Re: [Urang Sunda] Kacang Kedelai jeung keledai

2008-01-14 Terurut Topik Tatang Sariman
Ngiring nambihan sakedik baraya.
   
  Waktos aki tams ngiring grup Koperasi unpad kapungur tahun 1984 jalan-jalan 
ka daerah Jawa tengah sareng jawa timur, dina raraga salah sawiosna 
panalungtikan kirangna kacang kedelai nasional. Teu kirang ti para dedengkot 
koperasi, malih penasehat menteri koperasi jaman bapa Bustanil Arifin, Prof 
Hannel ti Jerman oge ngiring sa Bus. Salah sawios daerah sentra kedele sareng 
bawang beureum di Gerobogan tiasa ngahasilkeun paling sae di Indonesia waktos 
harita. 
   
  Hanjelu teu nalungtik masalahna dugi ka masalah ayana mafia sareng anu 
sanesna, mung anu masih emut teh satiap tahun Indonesia kakirangan kedele 600 
ton. Hanjelu pisan masalah eta tos 20 an tahun masih keneh wae can tiasa beres? 
 
   
  Hasil panalungtikan teh rupina disimpen bae di perpustakaan unpad, departemen 
koperasi, lmfe unpad, mungkin oge di individu2, tapi teu jadi bahan dasar 
kaputusan "anu dibendo", sanaos diangge oge sigahna kirang keneh merhatoskeun 
"faktor jumlah sareng kualitet" anu janten konsumen. Pabrik2 susu kedele, 
kecap, tahu sareng tempe, teras nambihan da puguh jumlah jalmina oge teras 
nambihan satiap waktos. 
   
  "Anu dibendo" oge kalintang lepatna, manghanjelukeun naha masih mihak bangsa 
sejen (patani amrik) tibatan patani urang sorangan. Upami kacang kedele 
disubsidi, tangtos anu nampi eta subsidi teh patani amrik da ngimpor ti ditu. 
Cobi bentenkeun saupami mihak patani urang, anu nampi subsidi sareng tetesanana 
teh pasti urang. Naha dina wujud subsidi pupukna, bibitna, sareng sajabina. 
   
  Harita waktos ka jawa tengah sareng jawa timur teh memang sanes khusus noong 
koperasi anu usahana dina kedele wae tapi oge gula tiwu, karajinan, tabungan 
sareng pinjaman. Janten hasilna kirang fokus, saena diteraskeun langkung 
khusus, supados masalahna tiasa diberesan, kalawan masalah anu sami teu 
kajantenan katetersan, sigah keledai anu bodo tikosewad kana batu anu sami, 
dina hartos anu sanes kaputusan "anu dibendo" langkung bodo tibatan keledai anu 
bodo, hatur punten ieu mah heureuy wae.
   
  Upami leres aya mafia/calo, sigahna kucara ngagabung naha patani kedelena oge 
pengrajin / industri anu nganggo bahan baku kedele teh langsung urusan usahana 
teu kedah aya tangkulak. sami2 kompak tahan uji ku lilito ijon. Pasti tiasa teu 
sigah ayeuna, margi pasarna tos jelas aya anu nampina, produkna oge pasti seep 
margi tos budaya naruang tahu tempe. Cingan sok atuh tiasa teu sasarengan usaha 
dina wujud koperasi anu diamantkeun ku UUD 45. Pan upami sasapu ku hiji nyere, 
pamohalan anu kotor jadi beresih da hese, tapi upami nyerena dihijikeun 
dibeungkeut, sasapuna jadi gampil hasilna anu kotor jadi beresih, sanes kitu? 
(sangem Dulsumbang -- nya heueuh).
  
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Asana kuring kungsi mostingkeun perkara ieu.Tapi keun
bae lah, urang postingkeun deui wae, supaya jelas ku
naon urang teu bisa tatanen kadele.

Perkara tatenen kadele ieu teh ti baheula geus jadi
hiji agenda pamarentah. Menteri Ristek sorangan
(Kusmayanto Kadiman, manten Rektor ITB) kungsi
ngadongeng perkara ieu.Sabab cenah, aya kadaharan
urang Indonesia anu bahan pokona tina kacang ieu.
Tatanen kadele ieu di urang ngan bisa ngahasilkeun 
saeutik (ngan 2 ton/hektar). Beda jeung upama melak
kadele di nagri 4 musim, bisa nepi ka 8 ton/hektar.
Jadi ditarekahan kumaha oge, tetep wae heunteu
maksimal. Jadi lamun diitung-itung "tai lutung",
leuwih untung upama ngimpor. Tapi jigana ku ayana
harga minyak bumi 100 dolar/barel, mangaruhan kana
harga kacang kadele impor. Harga kadele anu salila ieu
disubsidi, jigana pamarentah geus "teu tahan",
mantuan.

Tah, kusabab salila ieu jijieunan kadaharan (tahu,
tempe, kecap, jrrd) ngagantungkeun kana kadele
impor,dina mangsa kieu kakara karasa kadaharan rakyat
anu kitu teh geuning mahal, jeung kudu dibayar mahal,
sabab mikirna pondok pisan, sangkan kadaharan rakyat
eta tetep aya bari hargana harga rahayat.

Aya kacapangan/paribasa, anu nunjukkeun kabodoan hiji
jalma diibaratkeun jiga sato keledai. Tapi
sabodo-bodona keledai, cenah eta sato teh moal nepi ka
dua kali labuh alatan tijalikeuh ku batu anu sarua.

Dina kasus kacang kadele ieu, jigana urang teh "bodo"
siga keledai, heunteu waspada/taki-taki samemehna,
lamun barang-barang impor teh hiji mangsa bisa naek
hargana. Kajadian kitu teh (impor barang), sababaraha
kali kaalaman ku bangsa urang. Bener-bener urang teh,
leuwih "bodo" alahbatan keledai.

baktos,

mrachmat uidipura
tara ngadaharan kedelai sieun jadi keledai

--- Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Leres ari kituna mah Kang Asep ..
> Tapi ari ceuk pengemut sim kuring mah anggeur wae
> kumaha urangna .. da ari ngandelkeun pamarentah
> wae moal aya juntrungannana, nya apal wae meureunlah
> kasagala kasibukkan si pamarentah eta. 
> Atuh asa maenya lamun ti urangna salaku masyarakat
> nu bisa ngaroyom masyarakat engkena moal
> diperhatikeun ku pamarentah, asal urangna wae anu
> kudu ulet. Tuh geuningan kabukt

Re: [Urang Sunda] Kacang Kedelai jeung keledai

2008-01-14 Terurut Topik waluya56
> "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Piraku Pamarentah teu bisa nyiar lahan kl 300.000 ha anu pas keur 
> melak kadele tina jumlah lahan tatanen di Indonesia sakumaha dina 
> tabel di luhur? Bade terus impor wae, padahal devisa anu kaluar ku 
> alatan impor kadele teh nepi ka ngahontal angka 1 trilyun/tahun? 
> Emutaneun urang sadaya. Hese memang keur tingkat individu mah, 
> tapi keur tingkat Pamarentah mah asana kudu mampuh ngahontal 
> target produksi kadele nasional 2 juta ton per hektar.

Kang Oman, nu beurat teh sigana lain lahanna, tapi masalah nu 
ngagawekeunana. Lamun kadele murah, patani pasti arembungeun melak 
kadele, keur naon, ari euweuh untungna mah? Jadi salian ti 
nyadiakeun lahan, gemuk jeung teknologi sejenna, kudu oge 
dipikirkeun panghasilan para patanina. Sabab didieu koncina.

Sabenerna subsidi ti pamarentah ka sektor tatanen gede pisan, ngan 
nyaeta teu langsung kana hasil produksina, tapi ka pabrik gemuk 
(bahan baku/ gas) jeung infrastruktur (irigasi). Kuduna mah, salian 
ti gemuk jeung infrastruktur, subsidi teh oge langsung kana 
produkna,  beulian ku pamarentah (bulog) ku harga nu nguntungkeun 
patani, tapi terus dijual murah. Pan sarerea ngarasa untung tah, 
patani untung, nu meuli untung da meuli murah.

Tapi duka ketah, bet nyanyahoanan jeung deuih cenah, cara subsidi 
teh ngalanggar "pasar bebas". Tapi da dina masalah produk tatanen 
mah, nagara-nagara maju nu ngadukung pasar bebas oge, keukeuh we 
mere subsidi ari kana produk tatanen mah.

Baktos,
WALUYA













Re: [Urang Sunda] Kacang Kedelai jeung keledai

2008-01-14 Terurut Topik Oman Abdurahman
Soal bibit nya Kang Brad? Persis sakumaha eusining postingan si 
kuring kamari soal kadele ieu. Nya da sanajan kuring gundul dina 
pasoalan kadele, ari informasi mah meunang mulungan ti ahli tatanen 
oge. Saha eta ahli teh? Kang Brad ge apal: tukanhg ngadongeng soal 
karuhun ti lengkob G. Tangkubanparahu :)

baktos,
manAR
--- In urangsunda@yahoogroups.com, brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
>  
>   
>   Saur Anjeuna, salah sahiji kabanggaan=susahna melak kacang kedele 
mah bibitna ngan tahan 3 bulan. Jadi nu katangkep ku pikiran abdi nu 
lain ahli pertanian, mun geus dipanen mun hayang melak deui kudu 
gancang keur ngungkulan bates waktu 3 bulan eta, bisi kadaluwarsa.   
>
>   Loba cara keur nyingkahan waktu kadaluwasa binih, salah sahijina 
nya meureum kudu nyieun tempat nu cocok boh dina hal suhuna jeung 
kalembabanana pon kitu ngeunaan "parameter-parameter" sanesna nu kudu 
dijaga dina binih. Rupina parantos seueur ari studi banding atawa 
hasil panalungtikan mah komo di batur bisa ngahasilkeun jauh tibatan 
di urang mah. Perkawis usum atawa musim, sanes parantos seueur di 
urang anu niron kaayaan 4 usum di batur? Atawa mung sabates 
panalungtikan nu legana sakotak-dua kotak alias sacangkewok? Bisa oge 
meureum perlu biaya gede keur ngawangun leuit binih ieu, can 
kapanggih ahlina jeung nu beunghar kalawan kareyeng diurang atawa 
tetep perelu lulugu pamarentah?.ah loba pisan alesan mah! 
>
>
>   hag siah!
>
>   porenges
>   anak  tukang tani
>
>
>   MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Perkara tatenen kadele ieu teh ti baheula geus jadi
> hiji agenda pamarentah. Menteri Ristek sorangan
> (Kusmayanto Kadiman, manten Rektor ITB) kungsi
> ngadongeng perkara ieu.Sabab cenah, aya kadaharan
> urang Indonesia anu bahan pokona tina kacang ieu.
> Tatanen kadele ieu di urang ngan bisa ngahasilkeun 
> saeutik (ngan 2 ton/hektar). Beda jeung upama melak
> kadele di nagri 4 musim, bisa nepi ka 8 ton/hektar.
> Jadi ditarekahan kumaha oge, tetep wae heunteu
> maksimal. Jadi lamun diitung-itung "tai lutung",
> leuwih untung upama ngimpor. Tapi jigana ku ayana
> harga minyak bumi 100 dolar/barel, mangaruhan kana
> harga kacang kadele impor. Harga kadele anu salila ieu
> disubsidi, jigana pamarentah geus "teu tahan",
> mantuan.
> 
> Tah, kusabab salila ieu jijieunan kadaharan (tahu,
> tempe, kecap, jrrd) ngagantungkeun kana kadele
> impor,dina mangsa kieu kakara karasa kadaharan rakyat
> anu kitu teh geuning mahal, jeung kudu dibayar mahal,
> sabab mikirna pondok pisan, sangkan kadaharan rakyat
> eta tetep aya bari hargana harga rahayat.
> 
> 
> 
> 
>
> -
> Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.
>




Re: [Urang Sunda] Kacang Kedelai jeung keledai

2008-01-14 Terurut Topik Oman Abdurahman
Sanggeus padungdengan soal kadele kamari, bari siga pajenggut-jenggut 
jeung nu gundul da bubuhan adu renyom ti antara anu lain ahlina, 
kaparengkeun peutingna ngabandungan warta soal ribut-ribut urusan 
kadele ieu dina tv. Analisis anu kamari dijieun siga anu dibenerkeun 
ku naon rupa beja dina tv. 

Yen ayana genjlong soal kadele teh balukar tina 3 hal: 1) jalur 
distribusi anu teu puguh (basa kuring mah: teu aya pengawasan alias 
teu ditertibkeun), 2) harga minyak anu naek, 3) harga dolar anu naek. 
Eta kabeh kusabab urang teh satemenna bangsa anu gumantung oge kana 
kadele, tapi tatanenna teu bisa nyumponan pangabutuh kadele anu 
balukarna nya kudu impor.

Naha bener urang teu bisa swasembada kadele? Kuring rada cangcaya. 
Kaasup cangcaya oge kana pamadegan Menristek anu diposting ku Kang 
Rachmat dihandap ieu. Yen masing kalah kumaha oge bangsa urang moal 
bisa nyumponan pangabutuhna sorangan kana kadele. Sakali deui, lebah 
dieu kuring teu percaya. 

Ceuk warta dina tv, nyutat ti para ahli, kaperluan urang kana kadele 
teh kl 1.600.000 ton per taun. Anapon kamampuh produksi kadele tina 
tatanen urang kl 750.000 ton per tahun. Target Pamarentah ti ayeuna 
ka hareup nyaeta produksi 2.000.000 ton per tahun (maksudna: tatanen 
kadele di urang rek digenjot nepi ka hasilna 2 jt ton/thn). Tah tina 
data target wae geus kabuktian, yen satemenna urang teh bisa ngudag 
produksi kadele anu nyumponan pangabutuh bangsa urang sorangan. 
Kumaha carana?

His, apan ayeuna mah geus aya teknologi. Gemuk awa aya anu mampu 
ngaronjatkeun hasil tatanen antara 40-80%, tur 80% eta gemuk geus 
organik (contona: anu diproduksi jeung dipasarkeun ku Koperasi 
Sarakan). Coba wae urang itung: tina areal anu bisa ngahasilkeun 
750.000 ton per tahun tambahkeun 40%-na (nyokot kamampuh gemuk anu 
panghandapna)= 1.000.000 ton per tahun. Saterusna, teangan deui lahan 
anu bisa dipelakan kadelai. Piraku teu bisa nambahan deui lahan 
tatanenna? Pira oge ukur nambahan kl 300.000 hektar di sakuliah 
Indonesia? 

Data lahan tatanen Indonesia, BPS taun 2002, siga dihandap ieu:

No  Penggunaan Lahan  Luas (Ha)  (%)
1.  Perkebunan19.900.000 29,05
2.  Tegalan atau Kebun13.200.000 19,23
3.  Kayu-kayuan   10.100.000 14,74
4.  Sawah  7.800.000 11,35
5.  Bangunan dan halaman   5.400.000  7,90
6.  Padang rumput  2.200.000  3,16
7.  Tambak   400.000  0,65
8.  Penggunaan lahan terkecil200.000  0,29
9.  Tidak diusahakan sementara 9.300.000 13,63

Piraku Pamarentah teu bisa nyiar lahan kl 300.000 ha anu pas keur 
melak kadele tina jumlah lahan tatanen di Indonesia sakumaha dina 
tabel di luhur? Bade terus impor wae, padahal devisa anu kaluar ku 
alatan impor kadele teh nepi ka ngahontal angka 1 trilyun/tahun? 
Emutaneun urang sadaya. Hese memang keur tingkat individu mah, tapi 
keur tingkat Pamarentah mah asana kudu mampuh ngahontal target 
produksi kadele nasional 2 juta ton per hektar.

baktos,
manAR



--- In urangsunda@yahoogroups.com, MRachmat Rawyani 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> 
> Perkara tatenen kadele ieu teh ti baheula geus jadi
> hiji agenda pamarentah. Menteri Ristek sorangan
> (Kusmayanto Kadiman, manten Rektor ITB) kungsi
> ngadongeng perkara ieu.Sabab cenah, aya kadaharan
> urang Indonesia anu bahan pokona tina kacang ieu.
> Tatanen kadele ieu di urang ngan bisa ngahasilkeun 
> saeutik (ngan 2 ton/hektar). Beda jeung upama melak
> kadele di nagri 4 musim, bisa nepi ka 8 ton/hektar.
> Jadi ditarekahan kumaha oge, tetep wae heunteu
> maksimal. Jadi lamun diitung-itung "tai lutung",
> leuwih untung upama ngimpor. Tapi jigana ku ayana
> harga minyak bumi 100 dolar/barel, mangaruhan kana
> harga kacang kadele impor. Harga kadele anu salila ieu
> disubsidi, jigana pamarentah geus "teu tahan",
> mantuan.
> 
> > baktos,
> 
> mrachmat uidipura
> tara ngadaharan kedelai sieun jadi keledai
> 
> --- Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Leres ari kituna mah Kang Asep ..
> > Tapi ari ceuk pengemut sim kuring mah anggeur wae
> > kumaha urangna .. da ari ngandelkeun pamarentah
> > wae moal aya juntrungannana, nya apal wae meureunlah
> > kasagala kasibukkan si pamarentah eta. 
> > Atuh asa maenya lamun ti urangna salaku masyarakat
> > nu bisa ngaroyom masyarakat engkena moal
> > diperhatikeun ku pamarentah, asal urangna wae anu
> > kudu ulet. Tuh geuningan kabuktosan anu karenging
> > kalpataru, apanan eta mah estuning pribadina
> > masing-masing, anu mana akhirna diakui ku
> > pamarentah. Nu penting aya kagunaannana pikeun urang
> > balarea wae 
> > Ari sim kuring mah cindekna kusaayeunaeun mah urang
> > malikiran keur urangna wae masing-masing ..
> > leuwih alus tah lamun aya manfaatna keur balarea
> > .. 
> > Tah saperkara kacang kadele tea, atuh geus puguh
> > geuningan diperlukeun, naha atuh teu bisa katedunan
> > ku patani

Re: [Urang Sunda] Kacang Kedelai jeung keledai

2008-01-14 Terurut Topik brad porenges
 
  Minggu kamari abdi ngobrol sareng salah sawios Ahli tatanen, Doktor 
pertanian. Anjeuna nyabit-nyabit ihwal tatanen kacang kedele nu di urang, leres 
mung 2 ton (1,8 ton) perhektarna. 
   
  Abdi naros naha tiasa kitu, bari akhir sabaraha patarosan dipungkas ku kecapa 
"pan"! .pan seueur nu kersa jadi nu ka tilu?(sapertos corpon Ibu Holisoh ME)
   
  Saur Anjeuna, salah sahiji kabanggaan=susahna melak kacang kedele mah bibitna 
ngan tahan 3 bulan. Jadi nu katangkep ku pikiran abdi nu lain ahli pertanian, 
mun geus dipanen mun hayang melak deui kudu gancang keur ngungkulan bates waktu 
3 bulan eta, bisi kadaluwarsa.   
   
  Loba cara keur nyingkahan waktu kadaluwasa binih, salah sahijina nya meureum 
kudu nyieun tempat nu cocok boh dina hal suhuna jeung kalembabanana pon kitu 
ngeunaan "parameter-parameter" sanesna nu kudu dijaga dina binih. Rupina 
parantos seueur ari studi banding atawa hasil panalungtikan mah komo di batur 
bisa ngahasilkeun jauh tibatan di urang mah. Perkawis usum atawa musim, sanes 
parantos seueur di urang anu niron kaayaan 4 usum di batur? Atawa mung sabates 
panalungtikan nu legana sakotak-dua kotak alias sacangkewok? Bisa oge meureum 
perlu biaya gede keur ngawangun leuit binih ieu, can kapanggih ahlina jeung nu 
beunghar kalawan kareyeng diurang atawa tetep perelu lulugu 
pamarentah?.ah loba pisan alesan mah! 
   
  Enya meureunleuwih untung meuli ti batur! Barina oge leuwih gancang jadi 
tahu-tempena, kantun lantrak-lintrik ka Sumedang jeung Bandung, moal burung 
mendeyang patuangan. Teu perlu mikir 7 kuriling kumaha melak si kacang ieu bisa 
hade jeung ngaronjatkeun hirup patani! Salah sorongan jadi tukang tatanen!
   
  hag siah!
   
  porenges
  anak  tukang tani
   
   
  MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
   
  Perkara tatenen kadele ieu teh ti baheula geus jadi
hiji agenda pamarentah. Menteri Ristek sorangan
(Kusmayanto Kadiman, manten Rektor ITB) kungsi
ngadongeng perkara ieu.Sabab cenah, aya kadaharan
urang Indonesia anu bahan pokona tina kacang ieu.
Tatanen kadele ieu di urang ngan bisa ngahasilkeun 
saeutik (ngan 2 ton/hektar). Beda jeung upama melak
kadele di nagri 4 musim, bisa nepi ka 8 ton/hektar.
Jadi ditarekahan kumaha oge, tetep wae heunteu
maksimal. Jadi lamun diitung-itung "tai lutung",
leuwih untung upama ngimpor. Tapi jigana ku ayana
harga minyak bumi 100 dolar/barel, mangaruhan kana
harga kacang kadele impor. Harga kadele anu salila ieu
disubsidi, jigana pamarentah geus "teu tahan",
mantuan.

Tah, kusabab salila ieu jijieunan kadaharan (tahu,
tempe, kecap, jrrd) ngagantungkeun kana kadele
impor,dina mangsa kieu kakara karasa kadaharan rakyat
anu kitu teh geuning mahal, jeung kudu dibayar mahal,
sabab mikirna pondok pisan, sangkan kadaharan rakyat
eta tetep aya bari hargana harga rahayat.




