Cobian ku mangandeuh (benalu) enteh, mung kedah nu asli, biasana tangkal
enteh nu aya mangandeuhna tos puluhan tahun (rada jarang), kantos pun adi di
ujungpandang (makasar) nyobian ngaleuleut mangandeuh enteh nu dikintun ti
dieu, barang dicek ku dokter singhoreng panyawatna tos ical, alhamdullilah.
----- Original Message -----
From: "Rukayadi Yaya" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Wednesday, May 19, 2004 8:10 AM
Subject: [UrangSunda] Neda bongbolongan sareng pidu'ana, hatur nuhun...


> Assalamu alaikum
>
> Pun lanceuk nu pangageungna (Hajjah Eruk Rukmini),
> sumanget hirup jeung perjuangan hirupna kacida gedena,
> kabeh adi-adina kungsi di geroh kaasup sim kuring.
> Tong boroning adi-adi, dalah tatangga jeung dulur
> baraya ge nu kungsi sakola di Bandung mah, teu weleh
> dirawatan di bumina di Taman Sari Bandung. Teu
> ngandelkeun beubeunangan salaki, pun lanceuk gaduh
> usaha sorangan, jeung muka lahan gawe keur 12
> urangeun.
>
> Tahun ieu punlanceuk zarah ka Mekah, salami di Mekah
> estu lancar, teu aya nu karaos, estu sehat walafiat,
> kitu saur pun lanceuk basa bulan February kuring
> panggih, sawangsulna ti Mekah.
>
> Minggu tanggal 9 Mei pun lanceuk ka Tanjung Sari
> ngalongok Dewi anakna nu nomer 4, muhun alo kuring,
> toko Beusi jeung Matrial (Tari Galis) pengkolan memeh
> alun-alun Tanjung Sari. Keur ngobrol jeung alo,
> ujug-ujug jeletot nyeri sirah liwat saking nepi ka les
> kapiuhan. Gura-giru dibawa ka rumah sakit Al'Islam by
> pass. Dugi ka Rebo teu aya perkembangan, emut eta ge
> tina kapiuhannanamah mung janten ical emutan, teu apal
> kasasaha. Margi teu aya perkembangan anu siganificant
> teras dicandak ka Boromeus, dua alesan, kahiji alat
> jeung Dokterna langkung lengkep, atuh nu kadua ameh
> deukeut jeung bumina da puguh di Taman Sari tea (Kang
> Darpan kantos nganjang). Kemis emutannana pulih
> sanggeus dokter masihan obat anu mujarab, dugi
> kaayeuna emutannana lengkep, Alhamdullilah.
>
> Kamari sonten, carogena, palaputrana, jeung adi-adina,
> mung kuring nu henteu teh, disaur ku Tim Dokter.
> Dokter ngumumkeun naon kasakit pun lanceuk. Kabeh taya
> nu ngagebeg, geuningan pun lanceuk teh dina uteukna nu
> kenca aya Tumor, parantos stadium 4, atawa stadium
> panganggeusan. Dokter mere saran, tiasa di operasi
> mung taraf keberhasilannana mung 5%, saurna mun lain
> na uteuk mah nya meureun 30% mah aya. Anu langkung
> ngarenjagna, Tim Dokter nyarios yen harapan hirup pun
> lanceuk mung paling lami 6 sasih deui, numutkeun
> panalungtikan medis jeung sumebar katut
> perkembanganana sel tumor na uteuk pun lanceuk. Tim
> dokter teu tiasa nanaon deui mung ukur tiasa masihan
> obat penawar nyeri, supados ulah karaos nyeri teuing.
>
> Sapeupeuting (peuting tadi) kulawarga di Jalan Taman
> Sari riungan, kuring oge ngiluan tina telpon.
> Kasimpulan sementawis, kumaha cenah mun urang bawa
> balik bae, obat panawar nyeri mah panan bisa dibeuli,
> urang bahagiakeun bae dina "sesa" harapan hirupna.
> Mungguhing Allah umurmah mung nu Mantenna. Usaha mah
> kedah, tangtos bae. Cenah urang milarian pengobatan
> alternatif.
>
> Kumargi kitu, ka wargi Kusnet sadaya, paneda piduana,
> ka baraya anu kersa masihan bongbolongan sareng
> pituduh pengobatan alternatif, kacida di piharepna ku
> kulawargi sim kuring. Pamugi kasaean pala wargi janten
> jambatan lebet ka surga Allah Ta'ala. Amin.
>
> Tungtung Seoul, 19 Mei 2004.
> Yaya Rukayadi
>
>
>
>
>
>
>
>
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.
> http://promo.yahoo.com/sbc/
>
>
>
> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke