Mangga wae, da uing tos sasadu ka nu ngarangna. Kang Godi Suwarna.
Sastrawan Sunda kawakan urang Ciamis.

2011/12/26 Mochamad Ziaulhaq® <[email protected]>

> **
>
>
> ** Siapp..
> Nyungkeun widina.. Di-copas.
> ::pun zya
> Rampes™
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Ki Hasan <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Mon, 26 Dec 2011 20:06:09 +0800
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Re: [kisunda] Fikmin - Gambar Parahu Dina Kikisik
>
>
>
> Conto hade, pikeun migunakeun basa Sunda dina tulisan.
>
> 2011/12/26 Mochamad Ziaulhaq® <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> ** Hatur nuhun Ki Hasan..
>> Baktos
>> -Pun zya
>> Rampes™
>> Powered by Telkomsel BlackBerry®
>> ------------------------------
>> *From: * Ki Hasan <[email protected]>
>> *Sender: * [email protected]
>> *Date: *Mon, 26 Dec 2011 16:41:35 +0800
>> *To: *Ki Sunda<[email protected]>
>> *ReplyTo: * [email protected]
>> *Cc: *Urang Sunda<[email protected]>; Baraya Sunda<
>> [email protected]>
>> *Subject: *[kisunda] Fikmin - Gambar Parahu Dina Kikisik
>>
>>
>>
>> Fikmin # Gambar Parahu Dina Kikisik #
>> Godi Suwarna
>>
>> Puguh wé sono kacida. Geus puluhan taun téa. Kari-kari diparengkeun
>> tarepung deui dina malem taun baru. Ngariung di tempat nu teu weléh ngancik
>> dina panineungan. Pangandaran. "Waas, nya? Asa karék kamari!" ceuk Dikdik
>> sabot ngagambar écéng dina kikisik. "Manéh mah angger waé, Dik! Kasép!"
>> omong Riche bari tuluy ngagambar jamparing niruk écéng. Dikdik ukur
>> nyéréngéh sabot neruskeun hanca: gambar écéng jadi layar parahu. "Ari Si
>> Ajat teu dibéjaan?" Budi nanya. "Dibéjaan ku urang!" walon Yani. Der
>> ngarupat Si Ajat. Murid nu pangkuperna. Malem taun baru harita gé, basa rék
>> narumpak parahu, Si Éta mah kudu dipaksa. Sabot nu séjén galécok, Didik
>> anteng ngagambar parahu nu dikepung lambak. "Wah, geus subuh, yeuh!" Didik
>> mungkas obrolan sabada nganggeuskeun gambar. Saréréa ngalieuk ka béh wétan.
>> Balébat. "Taun hareup ngariung deui di dieu, nya?" ceuk Tuti. Saréréa
>> sapuk. Ti dinya, ujug-ujug lus-les. Ngariles. Balébat beuki ngempur,
>> ngahibaran gambar parahu nu tikalebuh.
>>
>>
>   
>

Kirim email ke