Naon lain naeun ! Ti
> > saha maneh diajar lelentongan hah !?âEUR?
> >
> > Jalma :âEUR?Sumuhun, ti eta tuang rai, neng Sari.âEUR?
> >
> > Sarwa :âEUR?Naon !??? Cucungah siah wawanianan ngadeukeutan dunungan ! Kudu
> > diwarah siah !âEUR?
> >
> > Jalma:âEUR?Naha teu kenging kuring nyaketan Neng Sari ?âEUR?
> >
> > Sarwa :âEUR?Nya teu meunang atuh. Awas mun katempo ilaing ngadeukeutan Sari,
> > awas siah
> >
> > Jalma:âEUR?Ti ayeuna kuring jangji moal wani nyaketan Neng Sari.âEUR?
> >
> > Sarwa:âEUR? Awas siah. Tah ayeuna tuh bersihan Kuda Kaula. Awas ulah aya
> > kokotor saeutik ge, Ngarti !?âEUR?
> >
> > Jalma terus kaluar; kasampak aya kuda beureum keur hihiem jeung tetejeh.
> > Meureun keseleun. Eta kuda jangkung teh terus dituntun ku Jalma; kuda
> > beureum hihiem bari ngajret siga nu teu resep ka Jalma. Jalma kucuwas
> > kecewis sakeudeung, teu nyaho maca jangjawokan naon; tapi eta kuda beureum
> > teh terus we nuturkeun mani lungguh, teu daekeun ngadat deui. Sarwa nu
> > nyerangkeun ti kajauhan, heran oge padahal si beureum ari lain ku Sarwa jeung
> > nu sok meresihan si beureum mah, tara daekeun ku sasaha ge; jelema2 di
> > sakampung eta mah euweuh nu wanieun ka si beureun teh, sieun disepak atawa > > disogot; tapi ari ku si Jalma mah jiga lindeuk pisan eta si Beureum teh, > > padahal kahayang si Sarwa mah si Jalma kudu disepak. Manehna rada mentegeg,
> > tapi nya teu bisa naon2. Akhirna kuda bersih pisan.
> >
> > Sarwa nyarita na hatena:âEUR? Paingan bapa aing mani nyaah pisan ka si Jalma > > ieu urang kampung bau lisung teh; pagaweanana nyata teu nguciwakeun.âEUR?
> >
> > Sarwa terus ngalungkeun sadel sapuratina bari nyentak:âEUR?Sok tah pasangkeun
> > ! Ku Kula rek dipake ka tegal.âEUR?
> >
> > Jalma:âEUR?Mangga tapi kumaha carana ? Da kuring mah tara makekeun kuda,
> > kulan.âEUR?
> >
> > Sarwa:âEUR?Ah dasar urang kampung euweuh kanyaho siah ! Tah yeuh deleh ku sia;
> > carana; engke maneh kudu bisa sorangan nya ?!âEUR?
> >
> > Jalma ngan ukur sumuhun sumuhun we teu komentar naon2 deui.
> >
> > Isukna ku Sarwa dititah deui, bari na hatena pasti ayeuna aing bakal
> > nyarekan laklak dasar tah ka ieu urang kampung teh. Tapi teu disangka
> > sangka, ngan sakilat pakean kuda geus siap kalawan euweuh nu kaliwat hiji > > ge. Sarwa muji na hatena ka na kabisa Jalma; rada ngahargaan oge ayeuna mah
> > ki Sarwa teh.
> >
> > Isukna waktu Jalma keur sasapu torojol aya tilu pamuda nanyakeun ki Sarwa, > > meureun bababaturanana; terus nu hiji nyarita ka Jalma :âEUR? Eh Jang, aya
> > Sarwa ? bejakeun jung , uing kadieu kituh.âEUR?
> >
> > Sanggeus nyebut mangga, leos wae Jalma kajero ngadeukeutan kamer tengah, > > kamarna Sarwa; ieu mah aya pantoan, kabeneraan dikonci deuih. Jalma rada > > deg2an, kumaha carana ngageroan si Sarwa, sieun ambek mun salah; ah tapi > > pan itu aya babaturanana; terus wae nyorowok :âEUR?Den Sarwa ! gugah DenâEUR¦âEUR¦âEUR¦; > > can ge tamat Jalma nyarita, ari gaantawang teh Sarwa nyorowok ti kamar:âEUR?Aeh > > siah ! Cucungah siah wani2 ngahudangkeun Kaula ! awas siah ngaganggu deui ;
> > ditampiling siah ku aing!âEUR?
> >
> >
> > Hanca
> >
> >
> >
> >
>

__._,

Kirim email ke