Jigana kitu Kang Yani, tina kecap "sembah hyang" kitu. Sok kacatur dina
paguneman sepuh ka pungkur. Ayeuna mah tos jarang jigana. Kapan ayeuna
Ema-Apa ge janten Ummi-Abi atawa Mamih-Dady. Hehehe

2012/5/22 <[email protected]>

> **
>
>
> ** Eta nembe mireung deui kecap SAMEANG. Kapungkur waktos masih aya pun
> Nini mah nyebatna the SAMBEYANG tina kecap sembahyang. Eta kecap teh sigana
> basa sunda di perbatasan Cirebon-Jawa Barat.
>
> Mrachmatrawyani
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Dudi Herlianto <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Tue, 22 May 2012 15:21:34 +0700
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Re: [kisunda] Fiksimini - Tanjung Pérak
>
>
>
> hatur nuhun pisan, kana waleranna, ki
>
> 2012/5/22 Ki Hasan <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> ngoprot kesang bakating ku saab/panasna ruang tunggu nu pinuh ku jelema,
>> ukur digeberan kipas angin. palangan teh keur halangan, dipapandekeun ka
>> awewe. mun awewe palangan teu perlu sameang. kitu Kang Dudi
>>
>>
>> 2012/5/22 Dudi Herlianto <[email protected]>
>>
>>> **
>>>
>>>
>>> ki, kuring mah rada kerung maca 'hawa nyongkab ngagarajag....', 'ruang
>>> tunggu saab....' oge 'palangan'. teu ngarti kana harti nu rek diudag ku
>>> aki. neda dioboran
>>>
>>> nuhun
>>>
>>> 2012/5/22 Ki Hasan <[email protected]>
>>>
>>>> **
>>>>
>>>>
>>>> Fikmin #Tanjung Pérak#
>>>>
>>>> Tanjung Pérak, Surabaya. Hawa nyongkab ngagarajag késang badag.
>>>> Ngulibek hapeuk digalo hiur kipas angin. Ruang tunggu saab lir pamegaran
>>>> hayam. Hoang sirineu. Kapal labuh jangkar. Panumpang moyég, pasesedek
>>>> hareupeun panto beusi. Hawar-hawar sora adan ti masjid palabuhan. "Mending
>>>> asar heula. Kapal karek anjog. Paling mangkat magrib!" Rét ka Si Hamad,
>>>> anteng ngelepus ngulinkeun haseup kéréték. "Keun waé si éta mah keur
>>>> palangan!" ceuk Si Samsu. Manehna ngincid ka luar. Balik asar nu ngebul
>>>> masih cindekul. Gumasép ngotélan mojang gigireun. Hoang hatong ngageroan.
>>>> Nitah hanjat arék balayar. Gorolong panto beusi diséréd ngenca. Burudul
>>>> panumpang muru tarajé panghanjatan. "Aduh...!" Si Ibu kaséréd nu jangkung
>>>> badag. "Emaaa...!" Budak ngocéak kadupak. Séah teu puguh déngékeuneun.
>>>> Récét lir jogjog anyar meuting. Suruntul nu manggul koper. Ting seledek
>>>> hayang geura hanjat kana beuteung kapal. Gajleng! Gajleng! Parebut matras
>>>> pangsaréan. Goledag ngajéngjéhé dina matras lecek. Kusiwel Si Hamad muka
>>>> ransel. "Cangkulan euy!" pokna bari ngampar muka kartu. ***
>>>>
>>>> -
>>>
>>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> paciringan.wordpress.com
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
>   
>

Kirim email ke