Toong: http://windows.microsoft.com/en-US/windows7/Change-the-system-locale
Aktifkeun character set unicode

2011/12/26 Jelan <[email protected]>

> **
>
>
> Ki, di kuring mah huruf 'e'- kelek teh jadi 'é'. Jadi rada hese macana,
> aya nu apal teu kumaha nyeting komputer supaya kaluar 'e' curek...
>
> --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
> >
> > Fikmin # Gambar Parahu Dina Kikisik #
> > Godi Suwarna
> >
> > Puguh wé sono kacida. Geus puluhan taun téa. Kari-kari diparengkeun
> > tarepung deui dina malem taun baru. Ngariung di tempat nu teu weléh
> ngancik
> > dina panineungan. Pangandaran. "Waas, nya? Asa karék kamari!" ceuk
> Dikdik
> > sabot ngagambar écéng dina kikisik. "Manéh mah angger waé, Dik!
> Kasép!"
> > omong Riche bari tuluy ngagambar jamparing niruk écéng. Dikdik ukur
> > nyéréngéh sabot neruskeun hanca: gambar écéng jadi layar parahu.
> "Ari Si
> > Ajat teu dibéjaan?" Budi nanya. "Dibéjaan ku urang!" walon Yani. Der
> > ngarupat Si Ajat. Murid nu pangkuperna. Malem taun baru harita gé, basa
> rék
> > narumpak parahu, Si Éta mah kudu dipaksa. Sabot nu séjén galécok,
> Didik
>
> > anteng ngagambar parahu nu dikepung lambak. "Wah, geus subuh, yeuh!"
> Didik
> > mungkas obrolan sabada nganggeuskeun gambar. Saréréa ngalieuk ka béh
> wétan.
> > Balébat. "Taun hareup ngariung deui di dieu, nya?" ceuk Tuti. Saréréa
> > sapuk. Ti dinya, ujug-ujug lus-les. Ngariles. Balébat beuki ngempur,
>
> > ngahibaran gambar parahu nu tikalebuh.
> >
>
>  
>

Kirim email ke