Haturan Ua...damang...? baruk Ua teh kabancen...!! paingan atuh teu katinggal ngelol ka lembur, nuhun pami tos majeng kasehat mah mugia sing salalamina sehat. muhun Ua di lembur teh nuju rame madungdengkeun perkawis capres + cawapres, malih mah ampir-ampiran naraek tensina teh mung Alhamdulillah geuning ari US mah jembar manah janten tiasa anggeur alakur tur sauyunan sarta silih geuing. Ua...sim abdi Alhamdulillah tos kenging sababaraha hiji buku ngenaan tatanen (pertanian) sok sanaos buku lami, tapi mudah-mudahan aya manfaatna. Insya Allah engke dikintunkeun ka Rj.mantri. Malih mah kamari kang Oman ngawartosan rehna aya tawisan gawe babarengan ngenaan pabukon ti salah sawios komunitas radio, nyaeta ngenaan pabukon anu ngalangkungan media radio (udara). Saurna insya Allah engke bade dibadantenkeun di Kusnet (YP).
Cag..ah, hatur nuhun. BM'69 --- In [EMAIL PROTECTED], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Dua poe teu asup kantor, Senen jeung Salasa, basa Senen mah asup sakeudeung, > ngan kabeurangnakeun awak laleuleus, terus we mulang ka imah sanggeus ijin > heula. > Enya kabancen...!!, ngan rada era rek diear-ear teh pedah kasakitna kasakit > samakbruk, katarajang diare,...enya samakbruk sabab nu diare mah pangpangna > sagala dicapek rahem teuing bari jeung teu ningali beresih atawa henteuna. > Ngan kabehdieunakeun rada aya kahariwang, sabab enya ngobrolkeun politik > beda pisan jeung ngobrolkeun budaya, keur nu can biasa bisa jadi awak jadi > nirisan, panasan, ngagibrig atawa jadi sasar sakalian. > Tah kukituna kuring ngageuing ka baraya sadayana kahade bisi jadi sasar > (sasar teh biasana akibat tina gering panas nu kaliwat saking nepi ka > noroweco teu puguh, asal engab). > Keur kuring lain teu hayang ngiluan ti beh ditu mula, da enya ngobrolekun nu > kieu teh resep, resep, ngan ngahaja kuring rerep, maksudna mah ambih bisa > siger tengah, henteu era lamun kudu ngahuit. > > MSasmita ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

