Leres ari kituna mah, kunaon bangsa urang teh bet "nyeungseurikeun" 
produk meunang bangsa sorangan. Tapi upami diteuleuman langkung jero 
urang teu tiasa kitu wae nyalahkeun kanu ngageuhgeuykeun. Nu 
nyeungseurikeun saleresna mah sanes ngaledek kamampuan bangsana 
sorangan, tapi ngaledek ka "arogan" an para pelaku nu ngadamel ieu 
produk. Sapertos urang terang, seueur dana sareng fasilitas nagara 
anu sacara gede-gedean diborolokeun keur nyieun ieu produk, matak 
jadi bahan pasirikan keur nu sejen. Jalmi-jalmi nu terlibat oge 
karasa "rada" arogan. Malah Prof Habibie nyalira kantos nyarios anu 
masihan kesan arogan: bandingkeun cenah sabaraha rebu hektar lahan 
diperyogikeun keur melak sampeu supaya hasilna sabanding jeung niley 
jual pesawat CN 235.

Akibat ku hal-hal sapertos kitu, mucunghul weh reaksi negatif ti 
masyarakat, ditambah deuih masyarakat teu ngarasa kenging kauntungan 
naon-naon ti produk pesawat ieu. Biasana di nagara nu represif 
(Indonesia jaman ORBA mah nagara totaliter) protes rakyat nu kaluar 
ukur humor sinis, da jaman ORBA mah teu tiasa gogorowokan demo, jiga 
ayeuna.

=BahWilly=



--- In [EMAIL PROTECTED], "Ade Arief K" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> 
> duh punten ka Kang Siddiq, sim kuring mah asa manghanjakalkeun 
lamun 
> produk bangsa sorangan dilelewe boh dina humor oge. Lamun produk 
> bangsa sorangan jadi bahan gogonjakan terus, abdi mah matak inggis 
> lamun engke pageto anak incu urang beuki minder wardeg ka bangsa 
> dengeun (inferior complex) malahmandar micinta produk sorangan 
mah. 




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke