Alhamdulillah...Kang Im,..dina dinten ieu mah tos sehat, walagri deui.
Numawi abdi teh asa kaisinan ku Kang Oman AR,....pedah dina dinten Senen nampi tlp ti anjeuna, mung nuju meujeuhna adugsongkol nya ngawaler teh teu puguh, atuh sms-na teu kawaler.
Nuhun atuh upami bade dibadantenkeun di YP mah...!
 
MSas
 
-----Original Message-----
From: kang_boim [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, May 26, 2004 9:27 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] Re: Kabancen...!!

Haturan Ua...damang...?
baruk Ua teh kabancen...!! paingan atuh teu katinggal ngelol ka
lembur, nuhun pami tos majeng kasehat mah mugia sing salalamina sehat.
muhun Ua di lembur teh nuju rame madungdengkeun perkawis capres +
cawapres, malih mah ampir-ampiran naraek tensina teh mung
Alhamdulillah geuning ari US mah jembar manah janten tiasa anggeur
alakur tur sauyunan sarta silih geuing.
Ua...sim abdi Alhamdulillah tos kenging sababaraha hiji buku ngenaan
tatanen (pertanian) sok sanaos buku lami, tapi mudah-mudahan aya
manfaatna. Insya Allah engke dikintunkeun ka Rj.mantri.
Malih mah kamari kang Oman ngawartosan rehna aya tawisan gawe
babarengan ngenaan pabukon ti salah sawios komunitas radio, nyaeta
ngenaan pabukon anu ngalangkungan media radio (udara). Saurna insya
Allah engke bade dibadantenkeun di Kusnet (YP).

Cag..ah, hatur nuhun.

BM'69


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke