Kang Syam pinteran, hanjakal teu bisa di save geus pinuh teuing sok eror
deui ......he he, mun aya buku na mah, bade nambut wae kang......teteh resep
macana
Semah Atahadol
Bada isya kurutak Juhe datang ti
panyabaan bari jeung rarebo kusono, rangkibung ku rasa rindu lantaran meh
tilu bulan teu balik kalembur. Ti terminal keneh beungeut pamajikanana geus
ngongkolak wae dina panon, kumejot hayang geura numplekeun rasa kasono.
Kituna mah pantes, da waktu ditinggalkeun nyaba, sasatna keur anyar
papangantenan keneh. Ningali salakina datang, Sari anu keur anteng nonton
sinetron dina tivi, langsung ngabageakeun ku paroman anu marahmay tanda
gumbira.
" Damang kang ?!" pokna bari solongkrong
ngajak sasalaman. Dua dampal leungeunna patarema. Seeer jeduuud !
Jeleguuur.....!! Dua rasa diadu ngajadi hiji, lir ombak laut kidul anu keur
meujeuhna motah.
" Alhamdulillah, kumaha sawalerna ?" ngajawab semu
haroshos.
" Pangesto kang !" dijawab ku Sari anu teu weleh
dipasieup ku imut anu ngagelenyu.
Wanci geus nunjukeun jam dalapan
peuting, hawa geus mimiti nyilingit tiris, Juhe siga nu geus teu
sabar, panonna meus meus ngareretan lawang panto kamar, ari Sari
jongjon nyolokan chanel tivi ku gagang sapu minangka remotna.
" Kang bilih bade leleson, mangga tipayun abdi
bade ngoncian panto heula !" ceuk pamajikanana surti. Karek oge nek cengkat
ngajungjung, tiluar aya nu uluk salam.
" Assalamu alaikum !" sora semah meuni
nyelengkeung.
" Waailakum salam !" Dua duana meh bareng
nembalan,hatena sarua pada pada mentegeg.
" Sikasebelan aya aya wae !" kitu meureun nu
ngarakacak dijero hatena.
" Geuning silaing, Bro aya naon euy peuting peuting
!"
" Puguh ngahaja euy, da ngadenge aya beja yen ente
datang, nek menta ududeun !"
" Kaparengan can meuli euy poho !" Juhe alesan,
padahal dina kantongna aya kana dua selopna.
" Keun wae atuh ari kituh mah, nek
ngadon lalajo mengbal we dina ditivi, kaparengan aya siaran langsung liga
inggris, tas acara mengbal bejana aya acara siaran langsung wayang golek
sapeuting jeput !" ceuk Ibro teu euleum euleum. Ngadenge kitu angeun Juhe
ngadadak seueul, maenya nek ngadeluk wae maturan semah tapi sabalikna
pamohalan semahna dibuburak titah kaluar.
" Nyi suguhan atuh, maenya semah dianggurkeun wae, pan
cikopi pait mah aya lin ?"
" Mangga kang !" satengah kapaksa, Sari ngojengkang
kadapur nek nyieun cikopi jang tamuna.
" Ari dikota ramena pasangan capres/cawapres saha euy
?" Ibro nanya sual perpolitikan.
" Ari nurutkeun poling mah nya mun teu AR nya SBY euy
nu unggul teh...ari dilembur kumaha ?" Juhe malik nanya.
" Dilembur mah rehe wae geuning, padahal enya aya
urang sunda anu nyalon, tapi siga nu teu kabengbat geuning, ari sapandukna
mah ngajareblag menta dukungan ti urang sunda !"
" Dewek mah nek milih anu pasti lolos ka putaran kadua
euy !"
" Heueuh sarua dewek ge, daripada milih anu can puguh
meunang, mubajir we sora urang euy !"
Keur guntreng ngobrol,pes listrik teh
ngadadak pareum, Ibro anu kadedemes nongton mengbal handeueuleun, manehna
gura giru balik lantaran inget kapamajikanana lamun pareum listrik teh sok
kuwawang keweweng neangan cempor.
" He...lain teu sono dewek nek balik euy !" ceuk Ibro
bari ngajaweng lampu senter anu tadi dibawa.
" Heueuh jig...kahade dijalan poek, mangkaning imah
dewek mah pan mencal jauh tibatur !" Hate Juhe asa bungangang.
Heuleut sababaraha waktu, bray listrik
teh caang deui, Sari nyerengeh seuri bari nyampeurkeun ka Juhe pok
ngomong.
" Aman ayeuna kang teu kudu diusir geuning semah
teh !"
" Naha dikumahakeun kitu listrik teh bet kawas nu
ngarti ?"
" Ku abdi meteran listrikna diturunkeun kang,
keuheul atuh da !"
" Hebat lah !" Juhe ngacungkeun jempol.
" Ayeuna bade neraskeun nongton mengbal atawa bade
leleson kang ?"
" Raosan mengbal dikamar yu...urang ngadu pinalti
jeung akang !"
Kakara ge nek singgolehe, diluar kadenge aya nu gura
gero.
" He...geus teu aliran deui euy...nek nuluykeun lalajo
tea !" Horeng nu gura gero teh Ibro.
Nu dikamar simpe euweuh nu nembalan,nu kadenge sora si
Ibro gura gero deui.
" Adeuw suku aing..suku aing kagencet !" bari terus
lumpat balik deui kaimahna.
" Nya kunaon ari si Ibro make ceuceuleuweungan kitu ?"
ceuk Juhe ngaharewos.
" Puguh ku abdi dilawang panto di pasangan senteg
beurit kang !"
" Heuheuy hebat euy....eh tuh nya jadi poho...ari tadi
geus sabaraha tendangan pinalti teh ?"
" Pami teu lepat....nembe tilu kang !"
" Har lain karek dua ?!"
" Huz sok korupsi...sok atuh uih deui tihiji deui
ngetangna !"
" Juhe...Juhe... ari maneh meuni kokomoan teuing !"
ceuk cakcak bodas anu titatadi lalajo anu keur ngaradu
pinalti./SR
Komunitas UrangSunda
--> http://www.UrangSunda.or.id