|
Semah Atahadol
Bada isya kurutak Juhe datang ti
panyabaan bari jeung rarebo kusono, rangkibung ku rasa rindu lantaran meh tilu
bulan teu balik kalembur. Ti terminal keneh beungeut pamajikanana geus
ngongkolak wae dina panon, kumejot hayang geura numplekeun rasa kasono.
Kituna mah pantes, da waktu ditinggalkeun nyaba, sasatna keur anyar
papangantenan keneh. Ningali salakina datang, Sari anu keur anteng nonton
sinetron dina tivi, langsung ngabageakeun ku paroman anu marahmay tanda
gumbira.
" Damang kang ?!" pokna bari solongkrong
ngajak sasalaman. Dua dampal leungeunna patarema. Seeer jeduuud !
Jeleguuur.....!! Dua rasa diadu ngajadi hiji, lir ombak laut kidul anu keur
meujeuhna motah.
" Alhamdulillah, kumaha sawalerna ?" ngajawab semu
haroshos.
" Pangesto kang !" dijawab ku Sari anu teu weleh
dipasieup ku imut anu ngagelenyu.
Wanci geus nunjukeun jam dalapan peuting,
hawa geus mimiti nyilingit tiris, Juhe siga nu geus teu sabar, panonna meus
meus ngareretan lawang panto kamar, ari Sari jongjon nyolokan chanel tivi ku
gagang sapu minangka remotna.
" Kang bilih bade leleson, mangga tipayun abdi bade
ngoncian panto heula !" ceuk pamajikanana surti. Karek oge nek cengkat
ngajungjung, tiluar aya nu uluk salam.
" Assalamu alaikum !" sora semah meuni
nyelengkeung.
" Waailakum salam !" Dua duana meh bareng nembalan,hatena
sarua pada pada mentegeg.
" Sikasebelan aya aya wae !" kitu meureun nu ngarakacak
dijero hatena.
" Geuning silaing, Bro aya naon euy peuting peuting
!"
" Puguh ngahaja euy, da ngadenge aya beja yen ente datang,
nek menta ududeun !"
" Kaparengan can meuli euy poho !" Juhe alesan, padahal
dina kantongna aya kana dua selopna.
" Keun wae atuh ari kituh mah, nek ngadon
lalajo mengbal we dina ditivi, kaparengan aya siaran langsung liga inggris, tas
acara mengbal bejana aya acara siaran langsung wayang golek sapeuting jeput !"
ceuk Ibro teu euleum euleum. Ngadenge kitu angeun Juhe ngadadak
seueul, maenya nek ngadeluk wae maturan semah tapi sabalikna pamohalan
semahna dibuburak titah kaluar.
" Nyi suguhan atuh, maenya semah dianggurkeun wae, pan
cikopi pait mah aya lin ?"
" Mangga kang !" satengah kapaksa, Sari ngojengkang
kadapur nek nyieun cikopi jang tamuna.
" Ari dikota ramena pasangan capres/cawapres saha euy ?"
Ibro nanya sual perpolitikan.
" Ari nurutkeun poling mah nya mun teu AR nya SBY euy nu
unggul teh...ari dilembur kumaha ?" Juhe malik nanya.
" Dilembur mah rehe wae geuning, padahal enya aya urang
sunda anu nyalon, tapi siga nu teu kabengbat geuning, ari sapandukna mah
ngajareblag menta dukungan ti urang sunda !"
" Dewek mah nek milih anu pasti lolos ka putaran kadua euy
!"
" Heueuh sarua dewek ge, daripada milih anu can puguh
meunang, mubajir we sora urang euy !"
Keur guntreng ngobrol,pes listrik teh
ngadadak pareum, Ibro anu kadedemes nongton mengbal handeueuleun, manehna gura
giru balik lantaran inget kapamajikanana lamun pareum listrik teh sok kuwawang
keweweng neangan cempor.
" He...lain teu sono dewek nek balik euy !" ceuk Ibro bari
ngajaweng lampu senter anu tadi dibawa.
" Heueuh jig...kahade dijalan poek, mangkaning imah dewek
mah pan mencal jauh tibatur !" Hate Juhe asa bungangang.
Heuleut sababaraha waktu, bray listrik teh
caang deui, Sari nyerengeh seuri bari nyampeurkeun ka Juhe pok
ngomong.
" Aman ayeuna kang teu kudu diusir geuning semah teh
!"
" Naha dikumahakeun kitu listrik teh bet kawas nu ngarti
?"
" Ku abdi meteran listrikna diturunkeun kang, keuheul
atuh da !"
" Hebat lah !" Juhe ngacungkeun jempol.
" Ayeuna bade neraskeun nongton mengbal atawa bade leleson
kang ?"
" Raosan mengbal dikamar yu...urang ngadu pinalti jeung
akang !"
Kakara ge nek singgolehe, diluar kadenge aya nu gura
gero.
" He...geus teu aliran deui euy...nek nuluykeun lalajo tea
!" Horeng nu gura gero teh Ibro.
Nu dikamar simpe euweuh nu nembalan,nu kadenge sora si
Ibro gura gero deui.
" Adeuw suku aing..suku aing kagencet !" bari terus lumpat
balik deui kaimahna.
" Nya kunaon ari si Ibro make ceuceuleuweungan kitu ?"
ceuk Juhe ngaharewos.
" Puguh ku abdi dilawang panto di pasangan senteg beurit
kang !"
" Heuheuy hebat euy....eh tuh nya jadi poho...ari tadi
geus sabaraha tendangan pinalti teh ?"
" Pami teu lepat....nembe tilu kang !"
" Har lain karek dua ?!"
" Huz sok korupsi...sok atuh uih deui tihiji deui
ngetangna !"
" Juhe...Juhe... ari maneh meuni kokomoan teuing !" ceuk
cakcak bodas anu titatadi lalajo anu keur ngaradu pinalti./SR
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- [UrangSunda] KEOM sakedap syam ridwan
- Re: [UrangSunda] KEOM sakedap syam ridwan
- Re: [UrangSunda] KEOM sakedap teh tien
- Re: [UrangSunda] KEOM sakedap Abbas Amin
- Re: [UrangSunda] KEOM sakedap teh tien
- [UrangSunda] Cirebon, Mangsa katuka... durahman
- Re: [UrangSunda] Cirebon, Mangs... mh
- Re: [UrangSunda] Cirebon, M... Hasan Supriadi
- Re: [UrangSunda] Cirebon, M... mh
- Re: [UrangSunda] Cirebon, M... kumincir
- Re: [UrangSunda] Cirebon, M... Waluya
- [UrangSunda] Cirebon...oh...Cir... MRachmat Rawyani