   
-
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

Re: [Urang Sunda] Kacang Kedelai jeung keledai

2008-01-14 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Asana kuring kungsi mostingkeun perkara ieu.Tapi keun
bae lah, urang postingkeun deui wae, supaya jelas ku
naon  urang teu bisa tatanen kadele.

Perkara tatenen kadele ieu teh ti baheula geus jadi
hiji agenda pamarentah. Menteri Ristek sorangan
(Kusmayanto Kadiman, manten Rektor ITB) kungsi
ngadongeng perkara ieu.Sabab cenah, aya kadaharan
urang Indonesia anu bahan pokona tina kacang ieu.
Tatanen kadele ieu di urang ngan bisa ngahasilkeun 
saeutik (ngan 2 ton/hektar). Beda jeung upama melak
kadele di nagri 4 musim, bisa nepi ka 8 ton/hektar.
Jadi ditarekahan kumaha oge, tetep wae heunteu
maksimal. Jadi lamun diitung-itung "tai lutung",
leuwih untung upama ngimpor. Tapi jigana ku ayana
harga minyak bumi 100 dolar/barel, mangaruhan kana
harga kacang kadele impor. Harga kadele anu salila ieu
disubsidi, jigana pamarentah geus "teu tahan",
mantuan.

Tah, kusabab salila ieu jijieunan kadaharan (tahu,
tempe, kecap, jrrd) ngagantungkeun kana kadele
impor,dina mangsa kieu kakara karasa kadaharan rakyat
anu kitu teh geuning mahal, jeung kudu dibayar mahal,
sabab mikirna pondok pisan, sangkan kadaharan rakyat
eta tetep aya bari hargana harga  rahayat.

Aya kacapangan/paribasa, anu nunjukkeun kabodoan hiji
jalma diibaratkeun jiga sato keledai. Tapi
sabodo-bodona keledai, cenah eta sato teh moal nepi ka
dua kali labuh alatan tijalikeuh ku batu anu sarua.

Dina kasus kacang kadele ieu, jigana urang teh "bodo"
siga keledai, heunteu waspada/taki-taki samemehna,
lamun barang-barang impor teh hiji mangsa bisa naek
hargana. Kajadian kitu teh (impor barang), sababaraha
kali kaalaman ku bangsa urang. Bener-bener urang teh,
leuwih "bodo" alahbatan keledai.

baktos,

mrachmat uidipura
tara ngadaharan kedelai sieun jadi keledai

--- Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Leres ari kituna mah Kang Asep ..
> Tapi ari ceuk pengemut sim kuring mah anggeur wae
> kumaha urangna .. da ari ngandelkeun pamarentah
> wae moal aya juntrungannana, nya apal wae meureunlah
> kasagala kasibukkan si pamarentah eta. 
> Atuh asa maenya lamun ti urangna salaku masyarakat
> nu bisa ngaroyom masyarakat engkena moal
> diperhatikeun ku pamarentah, asal urangna wae anu
> kudu ulet. Tuh geuningan kabuktosan anu karenging
> kalpataru, apanan eta mah estuning pribadina
> masing-masing, anu mana akhirna diakui ku
> pamarentah. Nu penting aya kagunaannana pikeun urang
> balarea wae 
> Ari sim kuring mah cindekna kusaayeunaeun mah urang
> malikiran keur urangna wae masing-masing ..
> leuwih alus tah lamun aya manfaatna keur balarea
> .. 
> Tah saperkara kacang kadele tea, atuh geus puguh
> geuningan diperlukeun, naha atuh teu bisa katedunan
> ku patani kadele sorangan ...!? Naha beut jadi kudu
> ngimpor ...!? Cingan di mana kendala-na ...!? Apanan
> SDA di urang teh cenah mah nunjang pikeun pertanian
>  naha geuningan beut jadi kieu !? Naon atuh
> anu jadi masalahna ...!? Tah ieu anu hayang
> diparancakkan ku sim kuring teh. Naha ari maranehna
> bisa ari urang teu bisa ...!? 
> 



  

Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 



[Urang Sunda] Kacang Kadele

2008-01-13 Terurut Topik Gan Lesmana
Leres ari kituna mah Kang Asep ..
Tapi ari ceuk pengemut sim kuring mah anggeur wae kumaha urangna .. da ari 
ngandelkeun pamarentah wae moal aya juntrungannana, nya apal wae meureunlah 
kasagala kasibukkan si pamarentah eta. 
Atuh asa maenya lamun ti urangna salaku masyarakat nu bisa ngaroyom masyarakat 
engkena moal diperhatikeun ku pamarentah, asal urangna wae anu kudu ulet. Tuh 
geuningan kabuktosan anu karenging kalpataru, apanan eta mah estuning pribadina 
masing-masing, anu mana akhirna diakui ku pamarentah. Nu penting aya 
kagunaannana pikeun urang balarea wae 
Ari sim kuring mah cindekna kusaayeunaeun mah urang malikiran keur urangna wae 
masing-masing .. leuwih alus tah lamun aya manfaatna keur balarea 
.. 
Tah saperkara kacang kadele tea, atuh geus puguh geuningan diperlukeun, naha 
atuh teu bisa katedunan ku patani kadele sorangan ...!? Naha beut jadi kudu 
ngimpor ...!? Cingan di mana kendala-na ...!? Apanan SDA di urang teh cenah mah 
nunjang pikeun pertanian  naha geuningan beut jadi kieu !? Naon atuh 
anu jadi masalahna ...!? Tah ieu anu hayang diparancakkan ku sim kuring teh. 
Naha ari maranehna bisa ari urang teu bisa ...!? 

Cingan atuh sugan wae aya baraya anu sanesna anu terang sajelas-jelasna .. 
kunaon atuh kacang kadele (kanggo bahan tahu/tempe) teh kedah ngimpor ti luar 
!? Punten pangwakcabalakeun masalah-masalahna. Pasti seueur baraya anu 
terang . Sareng deuih pami aya anu kagungan warta saperkawis kacang 
kadele, mangga disuhungkeun galihna kedah kamana milarina ... Tos kapalang 
baseuh ... urang ancrub sakalian geura ...!

hatur nuhun,
gl


Dari: asuntana <[EMAIL PROTECTED]>
Terkirim: Senin, 14 Januari, 2008 12:41:49

Teh Rinrin, 
Muhun jigana mah kedah aya pangrojong ti sadayana.
Upami calon Bupati teu gaduh program kadele, wah..dodol pisan atuh.
Tahu teh pan produk unggulan Sumedang, maenya Bupati cicing wae mah..

Kang Gagan,
seueur pisan program lokal anu teu dukung ku pamarentah (soak lah sebatan 
nyalira..hehehe)
Salah saurang pinisepuh "hutan rakyat" anu sukses di wonogiri sering 
heureuy:"kenapa program kami sukses? Karena pemerintah tidak ikut 
serta...heheheh" .
Geuning ari parantos sukses mah, buru-buru Bupati di Wonogiri teh ngalereskeun 
jalan anu ka desa tempat hutan rakyat tea; soalna seueur tamu anu hoyong 
ningali kasuksesan desa "hutan rakyat" eta secara langsung. Tamu murudul boh ti 
nagri nyalira boh ti nagri batur..
Paciweuh weh Bupati teh...kaisinan. ...
Heuheuyyy deudeuh!

nuhun,
asep. 



  
 
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 
http://id.yahoo.com/

Re: [Urang Sunda] Kacang

2007-11-07 Terurut Topik adi sugara
kacangcang oge nya

Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:  
  Sanes baraya .. ari sim kuring mah meni sok keuheul ari emut kanu 
kakacangan teh ... meni hese da harita teh mukaanana oge ... nya eta . 
kacangreud !
  Aeh . benten deui meureun, nya !? Punten ah ...
   
  wass,
  gl
   
  
   
  Dari: brad porenges <[EMAIL PROTECTED]>
Topik: Re: [Urang Sunda] sangu tutug Oncom jeung sangu reumbeuy kacang

  Leres Kang, malah ceuk pamendak abdi angeun kacang di Texas mah rada-rada 
cangor sareng kirang kuled, ari kacang beureumna relatif arageung...hahaha!
   
