Sabenerna mah geus aya aturan perkara gandeng (bising) di Indonesia teh, lamun 
teu salah mah aturan menteri Kasehatan. Gandeng nu teu meunang pisan, 140 dB 
(desibel) atawa leuwih. dihandap 140 dB gumantung kana lilana narima gandeng. 
Jelema masih nolernasi 0.11 menit (6 detik) lamun gandeng tepika 135 dB, tapi 
leuwih ti eta bisa keuna masalah boh kana kasehatan fisik jeung kasehatan 
psikis. Jelema oge bisa gering nangtung, lamun narima gandeng 94 dB 
terus-terusan leuwih tina sajam. 

Lamun bade ngawatesan volume panarik sora di masigit, nu paling obyektif mah, 
diukur heula we sabaraha desibel, terus atur volumena ulah tepika ngaleuwihan 
ambang batas keur kasehatan.

Tapi saha nu arek mratekkeunana? Sabab perkara speaker TOA sigana teh sensitif, 
nya mangga we sing patarik-tarik, tepika sorana diararadu ..... 

Salam,
WALUYA


 


--- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote:
>
> Nah pikeun ieu kuring sapakat jeung Pak Wapres. Loba masigit jeung mushola 
> mun adzan tina sapeker eta volumena gede teuing owong-owongan. Salain eta 
> Imam sholat berjamaah oge sok make sapeker malah anu aneh masjid leutik 
> jamaah ngan dua shaf, eta make sapeker sorana tarik. Teuing mun eta para 
> jamaahna tarorek kudu make sapaker bae. Make sapeker kop bae tapi volumena 
> ulah gede-gede teuing owong-owongan. Coba bayangkeun mun Sakaluharan aya 10 
> RW, tiap RW aya 5 Muhola kabeh make sapeker, waktu adzan breng eta sora teh 
> jadi rame jiga bangbara.
> Kaharti ku akal mun dihiji kalurahan/kampung ngan aya hiji Masigit, terus 
> pikeun ngageuingkeun jelema make sapeker rada tarik, ieu mah unggal pojok 
> aya Masigit jeung mushola. Enya pikeun syiar Islam, tapi urang hirup di 
> tengah masyarakat anu multi agama, tatangga urang ngagem agama sejen 
> (karesten, budha, hindu atawa kong ucu), atuh tembongkeun toleransi teh, pan 
> salaras jeung Islam anu Rakhmatan Lil 'Alamiin tea.
> Kuring lain henteu satuju kana adzan make sapeker, tapi volumena ulah gede 
> teuing owong-owongan, mending mun ngenaheun sora adzan, kumaha mun 
> jiga embe kacekek, ceuli jadi arateul. Anu alun we halimpu, sora tarik adzan 
> oge geuning masigit henteu pinuh bae.............
> 
> Sakitu  
>  
>  
> 
> ________________________________
>  Dari: Waluya <waluya56@...>
> Kepada: [email protected] 
> Dikirim: Minggu, 29 April 2012 14:22
> Judul: [kisunda] Wapres & Speaker Masigit
>   
> 
>  
>    
>  
> Pidato Wapres Budiono di Dewan Masjid Indonesia nu nyigeung soal speaker TOA 
> di
> Masigit, jadi kontroversial, loba nu pro jeung kontra. Eusi pidatona tiasa
> ditingali di
> http://us.news.detik.com/read/2012/04/29/081222/1904162/10/ini-pidato-lengkap-wa\
> pres-boediono-soal-pengeras-suara-masjid
> 
> Sigana Wapres wani nyigeung perkara speaker di Masigit, meureun ningali conto 
> di
> Arab Saudi nu pamarentahna ngatur supaya speaker masigit teu tarik teuing.
> Kahiji ngaganggu, kaduana interferensi jeung speaker ti masigit nu sanes (jadi
> patarik-tarik). Cenah speaker di masigit, bisa nyababkeun jalma jadi males 
> indit
> ka masigit da cukup ngadengekeun we di imah.
> 
> Ieu linkna perkara speaker di Arab Saudi:
> http://www.eramuslim.com/berita/dunia/arab-saudi-larang-penggunaan-pengeras-suar\
> a-masjid-yang-terlalu-keras.htm
> 
> atawa ti koran Arab News Online:
> http://arabnews.com/saudiarabia/article495005.ece
> 
> WLY
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke