Dua
poe teu asup kantor, Senen jeung Salasa, basa Senen mah asup sakeudeung, ngan
kabeurangnakeun awak laleuleus, terus we mulang ka imah sanggeus ijin
heula.
Enya
kabancen...!!, ngan rada era rek diear-ear teh pedah kasakitna kasakit
samakbruk, katarajang diare,...enya samakbruk sabab nu diare mah pangpangna
sagala dicapek rahem teuing bari jeung teu ningali beresih atawa
henteuna.
Puguh
we nu diimah but bet sagala diaayakeun sangkan bisa ngambet, ku daun jambu tea,
ku endog asin, geus puguh ku obat meunang meuli ti apotek mah, tungtungna
poe Salasana beuteung asa kembung teu bisa hitut hitut acan, sigana loba
teuing nagadahar nu pered pered keu pangambet.
Alhamdulillah poe ieu mah sehat..!.
Dua
poe teu maca email, bieu isuk isuk ngaburudul aya kana 240na, lolobana
ngeunaan Capres+Cawapres.
Macaan Capres+Cawapres mimitina rada resep, sabab
tulisan tulisan teh "aya bacaeunana", jeung rada daria, mere bukti yen
bangsa Sunda (sahenteuna nu aya di Kusnet) geus "dewasa", beda pamadegan
lain harti kudu bencah, beda pamadegan teh ngabeungharan pamadegan, teu beda
jeung silih asah sangkan beuki seukeut
Ngan
kabehdieunakeun rada aya kahariwang, sabab enya ngobrolkeun politik beda pisan
jeung ngobrolkeun budaya, keur nu can biasa bisa jadi awak jadi nirisan,
panasan, ngagibrig atawa jadi sasar sakalian.
Tah
kukituna kuring ngageuing ka baraya sadayana kahade bisi jadi sasar (sasar
teh biasana akibat tina gering panas nu kaliwat saking nepi ka noroweco teu
puguh, asal engab).
Keur
kuring lain teu hayang ngiluan ti beh ditu mula, da enya ngobrolekun nu kieu teh
resep, resep, ngan ngahaja kuring rerep, maksudna mah ambih bisa siger tengah,
henteu era lamun kudu ngahuit.
MSasmita
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

