Syukur ari tos damangmah ua sas.
eta panginten seur teing tuang sambel,sareng jengkol.meni ngalimed.mantak ari barangtuang anu raos teh kedah nawisan .
kade ah ulah sagala di tuang.komo deui emameun sisi jalan.
untung bae teu ka teterasan......
wilujeng puasa heula kana anu lada sareng haseum.
 
nety
 
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dua poe teu asup kantor, Senen jeung Salasa, basa Senen mah asup sakeudeung, ngan kabeurangnakeun awak laleuleus, terus we mulang ka imah sanggeus ijin heula.
Enya kabancen...!!, ngan rada era rek diear-ear teh pedah kasakitna kasakit samakbruk, katarajang diare,...enya samakbruk sabab nu diare mah pangpangna sagala dicapek rahem teuing bari jeung teu ningali beresih atawa henteuna.
Puguh we nu diimah but bet sagala diaayakeun sangkan bisa ngambet, ku daun jambu tea, ku endog asin, geus puguh ku obat meunang meuli ti apotek mah, tungtungna poe Salasana beuteung asa kembung teu bisa hitut hitut acan, sigana loba teuing nagadahar nu pered pered keu pangambet.
Alhamdulillah poe ieu mah sehat..!.
Dua poe teu maca email, bieu isuk isuk ngaburudul aya kana 240na, lolobana ngeunaan Capres+Cawapres.
Macaan Capres+Cawapres mimitina rada resep, sabab tulisan tulisan teh "aya bacaeunana", jeung rada daria, mere bukti yen bangsa Sunda (sahenteuna nu aya di Kusnet) geus "dewasa", beda pamadegan lain harti kudu bencah, beda pamadegan teh ngabeungharan pamadegan, teu beda jeung silih asah sangkan beuki seukeut
Ngan kabehdieunakeun rada aya kahariwang, sabab enya ngobrolkeun politik beda pisan jeung ngobrolkeun budaya, keur nu can biasa bisa jadi awak jadi nirisan, panasan, ngagibrig atawa jadi sasar sakalian.
Tah kukituna kuring ngageuing ka baraya sadayana kahade bisi jadi sasar (sasar teh biasana akibat tina gering panas nu kaliwat saking nepi ka noroweco teu puguh, asal engab).
Keur kuring lain teu hayang ngiluan ti beh ditu mula, da enya ngobrolekun nu kieu teh resep, resep, ngan ngahaja kuring rerep, maksudna mah ambih bisa siger tengah, henteu era lamun kudu ngahuit.
 
MSasmita 
 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke