Kuring masih inget keneh waktu di SMA ( jadi can baheula2 teuing ); harita loudspeaker can aya; da eta khotib keur nyarita teh kadenge nepi ka Bagean blok luar; lain buruan; masjidna dibagi dua; hiji blok deukeut ka paimbaran; blok nu kadua diluar rada jauh ti paimbaran; eta mah biasana keur barudak. Tah sora khotib teh kadenge atra pisan.
Naon sababna ayeuna mah boro2 blok luar, jajaran ka lima di jero wae geus teu kadenge ! Eta lain ku sabab sora khotib jadi ngalaaunan, tapi ............... CEULI rebing teh geus "terkontaminaasi ku loud speaker ! Rupana mah teknologi canggih teh jadi masalah nya ? Baheula mah khotib embung mamake loudspeaker; diseungseurikeun ku luar ISLAM ( utamana Kristen ); yen Islam teu bisa nyalaraskeun diri jeung kamajuan jaman ! Eeeee ........... ayeuna urang Islam geus make malah diprotes, pedaah ngagandengan nu keur ngeunah2 ngarimpi ! Memang susah nuturkeun jelema rea mah; kitu salah kieu salah. Lolobana nu ayeuna protes ge urang Kristen deui wae. Adzan di Masjid saalian ngabejaan waktu shalaat; nu pangpentingna NGAJAK shalat bareng; yu da lamujn urang ngarasa MUSLIM mah yu shalaat babaarengan; urang teh sadulur ! Nyaaa nu teu ngarti ka na shalat berjamaah mah, masing ngakuna ISLAM ge meureun teu satujueun atuh ! Da asa kaagandengan kabaribinan. Padahal cirina ISLAM masih kumelendang di ieu TATAR SUNDA; nya adzan eta ! Mun geus euweuh adzan saharti jeung ISLAM geus Carem di ieu tatar Sunda. Soal make Loud speaker geus dijelaskeun tadi; urang geus KADUNG make CEULI teknologi tinggi; jadi teu make loud speaker mah ceuli teh teu ngadenge. Wassalam. --- In [email protected], ilen kardani <ilen1017@...> wrote: > > Kuring mah sapikiran jeung wapres, sigana baraya oge bakal sapikiran lamun > nimbang kana teknologi kiwari anu masing2 baroga jam jeung apal waktu-waktuna > shalat, komo lamun nginstall adzan mah dina handphone na sewang-sewangan geus > teu perelu dibejaan ku nu sejen deui. > Â > > ________________________________ > From: Waluya <waluya56@...> > To: [email protected] > Sent: Sunday, April 29, 2012 3:22 PM > Subject: [kisunda] Wapres & Speaker Masigit > > > Â > Pidato Wapres Budiono di Dewan Masjid Indonesia nu nyigeung soal speaker TOA > di > Masigit, jadi kontroversial, loba nu pro jeung kontra. Eusi pidatona tiasa > ditingali di > http://us.news.detik.com/read/2012/04/29/081222/1904162/10/ini-pidato-lengkap-wapres-boediono-soal-pengeras-suara-masjid > > Sigana Wapres wani nyigeung perkara speaker di Masigit, meureun ningali conto > di > Arab Saudi nu pamarentahna ngatur supaya speaker masigit teu tarik teuing. > Kahiji ngaganggu, kaduana interferensi jeung speaker ti masigit nu sanes (jadi > patarik-tarik). Cenah speaker di masigit, bisa nyababkeun jalma jadi males > indit > ka masigit da cukup ngadengekeun we di imah. > > Ieu linkna perkara speaker di Arab Saudi: > http://www.eramuslim.com/berita/dunia/arab-saudi-larang-penggunaan-pengeras-suara-masjid-yang-terlalu-keras.htm > > atawa ti koran Arab News Online: > http://arabnews.com/saudiarabia/article495005.ece > > WLY > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
