Kang Udin "palangan" teh istilah keur wanoja nu keur datang bulan (hed). Jigana jiga tanda cakra X (perboden). Omat tong ngotelan indung budak nu keur palangan. Nu palangan diwalkeun teu kudu ngalakonan sholat. Tah lebah dieu, mun dilarapkeun ka lalaki, maksudna keur ngagonjak ka babaturan nu geus layeut mun usumna waktu sholat teu daek ngalakonan kawajibanana.
2012/5/23 Sp Saprudin <[email protected]> > ** > > > Punten Kang, ieu kecap sok ikecapkeun kolot baheula basa leutik, kiwari > leus can pernah nguping deui. Edun basa sunda teh nyah..........hebring > Maksad kecap teh kieu meureun, punten mun salah > *Hawa nyongkab ngagarajag késang badag *= Hawa panas ngucur kesang badag > *Ruang tunggu saab lir pamegaran hayam *= Rohangan tempat nungguan eungap > ibarat pamegaran hayam > *Panumpang moyég* = Panumpang pinuh/loba/amalayah > "*Keun waé si éta mah keur palangan*!" = Keun wae si eta mah keur > jongjon (tanggung = Indonesia red) > *Gumasép ngotélan mojang gigireun* = Gumasep (Asa Kasep) ngaheureuyan > mojang gigireun > *Hoang hatong ngageroan* = Sora tarik ngageroan > *Sereah teu puguh déngékeuneun* = Ngaguruh teu puguh dengekeuneun > *Parebut matras pangsaréan* = Parebut tempat pangsarean > *Goledag ngajéngjéhé dina matras lecek* = Goledag ngalempreh dina tempat > lecek > > Tanjung Pérak, Surabaya. Hawa nyongkab ngagarajag késang badag. Ngulibek > hapeuk digalo hiur kipas angin. Ruang tunggu saab lir pamegaran hayam. > Hoang sirineu. Kapal labuh jangkar. Panumpang moyég, pasesedek hareupeun > panto beusi. Hawar-hawar sora adan ti masjid palabuhan. "Mending asar > heula. Kapal karek anjog. Paling mangkat magrib!" Rét ka Si Hamad, anteng > ngelepus ngulinkeun haseup kéréték. "Keun waé si éta mah keur palangan!" > ceuk Si Samsu. Manehna ngincid ka luar. Balik asar nu ngebul masih > cindekul. Gumasép ngotélan mojang gigireun. Hoang hatong ngageroan. Nitah > hanjat arék balayar. Gorolong panto beusi diséréd ngenca. Burudul panumpang > muru tarajé panghanjatan. "Aduh...!" Si Ibu kaséréd nu jangkung badag. > "Emaaa...!" Budak ngocéak kadupak. Séah teu puguh déngékeuneun. Récét lir > jogjog anyar meuting. Suruntul nu manggul koper. Ting seledek hayang geura > hanjat kana beuteung kapal. Gajleng! Gajleng! Parebut matras pangsaréan. > Goledag ngajéngjéhé dina matras lecek. Kusiwel Si Hamad muka ransel. > "Cangkulan euy!" pokna bari ngampar muka kartu. *** > > > *Dari:* "[email protected]" <[email protected]> > *Kepada:* "[email protected]" <[email protected]> > *Dikirim:* Selasa, 22 Mei 2012 20:02 > *Judul:* Re: [kisunda] Fiksimini - Tanjung Pérak > > > Eta nembe mireung deui kecap SAMEANG. Kapungkur waktos masih aya pun Nini > mah nyebatna the SAMBEYANG tina kecap sembahyang. Eta kecap teh sigana basa > sunda di perbatasan Cirebon-Jawa Barat. > > Mrachmatrawyani > Powered by Telkomsel BlackBerry® > *From: * Dudi Herlianto <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Tue, 22 May 2012 15:21:34 +0700 > *To: *<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *Re: [kisunda] Fiksimini - Tanjung Pérak > > > hatur nuhun pisan, kana waleranna, ki > > 2012/5/22 Ki Hasan <[email protected]> > > ** > > ngoprot kesang bakating ku saab/panasna ruang tunggu nu pinuh ku jelema, > ukur digeberan kipas angin. palangan teh keur halangan, dipapandekeun ka > awewe. mun awewe palangan teu perlu sameang. kitu Kang Dudi > > > 2012/5/22 Dudi Herlianto <[email protected]> > > ** > > ki, kuring mah rada kerung maca 'hawa nyongkab ngagarajag....', 'ruang > tunggu saab....' oge 'palangan'. teu ngarti kana harti nu rek diudag ku > aki. neda dioboran > > nuhun > > 2012/5/22 Ki Hasan <[email protected]> > > ** > > Fikmin #Tanjung Pérak# > > Tanjung Pérak, Surabaya. Hawa nyongkab ngagarajag késang badag. Ngulibek > hapeuk digalo hiur kipas angin. Ruang tunggu saab lir pamegaran hayam. > Hoang sirineu. Kapal labuh jangkar. Panumpang moyég, pasesedek hareupeun > panto beusi. Hawar-hawar sora adan ti masjid palabuhan. "Mending asar > heula. Kapal karek anjog. Paling mangkat magrib!" Rét ka Si Hamad, anteng > ngelepus ngulinkeun haseup kéréték. "Keun waé si éta mah keur palangan!" > ceuk Si Samsu. Manehna ngincid ka luar. Balik asar nu ngebul masih > cindekul. Gumasép ngotélan mojang gigireun. Hoang hatong ngageroan. Nitah > hanjat arék balayar. Gorolong panto beusi diséréd ngenca. Burudul panumpang > muru tarajé panghanjatan. "Aduh...!" Si Ibu kaséréd nu jangkung badag. > "Emaaa...!" Budak ngocéak kadupak. Séah teu puguh déngékeuneun. Récét lir > jogjog anyar meuting. Suruntul nu manggul koper. Ting seledek hayang geura > hanjat kana beuteung kapal. Gajleng! Gajleng! Parebut matras pangsaréan. > Goledag ngajéngjéhé dina matras lecek. Kusiwel Si Hamad muka ransel. > "Cangkulan euy!" pokna bari ngampar muka kartu. *** > > - > > > -- > d-: dudi herlianto :-q > paciringan.wordpress.com > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk > > > > >
