Kang Abbas logikana lain kitu, lain urang mentang-mentang mayoritas tuluy 
ngarasa gede hulu. Anu dimaksud toleransi urang hirup bermasyarakat, anu di 
lingkungan perkotaan (lain desa) geus campur baur latar belakang etnis jeung 
agama. Dina hal ageman nya urang Islam teh mayoritas, dina kamayoritasana urang 
bisa mere perlindungan sakumaha anu geus dicontokeun ku Nabi urang. Dina 
masalah Aqidah geus jelas urang teu bisa diganggu gugat jeung dicampuradukkeun 
jeung ageuman lain. Islam ya Islam, dan Dienul Islam ya Dienul Islam. Ieu tina 
raraga ngajaga kaharmonisan hirup bermasyarakat jeung bernegara. Lain sakarep 
maneh mentang-mentang mayoritas tuluy jelema anu non Islam teu dijelemakeun. 
Kuring lain ngalarang adzan make sapeker, tapi sorana disasuaikeun jeung 
kondisi lingkungan. Henteu jadi masalah mun di kampung/desa anu mayoritas 
pemelukna 100% Islam make toa awong-awongan oge pastina moal aya masalah, Najan 
kitu aya oge jelema Islam anu ngarasa keberatan
 ku sora toa anu awong-awongan. 
Ngageuingkeun jelema supaya fastabiqul khairat eta wajib hukumna, tapi kudu aya 
strategi atawa kiat-kiat sangkan jalma ngarasa kapincut jeung ka irut 
tuluy tobat. Startegi dakwah anu luwes gampang ngumpulkeun jamaah, tapi mun 
rada offensif jeung radikal, pasti jalma henteu simpati malahan lumpat 
ngajauhan.
Ari kuring mah pikeun urusan Aqidah henteu aya toleransi, tapi pikeun ngajaga 
hubungan baik ka pemeluk ageuman lain, urang kudu boga rasa tenggang rasa jeung 
tepa salira. 
 
Pikeun masalah adzan pake Toa teu dilarang, kop bae asalkeun sakumaha panuturan 
Bah WIlly sorana  kudu disasuaikeun sangkan ulah awong-awongan. Sorana ibarat 
angin sepoy-sepoy anu nembus lorong-lorong perumahan, sangkan jalma anu aya di 
jero imah kageuingkeun ku eta Sora Adzan. Mun eta jelema henteu kageuingkeun ku 
sora sepoy-sepoy adzan, malah nuruban maneh ku salimbut, berarti eta jelema 
baturna belis.
 
 Ok, Kang Abas, mangga dilajeungkeun urusan toleransina.
 
Salam,
 
 

________________________________
 Dari: Abbas <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Senin, 30 April 2012 21:22
Judul: Re: Bls: [kisunda] Wapres & Speaker Masigit
  

 
   
 
Bener, awong2an tarik teuing maah jadi ngaganggu; tapi meureun si Imam teh teu 
ngartieun kumaha ngagedean jeung ngaleutikan teknologi speaker; nya hantem we 
diteruskeun.

Tomh boro kitu; kuring sok ngaji ari Jumaahan teh di Masjid; kadaang2 nepi ka 
bulak balik da lieur kaganggu ngaji make kasets bari tarik; antukna mah teu 
ngaji maning ngadengekeun we.

Ngan masalaah toleransi kungsi dipadurenyomkeun jeung urang Kriste/Atheis; 
euweuh pisan toleransi cenah Islam teh. Cek uing kunaon kituh ? Eta ari ngaji 
ti jam 4 janari keneh geus awong2an.
Nya didieu ayana toleransi teh, cek uing. Sampeyan kudu tolerands lantaran 
kapan lain ladang lain belalang; jadi andalah yang harus menyesuaikan diri 
terhadap maayoritas.

Wah kalau begitu mentang2 mayoritas bisa seenaknya saja.
Eh bukan begitu; memang anda memasuki daerah mayoritas; ya terpaksa harus 
torelans thdp mayoritas, bukaan sebaliknya.
orang Kristen/Atheis tetap keukeuh ngotot.

Cek uing nahaa kituh kudu minoritas nu ngelehkeun maayoritas ?
Enya kuduna mah kitu cek maranehna.

