Re: [Urang Sunda] Ngobrol sabalang bentor
Ieu mah moal anu sesah-sesah ahh.. sanes ahli.. urang ngadongeng anu aya di Korea we, dinagri sanes mah teu apal Syarat kiridit ti bank agri : Kanggo patani, pausahaan anu aya patalina sareng pertanian sareng kahutanan, tiasa nambut kiriditan dugi ka 100 juta won teu kedah aya jaminan, bunga 7.04% pertaun. Langkung ti sakitu kedah nganggo jaminan, jaminan tiasa mangrupi ; Apartemen, bumi, lahan tani, lahan leuweung, seueurna maksimum sami sareng pangaos anu janten jaminan kiridit, bunga 7.04% pertaun. Kiridit kanggo ngomean/ngareparasi alat-alat pertanian kalebet alat angkut bahan sareng hasil pertanian, sapertos treuk, traktor, mesin panen, mesin bajak ssjb., bungana mung 3% sataun, kalayan dina taun ka 1 ~ 3, bebas, taun ka 4 nembe nyicil ngawangsulkeun eta kiriditan. Kanggo hasil tani anu over product, urang bagi janten 2 rupi ; -hiji : hasil tatanen anu gampil buruk (busuk), sapertos sayuran, dipeser kupamarentah c.c. Koperasi Pertanian, dibagikeun ka : satuan tangtara, jalmi-jalmi miskin (teu mampu) yayasan-yayasan budak yatim sareng jompo. -dua : hasil tatanen anu awet, sapertos pare/beas buah-buahan, dipeser kupamarentah cc. Koperasi Pertanian, disimpen digudang tiis (cold storage), kanggo icaleun taun payun sateu acan usum panen dongkap. Peryogi kauninga Gudang Tiisna (cold storage), kantos ninggal dina bewara TV, saageung hanggar kapal hiber, anu temperaturna antawis minus 15 dugika minus 40 darajat. Sakitu, manawi manfaat. Pihatur ssw tantan hermansah [EMAIL PROTECTED] Hehe. Tah iru anu penting pisan. Serat ti kang Budhi jadi bahan diskusi Tim di kuring. Hebat. Cing, tong kagok. Ari skim kredit ti bank agri tea kumaha? naon wae saratna? Sabaraha ageungna? Kumaha proporsi jeung tanah anu dikuasai ku patanina. Salian ti eta, sakotak teh kinten2 sakumaha legana? Sabau? atawa sakumaha? Tadi, cenah, sok sanajan over produksi, patani tetep untung. Saha anu ngagaransi? Pamarentah? kumaha aturana? Wah seueur teuing. Hatur nuhun tur diantos! Recent Activity 9 New Members 1 New Files Visit Your Group SPONSORED LINKS Culture change Corporate culture Cell culture Organization culture Tissue culture New web site? Drive traffic now. Get your business on Yahoo! search. Yahoo! Mail Get it all! With the all-new Yahoo! Mail Beta Y! Messenger All together now Host a free online conference on IM. . http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Re: [Urang Sunda] Ngobrol sabalang bentor
Kutan mani sakitu tiisna eta kulkas..?? Euh ari di batur, nya... Pamarentah teh mani merhatikeun pisan rahayatna. Om TEDDY Satria Ganteng Penegak Keadilan - Original Message From: Siddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED] To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Thursday, January 18, 2007 4:32:57 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Ngobrol sabalang bentor Ieu mah moal anu sesah-sesah ahh.. sanes ahli.. urang ngadongeng anu aya di Korea we, dinagri sanes mah teu apal Syarat kiridit ti bank agri : Kanggo patani, pausahaan anu aya patalina sareng pertanian sareng kahutanan, tiasa nambut kiriditan dugi ka 100 juta won teu kedah aya jaminan, bunga 7.04% pertaun. Langkung ti sakitu kedah nganggo jaminan, jaminan tiasa mangrupi ; Apartemen, bumi, lahan tani, lahan leuweung, seueurna maksimum sami sareng pangaos anu janten jaminan kiridit, bunga 7.04% pertaun. Kiridit kanggo ngomean/ngareparasi alat-alat pertanian kalebet alat angkut bahan sareng hasil pertanian, sapertos treuk, traktor, mesin panen, mesin bajak ssjb., bungana mung 3% sataun, kalayan dina taun ka 1 ~ 3, bebas, taun ka 4 nembe nyicil ngawangsulkeun eta kiriditan. Kanggo hasil tani anu over product, urang bagi janten 2 rupi ; -hiji : hasil tatanen anu gampil buruk (busuk), sapertos sayuran, dipeser kupamarentah c.c. Koperasi Pertanian, dibagikeun ka : satuan tangtara, jalmi-jalmi