Kang Yaya, di Bandung di Jl Sukawargi Cakeut terminal
cicaheum aya pengobatan alternatif, kanggo langkung detilna cobi
taroskeun ka Pupi...upami teu lepat pupi kantos nganteur ramana lalandong
kadinya
Subject: [UrangSunda] Neda bongbolongan
sareng pidu'ana, hatur nuhun...
Assalamu alaikum
Pun lanceuk nu pangageungna
(Hajjah Eruk Rukmini), sumanget hirup jeung perjuangan hirupna kacida
gedena, kabeh adi-adina kungsi di geroh kaasup sim kuring. Tong
boroning adi-adi, dalah tatangga jeung dulur baraya ge nu kungsi sakola
di Bandung mah, teu weleh dirawatan di bumina di Taman Sari Bandung.
Teu ngandelkeun beubeunangan salaki, pun lanceuk gaduh usaha sorangan,
jeung muka lahan gawe keur 12 urangeun.
Tahun ieu punlanceuk zarah
ka Mekah, salami di Mekah estu lancar, teu aya nu karaos, estu sehat
walafiat, kitu saur pun lanceuk basa bulan February kuring panggih,
sawangsulna ti Mekah.
Minggu tanggal 9 Mei pun lanceuk ka Tanjung
Sari ngalongok Dewi anakna nu nomer 4, muhun alo kuring, toko Beusi
jeung Matrial (Tari Galis) pengkolan memeh alun-alun Tanjung Sari. Keur
ngobrol jeung alo, ujug-ujug jeletot nyeri sirah liwat saking nepi ka
les kapiuhan. Gura-giru dibawa ka rumah sakit Al'Islam by pass. Dugi
ka Rebo teu aya perkembangan, emut eta ge tina kapiuhannanamah mung
janten ical emutan, teu apal kasasaha. Margi teu aya perkembangan anu
siganificant teras dicandak ka Boromeus, dua alesan, kahiji alat jeung
Dokterna langkung lengkep, atuh nu kadua ameh deukeut jeung bumina da
puguh di Taman Sari tea (Kang Darpan kantos nganjang). Kemis emutannana
pulih sanggeus dokter masihan obat anu mujarab, dugi kaayeuna
emutannana lengkep, Alhamdullilah.
Kamari sonten, carogena,
palaputrana, jeung adi-adina, mung kuring nu henteu teh, disaur ku Tim
Dokter. Dokter ngumumkeun naon kasakit pun lanceuk. Kabeh taya nu
ngagebeg, geuningan pun lanceuk teh dina uteukna nu kenca aya Tumor,
parantos stadium 4, atawa stadium panganggeusan. Dokter mere saran, tiasa
di operasi mung taraf keberhasilannana mung 5%, saurna mun lain na
uteuk mah nya meureun 30% mah aya. Anu langkung ngarenjagna, Tim Dokter
nyarios yen harapan hirup pun lanceuk mung paling lami 6 sasih deui,
numutkeun panalungtikan medis jeung sumebar katut perkembanganana sel
tumor na uteuk pun lanceuk. Tim dokter teu tiasa nanaon deui mung ukur
tiasa masihan obat penawar nyeri, supados ulah karaos nyeri
teuing.
Sapeupeuting (peuting tadi) kulawarga di Jalan Taman Sari
riungan, kuring oge ngiluan tina telpon. Kasimpulan sementawis, kumaha
cenah mun urang bawa balik bae, obat panawar nyeri mah panan bisa
dibeuli, urang bahagiakeun bae dina "sesa" harapan hirupna. Mungguhing
Allah umurmah mung nu Mantenna. Usaha mah kedah, tangtos bae. Cenah urang
milarian pengobatan alternatif.
Kumargi kitu, ka wargi Kusnet
sadaya, paneda piduana, ka baraya anu kersa masihan bongbolongan
sareng pituduh pengobatan alternatif, kacida di piharepna ku kulawargi
sim kuring. Pamugi kasaean pala wargi janten jambatan lebet ka surga
Allah Ta'ala. Amin.
Tungtung Seoul, 19 Mei 2004. Yaya
Rukayadi
__________________________________ Do you Yahoo!? SBC Yahoo! -
Internet access at a great low price. http://promo.yahoo.com/sbc/