Assalamu'alaikum wr wb , emh hawatos pisan ku Raka . memang manusa mah kapan aya wates tea ; hirup teh katungkul ku pati , paeh teu nyaho di mangsa tea ; urang oge boa isuk boa pageto , kapan . Tapi ari USAHA mah wajib .
Tah ieu mah hiji Usaha , ari hasilna mah pasrahkeun wae ka Gusti nu Murbeng Alam . Tapi rada sesah panginten ngalakukeunana , tapi nu tos biasa mah ENTENG pisan ; nya eta : Cobian Tahajjud 8 rakaat dua dua ; bacaanana Alhakumut ; Wal atsri salam ; teras Wailul sareng Liilaafi kuraisyin , salam ; diteraskeun ku Aroatelladzii sareng Innaaa atoina , salam ; teras Rakaat ka tujuh Ijadzaa sareng taabat yadaa , teras salaaam . Ditutup ku Do'a nyuhunkeun naon bae bari shalawat sing seueur ; na hate teras manteng ka Mantenna ti na nu dikapalay tea . Tah tos caket shubuh ; enggal Witir 3 Raka'at nganggo Qunut upami tiasa mah . Tah nu ngalaksanakeunana kedah ku palaputrana sareng carogena ; nya upami tiasa mah Ngondang Ustadz nu ngartos Hukum , supados Ngimaman . Kitu tah Kang Rukya , nyaaa ieu mah sakadar Usaha , hasilna mah Anging Gusti Allah anu Nangtoskeun . Wassalam , Abbas Amien ----- Original Message ----- From: "Rukayadi Yaya" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Wednesday, May 19, 2004 9:10 AM Subject: [UrangSunda] Neda bongbolongan sareng pidu'ana, hatur nuhun... > Assalamu alaikum > > Pun lanceuk nu pangageungna (Hajjah Eruk Rukmini), > sumanget hirup jeung perjuangan hirupna kacida gedena, > kabeh adi-adina kungsi di geroh kaasup sim kuring. > Tong boroning adi-adi, dalah tatangga jeung dulur > baraya ge nu kungsi sakola di Bandung mah, teu weleh > dirawatan di bumina di Taman Sari Bandung. Teu > ngandelkeun beubeunangan salaki, pun lanceuk gaduh > usaha sorangan, jeung muka lahan gawe keur 12 > urangeun. > > Tahun ieu punlanceuk zarah ka Mekah, salami di Mekah > estu lancar, teu aya nu karaos, estu sehat walafiat, > kitu saur pun lanceuk basa bulan February kuring > panggih, sawangsulna ti Mekah. > > Minggu tanggal 9 Mei pun lanceuk ka Tanjung Sari > ngalongok Dewi anakna nu nomer 4, muhun alo kuring, > toko Beusi jeung Matrial (Tari Galis) pengkolan memeh > alun-alun Tanjung Sari. Keur ngobrol jeung alo, > ujug-ujug jeletot nyeri sirah liwat saking nepi ka les > kapiuhan. Gura-giru dibawa ka rumah sakit Al'Islam by > pass. Dugi ka Rebo teu aya perkembangan, emut eta ge > tina kapiuhannanamah mung janten ical emutan, teu apal > kasasaha. Margi teu aya perkembangan anu siganificant > teras dicandak ka Boromeus, dua alesan, kahiji alat > jeung Dokterna langkung lengkep, atuh nu kadua ameh > deukeut jeung bumina da puguh di Taman Sari tea (Kang > Darpan kantos nganjang). Kemis emutannana pulih > sanggeus dokter masihan obat anu mujarab, dugi > kaayeuna emutannana lengkep, Alhamdullilah. > > Kamari sonten, carogena, palaputrana, jeung adi-adina, > mung kuring nu henteu teh, disaur ku Tim Dokter. > Dokter ngumumkeun naon kasakit pun lanceuk. Kabeh taya > nu ngagebeg, geuningan pun lanceuk teh dina uteukna nu > kenca aya Tumor, parantos stadium 4, atawa stadium > panganggeusan. Dokter mere saran, tiasa di operasi > mung taraf keberhasilannana mung 5%, saurna mun lain > na uteuk mah nya meureun 30% mah aya. Anu langkung > ngarenjagna, Tim Dokter nyarios yen harapan hirup pun > lanceuk mung paling lami 6 sasih deui, numutkeun > panalungtikan medis jeung sumebar katut > perkembanganana sel tumor na uteuk pun lanceuk. Tim > dokter teu tiasa nanaon deui mung ukur tiasa masihan > obat penawar nyeri, supados ulah karaos nyeri teuing. > > Sapeupeuting (peuting tadi) kulawarga di Jalan Taman > Sari riungan, kuring oge ngiluan tina telpon. > Kasimpulan sementawis, kumaha cenah mun urang bawa > balik bae, obat panawar nyeri mah panan bisa dibeuli, > urang bahagiakeun bae dina "sesa" harapan hirupna. > Mungguhing Allah umurmah mung nu Mantenna. Usaha mah > kedah, tangtos bae. Cenah urang milarian pengobatan > alternatif. > > Kumargi kitu, ka wargi Kusnet sadaya, paneda piduana, > ka baraya anu kersa masihan bongbolongan sareng > pituduh pengobatan alternatif, kacida di piharepna ku > kulawargi sim kuring. Pamugi kasaean pala wargi janten > jambatan lebet ka surga Allah Ta'ala. Amin. > > Tungtung Seoul, 19 Mei 2004. > Yaya Rukayadi > > > > > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > SBC Yahoo! - Internet access at a great low price. > http://promo.yahoo.com/sbc/ > > > > Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