Hehehe; cek uing bari sinis; lamun urang asup ka USA; naha urang USA nu kudu 
ngelehan maneh ka uing ? Pan henteu ? Mun uing teu resep di hiji lingkungan , 
mun teu bisa nyalaraskeun diri nya PINDAH. Piraku si Mayoritas ku urang dititah 
manut ka uing nu ngan saurang ?

Jep we eta Kristen?atheis teh teu bisa ngaromong deui.

Jadi poma eta KECAP Toleransi ulah salah tempat ! ulaah salah nempatkeunana.
Komo bari nyebutkeun Islam Rahmatan lil Alamiin mah. Bari Mayoritas kudu 
ngelehan maneh ka Minoritas.

Naha urang sabage urang Islam , minoritas di Bali bisa nitah urang Bali 
ngeureunan NGINGU BABI ? Pan teu bisa ? nya urang nu minoritas kudu 
menyesuaikan diri dengan lingkungan BALI !

Jadi hati2 Pak Sp meletakkan kaata Toleransi disini.

--- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote:
>
> Nah pikeun ieu kuring sapakat jeung Pak Wapres. Loba masigit jeung mushola 
> mun adzan tina sapeker eta volumena gede teuing owong-owongan. Salain eta 
> Imam sholat berjamaah oge sok make sapeker malah anu aneh masjid leutik 
> jamaah ngan dua shaf, eta make sapeker sorana tarik. Teuing mun eta para 
> jamaahna tarorek kudu make sapaker bae. Make sapeker kop bae tapi volumena 
> ulah gede-gede teuing owong-owongan. Coba bayangkeun mun Sakaluharan aya 10 
> RW, tiap RW aya 5 Muhola kabeh make sapeker, waktu adzan breng eta sora teh 
> jadi rame jiga bangbara.
> Kaharti ku akal mun dihiji kalurahan/kampung ngan aya hiji Masigit, terus 
> pikeun ngageuingkeun jelema make sapeker rada tarik, ieu mah unggal pojok 
> aya Masigit jeung mushola. Enya pikeun syiar Islam, tapi urang hirup di 
> tengah masyarakat anu multi agama, tatangga urang ngagem agama sejen 
> (karesten, budha, hindu atawa kong ucu), atuh tembongkeun toleransi teh, pan 
> salaras jeung Islam anu Rakhmatan Lil 'Alamiin tea.
> Kuring lain henteu satuju kana adzan make sapeker, tapi volumena ulah gede 
> teuing owong-owongan, mending mun ngenaheun sora adzan, kumaha mun 
> jiga embe kacekek, ceuli jadi arateul. Anu alun we halimpu, sora tarik adzan 
> oge geuning masigit henteu pinuh bae.............
> 
> Sakitu  
>  
> 
> 
> ________________________________
>  Dari: Waluya <waluya56@...>
> Kepada: [email protected] 
> Dikirim: Minggu, 29 April 2012 14:22
> Judul: [kisunda] Wapres & Speaker Masigit
> 
> 
> 
>   
> 
> Pidato Wapres Budiono di Dewan Masjid Indonesia nu nyigeung soal speaker TOA 
> di
> Masigit, jadi kontroversial, loba nu pro jeung kontra. Eusi pidatona tiasa
> ditingali di
> http://us.news.detik.com/read/2012/04/29/081222/1904162/10/ini-pidato-lengkap-wa\
> pres-boediono-soal-pengeras-suara-masjid
> 
> Sigana Wapres wani nyigeung perkara speaker di Masigit, meureun ningali conto 
> di
> Arab Saudi nu pamarentahna ngatur supaya speaker masigit teu tarik teuing.
> Kahiji ngaganggu, kaduana interferensi jeung speaker ti masigit nu sanes (jadi
> patarik-tarik). Cenah speaker di masigit, bisa nyababkeun jalma jadi males 
> indit
> ka masigit da cukup ngadengekeun we di imah.
> 
> Ieu linkna perkara speaker di Arab Saudi:
> http://www.eramuslim.com/berita/dunia/arab-saudi-larang-penggunaan-pengeras-suar\
> a-masjid-yang-terlalu-keras.htm
> 
> atawa ti koran Arab News Online:
> http://arabnews.com/saudiarabia/article495005.ece
> 
> WLY
>

   
      

Kirim email ke