Simkuring sakulawargi ngiring ngadoakeun mudah mudah tuang raka sing engal damang,sing di paparin kakiatan.sareng di paparin bongbolongan,da ari Allohmah ngalindungan ka umatna.mung alloh anu tiasa ngarobah sadayana.
muhun kang yaya, abdi oge gaduh wargi ,kantos laladong ka bekasi ,ka pa haryono,
alhamdullilah berkat iktiar lalandong ka anjeuna,sareng berkat doa ti sadayana.
ayena wargi tos lumayan rada sehat.nyobian atuh saha anu terang..,da urang teh namina ihtiar.miceun kapanasaran.
Ya Alloh mudah mudahan rakana kang yaya sing engal damang,mugia alloh maparinan kakiatan ka kana cobian ieu,sareng mugia alloh ngabulkeun doa ti sadayana kanggo anjeuna.amien....
wassalam
nety
Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu alaikum
Pun lanceuk nu pangageungna (Hajjah Eruk Rukmini),
sumanget hirup jeung perjuangan hirupna kacida gedena,
kabeh adi-adina kungsi di geroh kaasup sim kuring.
Tong boroning adi-adi, dalah tatangga jeung dulur
baraya ge nu kungsi sakola di Bandung mah, teu weleh
dirawatan di bumina di Taman Sari Bandung. Teu
ngandelkeun beubeunangan salaki, pun lanceuk gaduh
usaha sorangan, jeung muka lahan gawe keur 12
urangeun.
Tahun ieu punlanceuk zarah ka Mekah, salami di Mekah
estu lancar, teu aya nu karaos, estu sehat walafiat,
kitu saur pun lanceuk basa bulan February kuring
panggih, sawangsulna ti Mekah.
Minggu tanggal 9 Mei pun lanceuk ka Tanjung Sari
ngalongok Dewi anakna nu nomer 4, muhun alo kuring,
toko Beusi jeung Matrial (Tari Galis) pengkolan memeh
alun-alun Tanjung Sari. Keur ngobrol jeung alo,
ujug-ujug jeletot nyeri sirah liwat saking nepi ka les
kapiuhan. Gura-giru dibawa ka rumah sakit Al'Islam by
pass. Dugi ka Rebo teu aya perkembangan, emut eta ge
tina kapiuhannanamah mung janten ical emutan, teu apal
kasasaha. Margi teu aya perkembangan anu siganificant
teras dicandak ka Boromeus, dua alesan, kahiji alat
jeung Dokterna langkung lengkep, atuh nu kadua ameh
deukeut jeung bumina da puguh di Taman Sari tea (Kang
Darpan kantos nganjang). Kemis emutannana pulih
sanggeus dokter masihan obat anu mujarab, dugi
kaayeuna emutannana lengkep, Alhamdullilah.
Kamari sonten, carogena, palaputrana, jeung adi-adina,
mung kuring nu henteu teh, disaur ku Tim Dokter.
Dokter ngumumkeun naon kasakit pun lanceuk. Kabeh taya
nu ngagebeg, geuningan pun lanceuk teh dina uteukna nu
kenca aya Tumor, parantos stadium 4, atawa stadium
panganggeusan. Dokter mere saran, tiasa di operasi
mung taraf keberhasilannana mung 5%, saurna mun lain
na uteuk mah nya meureun 30% mah aya. Anu langkung
ngarenjagna, Tim Dokter nyarios yen harapan hirup pun
lanceuk mung paling lami 6 sasih deui, numutkeun
panalungtikan medis jeung sumebar katut
perkembanganana sel tumor na uteuk pun lanceuk. Tim
dokter teu tiasa nanaon deui mung ukur tiasa masihan
obat penawar nyeri, supados ulah karaos nyeri teuing.
Sapeupeuting (peuting tadi) kulawarga di Jalan Taman
Sari riungan, kuring oge ngiluan tina telpon.
Kasimpulan sementawis, kumaha cenah mun urang bawa
balik bae, obat panawar nyeri mah panan bisa dibeuli,
urang bahagiakeun bae dina "sesa" harapan hirupna.
Mungguhing Allah umurmah mung nu Mantenna. Usaha mah
kedah, tangtos bae. Cenah urang milarian pengobatan
alternatif.
Kumargi kitu, ka wargi Kusnet sadaya, paneda piduana,
ka baraya anu kersa masihan bongbolongan sareng
pituduh pengobatan alternatif, kacida di piharepna ku
kulawargi sim kuring. Pamugi kasaean pala wargi janten
jambatan lebet ka surga Allah Ta'ala. Amin.
Tungtung Seoul, 19 Mei 2004.
Yaya Rukayadi
__________________________________
Do you Yahoo!?
SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.
http://promo.yahoo.com/sbc/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

