Nah pikeun ieu kuring sapakat jeung Pak Wapres. Loba masigit jeung mushola mun 
adzan tina sapeker eta volumena gede teuing owong-owongan. Salain eta Imam 
sholat berjamaah oge sok make sapeker malah anu aneh masjid leutik jamaah ngan 
dua shaf, eta make sapeker sorana tarik. Teuing mun eta para jamaahna tarorek 
kudu make sapaker bae. Make sapeker kop bae tapi volumena ulah gede-gede teuing 
owong-owongan. Coba bayangkeun mun Sakaluharan aya 10 RW, tiap RW aya 5 Muhola 
kabeh make sapeker, waktu adzan breng eta sora teh jadi rame jiga bangbara.
Kaharti ku akal mun dihiji kalurahan/kampung ngan aya hiji Masigit, terus 
pikeun ngageuingkeun jelema make sapeker rada tarik, ieu mah unggal pojok aya 
Masigit jeung mushola. Enya pikeun syiar Islam, tapi urang hirup di tengah 
masyarakat anu multi agama, tatangga urang ngagem agama sejen (karesten, budha, 
hindu atawa kong ucu), atuh tembongkeun toleransi teh, pan salaras jeung Islam 
anu Rakhmatan Lil 'Alamiin tea.
Kuring lain henteu satuju kana adzan make sapeker, tapi volumena ulah gede 
teuing owong-owongan, mending mun ngenaheun sora adzan, kumaha mun jiga embe 
kacekek, ceuli jadi arateul. Anu alun we halimpu, sora tarik adzan oge geuning 
masigit henteu pinuh bae.............

Sakitu  
 
 

________________________________
 Dari: Waluya <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Minggu, 29 April 2012 14:22
Judul: [kisunda] Wapres & Speaker Masigit
  

 
   
 
Pidato Wapres Budiono di Dewan Masjid Indonesia nu nyigeung soal speaker TOA di
Masigit, jadi kontroversial, loba nu pro jeung kontra. Eusi pidatona tiasa
ditingali di
http://us.news.detik.com/read/2012/04/29/081222/1904162/10/ini-pidato-lengkap-wa\
pres-boediono-soal-pengeras-suara-masjid

Sigana Wapres wani nyigeung perkara speaker di Masigit, meureun ningali conto di
Arab Saudi nu pamarentahna ngatur supaya speaker masigit teu tarik teuing.
Kahiji ngaganggu, kaduana interferensi jeung speaker ti masigit nu sanes (jadi
patarik-tarik). Cenah speaker di masigit, bisa nyababkeun jalma jadi males indit
ka masigit da cukup ngadengekeun we di imah.

Ieu linkna perkara speaker di Arab Saudi:
http://www.eramuslim.com/berita/dunia/arab-saudi-larang-penggunaan-pengeras-suar\
a-masjid-yang-terlalu-keras.htm

atawa ti koran Arab News Online:
http://arabnews.com/saudiarabia/article495005.ece

WLY

   
      

Kirim email ke