|
Kandidat Calon
Minantu
Dasar si Euis mah rayungan, aya Jumad kulap
kelep dilayanan, aya Badrun kucap kiceup langsung nempel, aya Kohir kalalar
kililir kapipir langsung naksir, atuh puguh we pas malem minggu tilu tiluna
datang. Kituna mah pantes saha lalakina, mun dibere hate ku awewe teu langsung
disusul tepus, teu dibere ge kadang sok keukeureuweut.
Ningali nu datang aya tiluna, bah Jelug bapana si Euis
haripeut cakah cikih pacampur jeung reuwas, sabalikna Euis mah kalem
we siga nu euweuh karingrang.
" Teu salah eta teh kabogoh hidep aya tiluna ?" ceuk bah
Jelug ngaharewos ka Euis.
" Muhun bah, puguh abdi ge bingung margi tilu tiluna lolos
electrocal treshold, tilu tiluna langkung ti 3% tos mahugi ka abdi !" jawab Euis
ngajelaskeun.
" Jadi kudu kumaha atuh, da pamohalan dipilih
tilu tiluna ?"
" Mangga ku abah talek heula, visi sareng misina
!"
" Mun geus ditanya visi jeung misina, terus nanya
naon deui ?"
" Upami tos terang visi sareng misina, karek taros program
100 hari, upami calon kandidat eta janten ngadahup ka abdi !"
" Heug atuh ari kitu mah !" ceuk bah Jelug bari terus muru ruang tamu.
" Eheeemmmmmmm !" bah Jelug dedehem. Kontan tilu tiluna
ngarenjag, padahal harita keur anteng silih pelong,silih polototan,silih
herengan, ngan henteu teh silih cakar wungkul.
Sabada ngenalkeun jeung ngobrol ngaler ngidul, kakara bah
Jelug ngomong anu ngajurus ka masalah anakna.
" Kieu nya abah mah, salaku sepuhna Euis wajib naros ka
sadayana, ngan abah ge sakedikna tos surti maksud sarumping kadieu teh panginten
sanes jabung tambuh laku, sanes kitu ?" ceuk bah Jelug ancad pisan.
" Leres pisan bah !" tilu tiluna ngajawab ampir
bareng.
" Kukituna abah mah bade langsung we naros naha bade leres
leres miharep ka Euis teh ? Upami bade leres leres, naon visi sareng misina?
Cobi jang Jumad heula !" ceuk bah jelug bari ngareret ka Jumad anu diukna paling
pojok.
" Sumangga Bah...singketna kieu Bah, dumasar kana saling
cinta, atuh platform katresna anu sami, sareundeug saigelan, silih asah silih
asuh, nya abdi teh gaduh tekad hoyong mileuleuheungkeun anak abah, tah kitu Bah
!"
" Oh sae...sae..ari ujang kumaha ?" bah Jelug neuteup
seukeut ka kandidat kadua nyaeta Badrun.
" Sami sareng nu ti payun !" jawab Badrun
pondok.
" Ari ujang ? cik cik cik..abah hoyong terang naon visi
sareng misina ?" tanya bah Jelug ka Kohir.
" Saleresna abdi ge sami sareng kandidat sanesna Bah
!"
" Oh kitu..ayeuna patarosan abah nu kadua. Naon anu nek
dijalankeun 100 poe kahareup, upami haridep diparengkeun ngajodo ka anak
abah..sok saha heula ?"
" Abdi Bah !" Badrun sumanget.
" Teu kantos 100 dinten, abdi bade ngadamel gedong
sigrong, meser mobil mewah, jalan anu kalembur abah bakal leucir diaspal, tah
kitu Bah !"
" Abdi ge sami sareng Badrun..Bah !" Kohir langsung
nyamber. "Ngan aya langkungna...salami 100 dinten dijamin neng Euis bakal
lalieur sarebel, pondokna namah teu kantos sataun satengah ti nikah insyallah
bakal masihan incu, nya etang etang hadiah kanggo abah !"
" Oh..sae..sae..sae pisan ! Tah ari jang Jumad ?" bah
Jelug ngareret ka Jumad.
" Ari abdi mah teu kedah ngantosan 100 dinten bah, dalah
ayeuna ge neng Euis tos lalieur sarebel, upami teu percanten mah taroskeun we ka
jinisna !"
" Bener eta teh Euis.... ?" bah Jelug
kekerot.
" Leres bah...abis kang Jumad lebih kul sih !" jawab Euis
bari ngeluk tungkul.
" Kuring Bedoooo !" Badrun ngabengbeos.
" Dewek oge bedoooooo !" ceuk Kohir bari ngabecirr.
(SR)
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- [UrangSunda] KEOM sakedap syam ridwan
- [UrangSunda] KEOM sakedap syam ridwan
- Re: [UrangSunda] KEOM sakedap teh tien
- Re: [UrangSunda] KEOM sakedap Abbas Amin
- Re: [UrangSunda] KEOM sakedap teh tien
- [UrangSunda] Cirebon, Mangsa katukang... durahman
- Re: [UrangSunda] Cirebon, Mangsa ... mh
- Re: [UrangSunda] Cirebon, Man... Hasan Supriadi
- Re: [UrangSunda] Cirebon, Man... mh
- Re: [UrangSunda] Cirebon, Man... kumincir
- Re: [UrangSunda] Cirebon, Man... Waluya