  Tah nu ilahar di lembur abdi mah, tulang cokor, tulang iga, tulang hulu 
seredan upami hajat nyunatan, nikahkeun, Rayagung atanapi syukuran-syukuran 
sanesna sok dibubuy digaringkeun, dikerik buluna teras disimpen di para seuneu 
supados garing oge awet. Sakapeung mah manggih Rayagung deui teu acan ka 
angeun. Hehehe
   
  Teu mencog Kang, upami bade dipasak digodogna tiasa sawengi jeput supaya hipu 
bin muruhmuy. Digodogna dina hawu, suluhna kai nangka nu teuas meh ngagateng. 
Sumuhun, upami kaleresan usum kacang beureum mah sering digalokeun. WahEdun 
weh. Matak hese ngabentenkeun nu gembul sareng nu rewog! Hahaha
   
  Sumuhun roay oge tiasa. Tapi ari dilembur abdi mah, roay sok dipelak minangka 
"pelengkap", pepelakan utama kacang beureum, sisi-sisi galenganna dipelakan 
roay.. Roay jenis tangkal nu ngarambat janten keur sawareh tukang tatanen mah 
rada ngahesekeun, komo upami sanes icaleun mah. Janten roay sanes primadona, 
sanajan rasana langkung raos panginten!
   
  siporenges,
  siga gembul tapi rewog!
   
   
  Aduh..kabita. .ari ras emut kana kacang beureum teh
waktos di Sukabumi disuguhan eta godogan
buntut/tangkar sapi anu digodog dugi kahipu sareng
kacang beureum dugi ka ladugwaduh etamah...rasana
teu eleh ku Texas Chili Rib ogeraoslah. ..Bener2
tiasa olok kejo

--- aWin <[EMAIL PROTECTED] or.id> wrote:

> 
> 
> Di mana lembur tehh kang Brad, abdi ge gaduh Uwa di
> cihanja (sateuacan
> Limbangan mun ti bandung) da sami “kacang minded”
> hehe, ti leupeut kacang,
> ulen kacang jrrd aya, kadang mun teu aya kacang
> beureum sok diganti ku
> kacang roay (leres teu roay??)


  .

 


  
-
  Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers  

 

 __
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Urang Sunda] Kacang

2007-11-07 Terurut Topik Gan Lesmana
Sanes baraya .. ari sim kuring mah meni sok keuheul ari emut kanu 
kakacangan teh ... meni hese da harita teh mukaanana oge ... nya eta .. 
kacangreud !
Aeh . benten deui meureun, nya !? Punten ah 

wass,
gl





Dari: brad porenges <[EMAIL PROTECTED]>
Topik: Re: [Urang Sunda] sangu tutug Oncom jeung sangu reumbeuy kacang

Leres Kang, malah ceuk pamendak abdi angeun kacang di Texas mah rada-rada 
cangor sareng kirang kuled, ari kacang beureumna relatif arageung...hahaha!
 
Tah nu ilahar di lembur abdi mah, tulang cokor, tulang iga, tulang hulu seredan 
upami hajat nyunatan, nikahkeun, Rayagung atanapi syukuran-syukuran sanesna sok 
dibubuy digaringkeun, dikerik buluna teras disimpen di para seuneu supados 
garing oge awet. Sakapeung mah manggih Rayagung deui teu acan ka angeun. Hehehe
 
Teu mencog Kang, upami bade dipasak digodogna tiasa sawengi jeput supaya hipu 
bin muruhmuy. Digodogna dina hawu, suluhna kai nangka nu teuas meh ngagateng. 
Sumuhun, upami kaleresan usum kacang beureum mah sering digalokeun. WahEdun 
weh. Matak hese ngabentenkeun nu gembul sareng nu rewog! Hahaha
 
Sumuhun roay oge tiasa. Tapi ari dilembur abdi mah, roay sok dipelak minangka 
"pelengkap", pepelakan utama kacang beureum, sisi-sisi galenganna dipelakan 
roay. Roay jenis tangkal nu ngarambat janten keur sawareh tukang tatanen mah 
rada ngahesekeun, komo upami sanes icaleun mah. Janten roay sanes primadona, 
sanajan rasana langkung raos panginten!
 
siporenges,
siga gembul tapi rewog!
 
 
Aduh..kabita. .ari ras emut kana kacang beureum teh
waktos di Sukabumi disuguhan eta godogan
buntut/tangkar sapi anu digodog dugi kahipu sareng
kacang beureum dugi ka ladugwaduh etamah...rasana
teu eleh ku Texas Chili Rib ogeraoslah. ..Bener2
tiasa olok kejo

--- aWin <[EMAIL PROTECTED] or.id> wrote:

> 
> 
> Di mana lembur tehh kang Brad, abdi ge gaduh Uwa di
> cihanja (sateuacan
> Limbangan mun ti bandung) da sami “kacang minded”
> hehe, ti leupeut kacang,
> ulen kacang jrrd aya, kadang mun teu aya kacang
> beureum sok diganti ku
> kacang roay (leres teu roay??). 



   
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/