Ngiring ngaramekeun ah!
Di kantor kuring aya hiji sukarelawan
(volunteer)"Junior expert" ti Korea. Umurna aya kana
20 taunan, nembe lulus sakola komputer. Namina teh
Jang Hyun Sub. ku letah urang Indonesia, ngaran
manehna digentos jadi jusup.
Ngobrol soal kabanggaan ka bangsa sorangan, manehna
teh mani bangga pisan jadi urang Korea, ceuceub ka
nagara anu ngaranna Jepang. Ceuk manehna teh, bangsa
Korea leuwih ti heula jadi hiji bangsa batan bangsa
Jepang. Jadi dina segi budaya, Korea leuwih beradab.
Urang Korea oge, rata-rata teu resepeun kang Bangsa
Amerika, da nganggap Amerika teh penjajah. Ngan sacara
kawijakan, pamarentah Korea Selatan biluk ka Amerika.
Perkara make barang, hp na mah merk samsung. Ngan ari
motorna, make motor Jepang (honda). Kunaon bisa kitu?
Motor Jepang leuwih alus tibatan motor jieunan Korea,
cenah. Ari laptopna, make COMPAQ buatan amerika.
Soalna manehna leuwih bogoh ka Compaq batan ka
Samsung.
Dasar pipikiran kapitalis, tetap we soal kualitas anu
jadi ugeran make produk, teu aya nau namina
nasionalisme.
Tah kang Ade, sareng wa Siddik, kitu pangalaman kuring
gaduh batur urang Korea teh.
mrachmatrawyani
--- Ade Arief K <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> leres kukitu na mah Kang. komo urang sunda bareuki
> hereuyna.Lamun
> urang ngabandungan ka budaya2 sejen di dunya ieu,
> sigana ngan bangsa
> urang we anu sok moyokan/ngahuereuykeun kana sagala
> produk urang.
>
> buktosna we Urang China, sadaya oge terang nu
> kangaranna kualitas
> produk urang China teh masih keneh jauh tina
> standard. Tapi harita
> pangalaman sim kuring naros ka salah saiji palajar
> China," naha
> bangga tur make produkna ? di jawabna teh na
> kieu,"teu nanaon
> kualitas goreng oge tapi lamun henteu aya nu bangga
> tur ngamimitian
> make produk-produk eta rek saha deui, sugan kahareup
> mah bisa
> ningkat".
> Teras deui, pasawat Boing,Cessna,Foker dll geus teu
> kaitung nu rag-
> rag di tengah jalan, tapi anehna tetep we
> masyarakatna mah masih
> reueus komo teu aya pisan nu ngajadikeun
> piheureuyeun. Mun
> dibandingkeun sareng PT DI jauh atuh ngan aya 2 nu
> ragrag, harita di
> Garut nu kahiji, nu kadua waktos uji coba ku pilotna
> IPTN keneh, eta
> oge kacilikaan.
>
> he.he...punten, jadi pabuih kamamana.
>
> caag
> Ade A. Komara
__________________________________
Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.
http://mobile.yahoo.com/maildemo
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/