Kumaha tah.. Abdi mah nembe tiasa insert we, atawa copas.. 
»ƗƗɐƗƗɐƗƗɐ~ƗƗɐƗƗɐƗƗɐ•»
::zya
Rampes™
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "Jelan" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Mon, 26 Dec 2011 14:57:27 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Re: Fikmin - Gambar Parahu Dina Kikisik

Ki, di kuring mah huruf 'e'- kelek teh jadi 'é'. Jadi rada hese macana, aya nu 
apal teu kumaha nyeting komputer supaya kaluar 'e' curek... 

--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
>
> Fikmin # Gambar Parahu Dina Kikisik #
> Godi Suwarna
> 
> Puguh wé sono kacida. Geus puluhan taun téa. Kari-kari diparengkeun
> tarepung deui dina malem taun baru. Ngariung di tempat nu teu weléh ngancik
> dina panineungan. Pangandaran. "Waas, nya? Asa karék kamari!" ceuk Dikdik
> sabot ngagambar écéng dina kikisik. "Manéh mah angger waé, Dik! Kasép!"
> omong Riche bari tuluy ngagambar jamparing niruk écéng. Dikdik ukur
> nyéréngéh sabot neruskeun hanca: gambar écéng jadi layar parahu. "Ari Si
> Ajat teu dibéjaan?" Budi nanya. "Dibéjaan ku urang!" walon Yani. Der
> ngarupat Si Ajat. Murid nu pangkuperna. Malem taun baru harita gé, basa rék
> narumpak parahu, Si Éta mah kudu dipaksa. Sabot nu séjén galécok, Didik
> anteng ngagambar parahu nu dikepung lambak. "Wah, geus subuh, yeuh!" Didik
> mungkas obrolan sabada nganggeuskeun gambar. Saréréa ngalieuk ka béh 
> wétan.
> Balébat. "Taun hareup ngariung deui di dieu, nya?" ceuk Tuti. Saréréa
> sapuk. Ti dinya, ujug-ujug lus-les. Ngariles. Balébat beuki ngempur,
> ngahibaran gambar parahu nu tikalebuh.
>



Kirim email ke