miskin (teu mampu) yayasan-yayasan budak yatim sareng jompo. -dua : hasil tatanen anu awet, sapertos pare/beas buah-buahan, dipeser kupamarentah cc. Koperasi Pertanian, disimpen digudang tiis (cold storage), kanggo icaleun taun payun sateu acan usum panen dongkap. Peryogi kauninga Gudang Tiisna (cold storage), kantos ninggal dina bewara TV, saageung hanggar kapal hiber, anu temperaturna antawis minus 15 dugika minus 40 darajat. Sakitu, manawi manfaat. Pihatur ssw tantan hermansah sariak.layung@ gmail.com Hehe. Tah iru anu penting pisan. Serat ti kang Budhi jadi bahan diskusi Tim di kuring. Hebat. Cing, tong kagok. Ari skim kredit ti bank agri tea kumaha? naon wae saratna? Sabaraha ageungna? Kumaha proporsi jeung tanah anu dikuasai ku patanina. Salian ti eta, sakotak teh kinten2 sakumaha legana? Sabau? atawa sakumaha? Tadi, cenah, sok sanajan over produksi, patani tetep untung. Saha anu ngagaransi? Pamarentah? kumaha aturana? Wah seueur teuing. Hatur nuhun tur diantos! . http://cikundul3. multiply. com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Finding fabulous fares is fun. Let Yahoo! FareChase search your favorite travel sites to find flight and hotel bargains. http://farechase.yahoo.com/promo-generic-14795097
Re: [Urang Sunda] Ngobrol sabalang bentor
Apih. Ari di Korkid, aya proses ngabagikeun lahan teu? Teuras, ari janten patani aya reward khusus teu? hatur nuhun kana informasina. tantan --- In urangsunda@yahoogroups.com, Siddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED] wrote: Ieu mah moal anu sesah-sesah ahh.. sanes ahli.. urang ngadongeng anu aya di Korea we, dinagri sanes mah teu apal Syarat kiridit ti bank agri :
Re: [Urang Sunda] Ngobrol sabalang bentor
Ngabagikeun lahan mah teu kakuping... patani Korkid diogo kupamarentah, sapertos ; -Pajeg lahan tatanen langkung mirah manan lahan kanggo kaperyogian sanes -Iuran listrik sareng pangaos BBM kanggo lahan tatanen (green house), langkung mirah dibanding sareng kaperyogian sanes. -Jatah bangku kanggo kulawargi di Universitas negeri -Gampilna kiridit ti bank hal-hal alit sanesna. Hal sapertos kitu sanes bae kanggo para patani, kalebet oge para peternak sareng para nalayan. ssw tantanhermansah [EMAIL PROTECTED] Apih. Ari di Korkid, aya proses ngabagikeun lahan teu? Teuras, ari janten patani aya reward khusus teu? hatur nuhun kana informasina. tantan Recent Activity 16 New Members 1 New Files Visit Your Group SPONSORED LINKS Culture change Corporate culture Cell culture Organization culture Tissue culture Ads on Yahoo! Learn more now. Reach customers searching for you. Yahoo! Mail Drag drop With the all-new Yahoo! Mail Beta Y! Messenger Quick file sharing Send up to 1GB of files in an IM. . http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
[Urang Sunda] Ngobrol sabalang bentor
Ngobrol Kuring, Tatanen, jeung sabalang bentor Bapak Kuring asli tukang tani. Ti saprak kuring sadar jadi jelema, bapak kuring geus tani. Tatanena rupa-rupa. Sainget kuring mah aya engkol (kitu tah ngabasakeun sesebutan), bortol, hui mantang atawa hui kentang, hui boled, jagong, bawang, cabe (cengek jeung kiriting), jeung tomat. Aya nu lain, sabangsaning cau jeung sampeu. Tapi leuwih kusabab geus aya wae di kebon, bari lain sektor utama. Sok sanajan bapak kuring patani tule. Nepi ka kuring sakola SLTA, teu aya kahayang jadi siga pun bapak. Euwueuh kahayangna teh, leuwih ku sabab naon anu katenjo wae. Sabab, anu katinggali, ari tani teh bet asa loba rugina. Jorojoy aya kahayang kana bab tatanen, kira-kira rek tamat SLTA tea. Niat hade asana mah. Hayang ngomean dunya tatanen. Nya minimal, ngomean pun bapak meh teu rugi teuing. Ti dinya kuring neangan informasi. Geus apal, yen di Bogor teh aya IPB. Tempat neuleuman elmu tatanen. Jorojoy we aya niat hayang kadinya. Ngan lakadalah. Sakola kuring pan beda. Euweuh ijazahan siga batur. Muter uteuk. Akhirna, pun bapak tamada ka hiji sakolaan anu Kep Sekna teh rerencangana. Bisa! Kuring bisa ngilu ujian wungkul. Tangtu sanggeus mayar anu lumayan gede:SPP tilu taun jeung ujian-ujiana. Terus jadi boga rapor. Tapi ninggali nileina, matak sieun. Panggedena angka genep. Bayangkeun we! Ujian beres. Tapi nya kitu. Ijazah meunang. Ngan nileina matak hoream ninggali. Da asa teu bodo-bodo teuing, cekeng teh. Tapi bae lah, masih meunang keneh ujian, sok sanajan panitia kerung: ku nilei jiga kitu wani keneh UMPTN? Prung we UMPTN. Enya we, bodo. Teu lulus! Hese ka IPB teh. Taun isukna ngilu deui. Angger we...teu lulus. Padahal geus ngamenyan sagala. Ari bodo mah angger we. Teu bisa didukunan. Haha. Ah, bae, indit ka Jakarta. Nyoba ngilu ujian di IAIN. Teu pati dipikiran (basa kasarna teu dibaca deui) unggal soal teh. Gutrut-gutrut we. Anggeus. Barina oge teu pati minat. Sabab euweuh jurusan pertanian. Milih jurusan Filsafat. Maksud teh, teu kagok. Niat hate ka Bumi, da euwueuh, nya sakalian milih langit. Barang pengumuman...eh...bet lulus. Aneh! Nya, sakola we. Bae. Nga ari hate mah, merod we hayang diajar pertanian. Jadi, di luar sibuk neuleuman elmu kapilsapatan, elmu Pertanian oge dibaca. Nya lumayan, kadang-kadang dikomparasikeun jeung pun bapak. Aya anu cocog, lolobana mah hanteu. Teuing kunaon, pedah belegu wae kitu? *** Ayeuna gawe di Bogor. Lolobana jeung ahli rada pertanian. Aya elmu ekonomi pertanian, pemodelan pertanian, makro ekonomi (pertanian), jrrd. Maklum di tempat gawe ampir 90-an persen alumni IPB. Tah didieu kuring manggihan sababaraha kanyaho ngenaan postulatna dunya tatanen. *Kahiji* Keur urang Indonesia, usaha di widang ieu memang leuwih loba ngarugikeun. Hal ieu dumasar tren pertanian di Indonesia, anu cenderung ngagunakeun pola tradisional, sahingga teu kompetitif di pasar. Ahli-ahli di dieu make gambar, anu basa digambar keneh mah kuring ngarti tapi ayeuna mah lebeng; Mun enya oge hayang maju. Kudu aya nilai tambah. Lain dina produksi wungkul, tapi oge di laina. Conto, packaging, rendah residu kimia malah mun bisa mah bebas sama sekali, jrrd. *Kadua* Sababaraha UU ngenaan tatanen. Conto UU budidaya, memang nitikbeuratkeun kana liberalisasi. Sahingga, anu dipiharep sistem tatanen urang tiasa terintegrasi jeung pasar, tapi dina kanyataana malah medok. Kunaon? Sabab di sistem tatanen urang, strukturna can siap. Komo deui budayana. Akibatna, di Indonesia fluktuasi harga teu bisa dikendalikeun. Kadang loba barang teh. Kadang ngiles. Tah, statemen Dep Tan, sabenerna ngan perkiraan. Lain dumasar kana informasi anu kuat. Kusabab naon? Sabab patani di Indonesia, boga hak pepelakan sakahayangna. *Katilu* Aya rejim anu hese pisan ditembus. Komo deui ku sektor pertanian. Rejim naon? Rejim harga! Tah, tepi ka poe ieu, rejim ieu teh can bisa dicekel. Komo deui, kadang sababaraha komoditas, nuansa politikna kuat pisan: contona beas!. Tapi masalahna oge, di sektor pemasaran lemah pisan. *Kaopat* Politik pertanian di Indonesia lemah pisan. Pamarentah can ngajadikeun tatanen salah sahiji moda produksi utama keur ningkatkeun darajat urang Indonesia. Nu aya, tatanen di Indonesia diliberalkeun (buktina subsidi pertanian dicabut saperti pamentana WTO jeung IMF). Pamarentah urang teu sadar yen eta teh strategi eta teh supaya produk luar bisa asup bari teu dilarang. Teu paduli mun eta kawijakan teh nyababkeun patani urang ancur. *Kalima (ieu mah kalolobana pamanggih kuring)* Mun usaha widang ieu hayang untung. Salian ti produksi kudu hade, kualitas kudu onjoy, oge sistem tur budaya anu kudu dirobah tina pola-pola biasa. Conto, patani anu beurat benghar nyaeta Bob Sadino jeung Kem. Bob mucekil dina widang ieu, kusabab nguasai *on farm *tur *off farm* na. Monopoli oge, sabab manehna anu tani, manehna anu ngajual langsung ka konsumen. Beda pisa jeung patani urang. Budaya industri tangtu teu kudu ditarjimkeun pabrikasi. Sok sanajan aya benerna.
Re: [Urang Sunda] Ngobrol sabalang bentor
Kang Tan ... SBY teh pan DR jebolan IPB nya, meureun ayeuna tinggal prak naon anu jadi disertasina, asana teh revitalisasi pertanian di Indonesia ... atawa kang Tan nu nulisna ? heu heu heu budhi kurono kopo 241 On 1/17/07, tantan hermansah [EMAIL PROTECTED] wrote: Ngobrol Kuring, Tatanen, jeung sabalang bentor Bapak Kuring asli tukang tani. Ti saprak kuring sadar jadi jelema, bapak kuring geus tani. Tatanena rupa-rupa. Sainget kuring mah aya engkol (kitu tah ngabasakeun sesebutan), bortol, hui mantang atawa hui kentang, hui boled, jagong, bawang, cabe (cengek jeung kiriting), jeung tomat. Aya nu lain, sabangsaning cau jeung sampeu. Tapi leuwih kusabab geus aya wae di kebon, bari lain sektor utama. Sok sanajan bapak kuring patani tule. Nepi ka kuring sakola SLTA, teu aya kahayang jadi siga pun bapak. Euwueuh kahayangna teh, leuwih ku sabab naon anu katenjo wae. Sabab, anu katinggali, ari tani teh bet asa loba rugina. Jorojoy aya kahayang kana bab tatanen, kira-kira rek tamat SLTA tea. Niat hade asana mah. Hayang ngomean dunya tatanen. Nya minimal, ngomean pun bapak meh teu rugi teuing. Ti dinya kuring neangan informasi. Geus apal, yen di Bogor teh aya IPB. Tempat neuleuman elmu tatanen. Jorojoy we aya niat hayang kadinya. Ngan lakadalah. Sakola kuring pan beda. Euweuh ijazahan siga batur. Muter uteuk. Akhirna, pun bapak tamada ka hiji sakolaan anu Kep Sekna teh rerencangana. Bisa! Kuring bisa ngilu ujian wungkul. Tangtu sanggeus mayar anu lumayan gede:SPP tilu taun jeung ujian-ujiana. Terus jadi boga rapor. Tapi ninggali nileina, matak sieun. Panggedena angka genep. Bayangkeun we! Ujian beres. Tapi nya kitu. Ijazah meunang. Ngan nileina matak hoream ninggali. Da asa teu bodo-bodo teuing, cekeng teh. Tapi bae lah, masih meunang keneh ujian, sok sanajan panitia kerung: ku nilei jiga kitu wani keneh UMPTN? Prung we UMPTN. Enya we, bodo. Teu lulus! Hese ka IPB teh. Taun isukna ngilu deui. Angger we...teu lulus. Padahal geus ngamenyan sagala. Ari bodo mah angger we. Teu bisa didukunan. Haha. Ah, bae, indit ka Jakarta. Nyoba ngilu ujian di IAIN. Teu pati dipikiran (basa kasarna teu dibaca deui) unggal soal teh. Gutrut-gutrut we. Anggeus. Barina oge teu pati minat. Sabab euweuh jurusan pertanian. Milih jurusan Filsafat. Maksud teh, teu kagok. Niat hate ka Bumi, da euwueuh, nya sakalian milih langit. Barang pengumuman...eh...bet lulus. Aneh! Nya, sakola we. Bae. Nga ari hate mah, merod we hayang diajar pertanian. Jadi, di luar sibuk neuleuman elmu kapilsapatan, elmu Pertanian oge dibaca. Nya lumayan, kadang-kadang dikomparasikeun jeung pun bapak. Aya anu cocog, lolobana mah hanteu. Teuing kunaon, pedah belegu wae kitu? *** Ayeuna gawe di Bogor. Lolobana jeung ahli rada pertanian. Aya elmu ekonomi pertanian, pemodelan pertanian, makro ekonomi (pertanian), jrrd. Maklum di tempat gawe ampir 90-an persen alumni IPB. Tah didieu kuring manggihan sababaraha kanyaho ngenaan postulatna dunya tatanen. *Kahiji* Keur urang Indonesia, usaha di widang ieu memang leuwih loba ngarugikeun. Hal ieu dumasar tren pertanian di Indonesia, anu cenderung ngagunakeun pola tradisional, sahingga teu kompetitif di pasar. Ahli-ahli di dieu make gambar, anu basa digambar keneh mah kuring ngarti tapi ayeuna mah lebeng; Mun enya oge hayang maju. Kudu aya nilai tambah. Lain dina produksi wungkul, tapi oge di laina. Conto, packaging, rendah residu kimia malah mun bisa mah bebas sama sekali, jrrd. *Kadua* Sababaraha UU ngenaan tatanen. Conto UU budidaya, memang nitikbeuratkeun kana liberalisasi. Sahingga, anu dipiharep sistem tatanen urang tiasa terintegrasi jeung pasar, tapi dina kanyataana malah medok. Kunaon? Sabab di sistem tatanen urang, strukturna can siap. Komo deui budayana. Akibatna, di Indonesia fluktuasi harga teu bisa dikendalikeun. Kadang loba barang teh. Kadang ngiles. Tah, statemen Dep Tan, sabenerna ngan perkiraan. Lain dumasar kana informasi anu kuat. Kusabab naon? Sabab patani di Indonesia, boga hak pepelakan sakahayangna. *Katilu* Aya rejim anu hese pisan ditembus. Komo deui ku sektor pertanian. Rejim naon? Rejim harga! Tah, tepi ka poe ieu, rejim ieu teh can bisa dicekel. Komo deui, kadang sababaraha komoditas, nuansa politikna kuat pisan: contona beas!. Tapi masalahna oge, di sektor pemasaran lemah pisan. *Kaopat* Politik pertanian di Indonesia lemah pisan. Pamarentah can ngajadikeun tatanen salah sahiji moda produksi utama keur ningkatkeun darajat urang Indonesia. Nu aya, tatanen di Indonesia diliberalkeun (buktina subsidi pertanian dicabut saperti pamentana WTO jeung IMF). Pamarentah urang teu sadar yen eta teh strategi eta teh supaya produk luar bisa asup bari teu dilarang. Teu paduli mun eta kawijakan teh nyababkeun patani urang ancur. *Kalima (ieu mah kalolobana pamanggih kuring)* Mun usaha widang ieu hayang untung. Salian ti produksi kudu hade, kualitas kudu onjoy, oge sistem tur budaya anu kudu dirobah tina pola-pola biasa. Conto, patani anu beurat benghar nyaeta Bob Sadino
Re: [Urang Sunda] Ngobrol sabalang bentor
Hehe, Kang Bud, Araraneh di Nagri urang mah. Kabeneran kungsi rada apal saeutik ngenaan disertasina. Tapi anu janten hemeng teh, kunaon anu ditulisna, anu meunang pujian di Tim Penguji, jst teh bet teu dipakenya? Sigana, aya benerna oge analisis sababaraha ahli ngenaan anjeuna teh: peragu, kalebet kecapna (tulisana) sorangan. Meureun ta oge. Tapi, terus terang, kuring ayeuna keur ngaapresiasi. Sabab aya program pamarentah anu rek dilaksanakeun di Indonesia teh, kuring sapuk pisan: reforma agraria (RA). Tah sigana kang Budi tiasa ngobrol, kumaha RA di Jepun. Basa sababaraha bulan katukang, kungsi aya Prof ti Jepun: Furukawa Hisao. Ngobrol ngenaan RA di Jepang. Tapi rada hese nangkep logat inggrisna anu siga logat jepang, mung diksina wungkul inggris. Aeh, beuki sabalang bentor ieu teh... baktos tantan --- In urangsunda@yahoogroups.com, Budhi Setiawan [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang Tan ... SBY teh pan DR jebolan IPB nya, meureun ayeuna tinggal prak naon anu jadi disertasina, asana teh revitalisasi pertanian di Indonesia ... atawa kang Tan nu nulisna ? heu heu heu budhi kurono kopo 241
Re: [Urang Sunda] Ngobrol sabalang bentor
Aya hiji deui DR alumni IPB nu pejabat teh, malah ayeuna geus Prof., bupati kutai kertanegara jeung rektor univ kutai kertanegara, ayeuna di KPK keun ... he he he Mun ningali SBY, asa ningali ABE, PM Jepang ayeuna, mun ceuk basa urang mah loba teuing TP ... tebar pesona, taya kaputusan nu jelas atawa reformasi nu puguh alang ujurna ... heu heu Teu apal siga kumaha RA di jepun, ngan mun teu salah saprak reformasi meiji nu ngaleungitkeun sistim tuan taneuh ti daimyo, ngaleungitkeun kakawasaan samurai jeung saterusna. nu katempo ieu mah, sawah di jepun teh bentukna kotak, ieu oge cenah tina RA tadi. jadi dina sakotak eta teh bisa jadi nu saurang patani, tapi duaan atawa tiluan. sabab cenah keur ngagampangkeun dina urusan teknisna, makana dijieun kotak. ieu oge peran gede ti JA (japan agriculture), boga bank nepi ke desa-desa, jadi patani teh dimodalan ku JA. lolobana patani boga lahan, tapi nu ngatur melak naon-naon teh ti JA, patani nu ngolahna, nu ngajualna JA, sistim bagi hasilna kumaha teu pati apal. ngan nu pasti mah patani di dieu baleunghar ... rumah kaca (sanajan tina plastik) upamana, nu nyieunna teh urang JA, mun gagal panen upamana, patani mah angger untung. bulan kamari, over product kol, di sabaraha wewengkon diancurkeun, keur kaperluan stabilna harga, tapi angger patani na mah teu rugi. lolobana nu tani teh aki-aki jeung nini-nini, asal daek ngobrol we, dijamin unggal panen meunang sayuran gratis ... atuh mahasiswa pertanian oge bari prak henteu ngan sakadar teori .. heu heu jadi inget bodor di tempat kuring gawe, urang pertanian mah sagala bisa, iwal ti pepelakan .. he.. he.. he.. budhi kurono kopo 241 On 1/17/07, tantanhermansah [EMAIL PROTECTED] wrote: Hehe, Kang Bud, Araraneh di Nagri urang mah. Kabeneran kungsi rada apal saeutik ngenaan disertasina. Tapi anu janten hemeng teh, kunaon anu ditulisna, anu meunang pujian di Tim Penguji, jst teh bet teu dipakenya? Sigana, aya benerna oge analisis sababaraha ahli ngenaan anjeuna teh: peragu, kalebet kecapna (tulisana) sorangan. Meureun ta oge. Tapi, terus terang, kuring ayeuna keur ngaapresiasi. Sabab aya program pamarentah anu rek dilaksanakeun di Indonesia teh, kuring sapuk pisan: reforma agraria (RA). Tah sigana kang Budi tiasa ngobrol, kumaha RA di Jepun. Basa sababaraha bulan katukang, kungsi aya Prof ti Jepun: Furukawa Hisao. Ngobrol ngenaan RA di Jepang. Tapi rada hese nangkep logat inggrisna anu siga logat jepang, mung diksina wungkul inggris. Aeh, beuki sabalang bentor ieu teh... baktos tantan --- In urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com, Budhi Setiawan [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang Tan ... SBY teh pan DR jebolan IPB nya, meureun ayeuna tinggal prak naon anu jadi disertasina, asana teh revitalisasi pertanian di Indonesia ... atawa kang Tan nu nulisna ? heu heu heu budhi kurono kopo 241 -- budhi at urang-sunda dot or dot id
Re: [Urang Sunda] Ngobrol sabalang bentor
Hehe. Tah iru anu penting pisan. Serat ti kang Budhi jadi bahan diskusi Tim di kuring. Hebat. Cing, tong kagok. Ari skim kredit ti bank agri tea kumaha? naon wae saratna? Sabaraha ageungna? Kumaha proporsi jeung tanah anu dikuasai ku patanina. Salian ti eta, sakotak teh kinten2 sakumaha legana? Sabau? atawa sakumaha? Tadi, cenah, sok sanajan over produksi, patani tetep untung. Saha anu ngagaransi? Pamarentah? kumaha aturana? Wah seueur teuing. Hatur nuhun tur diantos! On 1/17/07, Budhi Setiawan [EMAIL PROTECTED] wrote: Aya hiji deui DR alumni IPB nu pejabat teh, malah ayeuna geus Prof., bupati kutai kertanegara jeung rektor univ kutai kertanegara, ayeuna di KPK keun ... he he he Mun ningali SBY, asa ningali ABE, PM Jepang ayeuna, mun ceuk basa urang mah loba teuing TP ... tebar pesona, taya kaputusan nu jelas atawa reformasi nu puguh alang ujurna ... heu heu Teu apal siga kumaha RA di jepun, ngan mun teu salah saprak reformasi meiji nu ngaleungitkeun sistim tuan taneuh ti daimyo, ngaleungitkeun kakawasaan samurai jeung saterusna. nu katempo ieu mah, sawah di jepun teh bentukna kotak, ieu oge cenah tina RA tadi. jadi dina sakotak eta teh bisa jadi nu saurang patani, tapi duaan atawa tiluan. sabab cenah keur ngagampangkeun dina urusan teknisna, makana dijieun kotak. ieu oge peran gede ti JA (japan agriculture), boga bank nepi ke desa-desa, jadi patani teh dimodalan ku JA. lolobana patani boga lahan, tapi nu ngatur melak naon-naon teh ti JA, patani nu ngolahna, nu ngajualna JA, sistim bagi hasilna kumaha teu pati apal. ngan nu pasti mah patani di dieu baleunghar ... rumah kaca (sanajan tina plastik) upamana, nu nyieunna teh urang JA, mun gagal panen upamana, patani mah angger untung. bulan kamari, over product kol, di sabaraha wewengkon diancurkeun, keur kaperluan stabilna harga, tapi angger patani na mah teu rugi. lolobana nu tani teh aki-aki jeung nini-nini, asal daek ngobrol we, dijamin unggal panen meunang sayuran gratis ... atuh mahasiswa pertanian oge bari prak henteu ngan sakadar teori .. heu heu jadi inget bodor di tempat kuring gawe, urang pertanian mah sagala bisa, iwal ti pepelakan .. he.. he.. he.. budhi kurono kopo 241 On 1/17/07, tantanhermansah [EMAIL PROTECTED] wrote: Hehe, Kang Bud, Araraneh di Nagri urang mah. Kabeneran kungsi rada apal saeutik ngenaan disertasina. Tapi anu janten hemeng teh, kunaon anu ditulisna, anu meunang pujian di Tim Penguji, jst teh bet teu dipakenya? Sigana, aya benerna oge analisis sababaraha ahli ngenaan anjeuna teh: peragu, kalebet kecapna (tulisana) sorangan. Meureun ta oge. Tapi, terus terang, kuring ayeuna keur ngaapresiasi. Sabab aya program pamarentah anu rek dilaksanakeun di Indonesia teh, kuring sapuk pisan: reforma agraria (RA). Tah sigana kang Budi tiasa ngobrol, kumaha RA di Jepun. Basa sababaraha bulan katukang, kungsi aya Prof ti Jepun: Furukawa Hisao. Ngobrol ngenaan RA di Jepang. Tapi rada hese nangkep logat inggrisna anu siga logat jepang, mung diksina wungkul inggris. Aeh, beuki sabalang bentor ieu teh... baktos tantan --- In urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com, Budhi Setiawan [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang Tan ... SBY teh pan DR jebolan IPB nya, meureun ayeuna tinggal prak naon anu jadi disertasina, asana teh revitalisasi pertanian di Indonesia ... atawa kang Tan nu nulisna ? heu heu heu budhi kurono kopo 241 -- budhi at urang-sunda dot or dot id -- tantan hermansah www.tantanhermansah.co.nr jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang! --siliwangi--
Re: [Urang Sunda] Ngobrol sabalang bentor
wah panjang kan tan ... tapi tiasa dibuka di http://www.maff.go.jp/eindex.html wilujeng surfing ... heu heu heu budhi kurono kopo 241 On 1/18/07, tantan hermansah [EMAIL PROTECTED] wrote: Hehe. Tah iru anu penting pisan. Serat ti kang Budhi jadi bahan diskusi Tim di kuring. Hebat. Cing, tong kagok. Ari skim kredit ti bank agri tea kumaha? naon wae saratna? Sabaraha ageungna? Kumaha proporsi jeung tanah anu dikuasai ku patanina. Salian ti eta, sakotak teh kinten2 sakumaha legana? Sabau? atawa sakumaha? Tadi, cenah, sok sanajan over produksi, patani tetep untung. Saha anu ngagaransi? Pamarentah? kumaha aturana? Wah seueur teuing. Hatur nuhun tur diantos! On 1/17/07, Budhi Setiawan [EMAIL PROTECTED] wrote: Aya hiji deui DR alumni IPB nu pejabat teh, malah ayeuna geus Prof., bupati kutai kertanegara jeung rektor univ kutai kertanegara, ayeuna di KPK keun ... he he he Mun ningali SBY, asa ningali ABE, PM Jepang ayeuna, mun ceuk basa urang mah loba teuing TP ... tebar pesona, taya kaputusan nu jelas atawa reformasi nu puguh alang ujurna ... heu heu Teu apal siga kumaha RA di jepun, ngan mun teu salah saprak reformasi meiji nu ngaleungitkeun sistim tuan taneuh ti daimyo, ngaleungitkeun kakawasaan samurai jeung saterusna. nu katempo ieu mah, sawah di jepun teh bentukna kotak, ieu oge cenah tina RA tadi. jadi dina sakotak eta teh bisa jadi nu saurang patani, tapi duaan atawa tiluan. sabab cenah keur ngagampangkeun dina urusan teknisna, makana dijieun kotak. ieu oge peran gede ti JA (japan agriculture), boga bank nepi ke desa-desa, jadi patani teh dimodalan ku JA. lolobana patani boga lahan, tapi nu ngatur melak naon-naon teh ti JA, patani nu ngolahna, nu ngajualna JA, sistim bagi hasilna kumaha teu pati apal. ngan nu pasti mah patani di dieu baleunghar ... rumah kaca (sanajan tina plastik) upamana, nu nyieunna teh urang JA, mun gagal panen upamana, patani mah angger untung. bulan kamari, over product kol, di sabaraha wewengkon diancurkeun, keur kaperluan stabilna harga, tapi angger patani na mah teu rugi. lolobana nu tani teh aki-aki jeung nini-nini, asal daek ngobrol we, dijamin unggal panen meunang sayuran gratis ... atuh mahasiswa pertanian oge bari prak henteu ngan sakadar teori .. heu heu jadi inget bodor di tempat kuring gawe, urang pertanian mah sagala bisa, iwal ti pepelakan .. he.. he.. he.. budhi kurono kopo 241 On 1/17/07, tantanhermansah [EMAIL PROTECTED] wrote: Hehe, Kang Bud, Araraneh di Nagri urang mah. Kabeneran kungsi rada apal saeutik ngenaan disertasina. Tapi anu janten hemeng teh, kunaon anu ditulisna, anu meunang pujian di Tim Penguji, jst teh bet teu dipakenya? Sigana, aya benerna oge analisis sababaraha ahli ngenaan anjeuna teh: peragu, kalebet kecapna (tulisana) sorangan. Meureun ta oge. Tapi, terus terang, kuring ayeuna keur ngaapresiasi. Sabab aya program pamarentah anu rek dilaksanakeun di Indonesia teh, kuring sapuk pisan: reforma agraria (RA). Tah sigana kang Budi tiasa ngobrol, kumaha RA di Jepun. Basa sababaraha bulan katukang, kungsi aya Prof ti Jepun: Furukawa Hisao. Ngobrol ngenaan RA di Jepang. Tapi rada hese nangkep logat inggrisna anu siga logat jepang, mung diksina wungkul inggris. Aeh, beuki sabalang bentor ieu teh... baktos tantan --- In urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com, Budhi Setiawan [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang Tan ... SBY teh pan DR jebolan IPB nya, meureun ayeuna tinggal prak naon anu jadi disertasina, asana teh revitalisasi pertanian di Indonesia ... atawa kang Tan nu nulisna ? heu heu heu budhi kurono kopo 241 -- budhi at urang-sunda dot or dot id -- tantan hermansah www.tantanhermansah.co.nr jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang! --siliwangi-- -- budhi at urang-sunda dot or dot id
Re: [Urang Sunda] Ngobrol sabalang bentor
Ti Korkid mah, nuju dipilari datana, antos we manawi enjing tiasa dipostingkeun.. ssw tantan hermansah [EMAIL PROTECTED] Hehe. Tah iru anu penting pisan. Serat ti kang Budhi jadi bahan diskusi Tim di kuring. Hebat. Cing, tong kagok. Ari skim kredit ti bank agri tea kumaha? naon wae saratna? Sabaraha ageungna? Kumaha proporsi jeung tanah anu dikuasai ku patanina. Salian ti eta, sakotak teh kinten2 sakumaha legana? Sabau? atawa sakumaha? Tadi, cenah, sok sanajan over produksi, patani tetep untung. Saha anu ngagaransi? Pamarentah? kumaha aturana? Wah seueur teuing. Hatur nuhun tur diantos! Recent Activity 9 New Members 1 New Files Visit Your Group SPONSORED LINKS Culture change Corporate culture Cell culture Organization culture Tissue culture New web site? Drive traffic now. Get your business on Yahoo! search. Yahoo! Mail Get it all! With the all-new Yahoo! Mail Beta Y! Messenger All together now Host a free online conference on IM. . http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Re: [Urang Sunda] Ngobrol sabalang bentor
Wah. Hatur nuhun pisan Apih. Korkid salah sahiji nagri anu sukses ngalaksanakeun RA. Cing urang bagi2 pangalaman. baktos tantan On 1/18/07, Siddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED] wrote: Ti Korkid mah, nuju dipilari datana, antos we manawi enjing tiasa dipostingkeun.. ssw *tantan hermansah [EMAIL PROTECTED] Hehe. Tah iru anu penting pisan. Serat ti kang Budhi jadi bahan diskusi Tim di kuring. Hebat. Cing, tong kagok. Ari skim kredit ti bank agri tea kumaha? naon wae saratna? Sabaraha ageungna? Kumaha proporsi jeung tanah anu dikuasai ku patanina. Salian ti eta, sakotak teh kinten2 sakumaha legana? Sabau? atawa sakumaha? Tadi, cenah, sok sanajan over produksi, patani tetep untung. Saha anu ngagaransi? Pamarentah? kumaha aturana? Wah seueur teuing. Hatur nuhun tur diantos! . http://cikundul3.multiply.com *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda* *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda* -- tantan hermansah www.tantanhermansah.co.nr jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang! --siliwangi--