ngoprot kesang bakating ku saab/panasna ruang tunggu nu pinuh ku jelema,
ukur digeberan kipas angin. palangan teh keur halangan, dipapandekeun ka
awewe. mun awewe palangan teu perlu sameang. kitu Kang Dudi

2012/5/22 Dudi Herlianto <[email protected]>

> **
>
>
> ki, kuring mah rada kerung maca 'hawa nyongkab ngagarajag....', 'ruang
> tunggu saab....' oge 'palangan'. teu ngarti kana harti nu rek diudag ku
> aki. neda dioboran
>
> nuhun
>
> 2012/5/22 Ki Hasan <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Fikmin #Tanjung Pérak#
>>
>> Tanjung Pérak, Surabaya. Hawa nyongkab ngagarajag késang badag. Ngulibek
>> hapeuk digalo hiur kipas angin. Ruang tunggu saab lir pamegaran hayam.
>> Hoang sirineu. Kapal labuh jangkar. Panumpang moyég, pasesedek hareupeun
>> panto beusi. Hawar-hawar sora adan ti masjid palabuhan. "Mending asar
>> heula. Kapal karek anjog. Paling mangkat magrib!" Rét ka Si Hamad, anteng
>> ngelepus ngulinkeun haseup kéréték. "Keun waé si éta mah keur palangan!"
>> ceuk Si Samsu. Manehna ngincid ka luar. Balik asar nu ngebul masih
>> cindekul. Gumasép ngotélan mojang gigireun. Hoang hatong ngageroan. Nitah
>> hanjat arék balayar. Gorolong panto beusi diséréd ngenca. Burudul panumpang
>> muru tarajé panghanjatan. "Aduh...!" Si Ibu kaséréd nu jangkung badag.
>> "Emaaa...!" Budak ngocéak kadupak. Séah teu puguh déngékeuneun. Récét lir
>> jogjog anyar meuting. Suruntul nu manggul koper. Ting seledek hayang geura
>> hanjat kana beuteung kapal. Gajleng! Gajleng! Parebut matras pangsaréan.
>> Goledag ngajéngjéhé dina matras lecek. Kusiwel Si Hamad muka ransel.
>> "Cangkulan euy!" pokna bari ngampar muka kartu. ***
>>
>> --
> d-: dudi herlianto :-q
> paciringan.wordpress.com
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
>   
>

Kirim email ke