Hatur nuhun Ki Hasan..
Baktos
-Pun zya
Rampes™
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Ki Hasan <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Mon, 26 Dec 2011 16:41:35 
To: Ki Sunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Cc: Urang Sunda<[email protected]>; Baraya 
Sunda<[email protected]>
Subject: [kisunda] Fikmin - Gambar Parahu Dina Kikisik

Fikmin # Gambar Parahu Dina Kikisik #
Godi Suwarna

Puguh wé sono kacida. Geus puluhan taun téa. Kari-kari diparengkeun
tarepung deui dina malem taun baru. Ngariung di tempat nu teu weléh ngancik
dina panineungan. Pangandaran. "Waas, nya? Asa karék kamari!" ceuk Dikdik
sabot ngagambar écéng dina kikisik. "Manéh mah angger waé, Dik! Kasép!"
omong Riche bari tuluy ngagambar jamparing niruk écéng. Dikdik ukur
nyéréngéh sabot neruskeun hanca: gambar écéng jadi layar parahu. "Ari Si
Ajat teu dibéjaan?" Budi nanya. "Dibéjaan ku urang!" walon Yani. Der
ngarupat Si Ajat. Murid nu pangkuperna. Malem taun baru harita gé, basa rék
narumpak parahu, Si Éta mah kudu dipaksa. Sabot nu séjén galécok, Didik
anteng ngagambar parahu nu dikepung lambak. "Wah, geus subuh, yeuh!" Didik
mungkas obrolan sabada nganggeuskeun gambar. Saréréa ngalieuk ka béh wétan.
Balébat. "Taun hareup ngariung deui di dieu, nya?" ceuk Tuti. Saréréa
sapuk. Ti dinya, ujug-ujug lus-les. Ngariles. Balébat beuki ngempur,
ngahibaran gambar parahu nu tikalebuh.

Kirim email ke