Nu ngawitan ngarobah teh lamun teu lepat mah Muawiyah, Gubernur
nagri Syam (Syria) nu barontak ka Ali. Muawiyah teh putra Abu
Sofyan, musuh kabuyutan Kangjeng Nabi, tapi dihampura dosana ku
Kangjeng Nabi, waktu Makkah ditaklukeun. Muawiyah barontak ka
Khalifah Ali, nu akhirna ngaripuhkeun Ali, nepi ka nyieun
perjanjian jeung Muawiyah nu intina mah kakawasaan dibagi dua.
Saatosna Ali aya nu nelasan, nu kawasa otomatis mung Muawiyah
wungkul.

Muawiyah ngawariskeun kakawasaan ka putrana katingalina "diajar"
ti kekaisaran Romawi, tatangga beulah kulon kekhalifahan Islam.
Dinasti nu dijieun ku Muawiyah teh sok disebat DInasti Bani
Umayah.

Kitu cenah, ceuk buku sajarah Islam nu dibaca ku kuring mah .......

-BahWilly-



> mh nyerat:
>> Palebah dieu kuring ge rada helok. Ninggali kaayaan
>> ayeuna, nagara Islam teh memang jiga identik jeung
>> karajaan. Contona wae Saudi, malah nu deukeut jeung
>> Urang Malaya jeung Brunei oge pan karajaan. Padahal
>> satutasna Rosulullah wafat, pan nu neruskeun Khalifah
>> no opat tea. Jigana mah munculna ide kerajaan teh di
>> mimitian sabadana kajadian Karbala.
>>
>> Wallahualam,



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke