Tah kitu cep Rahmat (punten yeuh janten nga Encepkeun !!), Korea mah ampir sami sareng Amerika (oge nagara sanesna), upami masihan kedah aya syarat, kedah aya anu nungguan (tehnisi). Bilih bae kagungan kamelang sapertos kitu, urang kedah taki-taki, milarian antina, narik manehna (tehnisi) supados janten biluk kaurang, margi moal pamohalan kituna (sapartos anu dipikamelang tea). Tah kanggo narik eta tehnisi janten biluk kaurang, urang kedah terang kelemahana, kanggo terang kalemahanana, urang kedah terang riwayatna/sajarahna. Bilih palay buku kanggo referensi. ke kuabdi dikintun bukuna, upami teu lepat mah aya buku praktis perkawis Korea : "Korea dalam Fakta" kaluaran Korea National Tourism Corporation, KBRI ngadamel buku : "Keterangan Ringkas Mengenai Korsel", mangga ngajapri. Kanggo "antina" kedah milarian jalmi anu tiasa sareng ngartos bahasa 'manehna", bilih peryogi bantosan, mangga bae betot pun anak (japri bae). Aeh.......ngawulang di fakultas mana ???. Bilih bade ngajapri, mangga dihaturanan di : [EMAIL PROTECTED] Pihatur, SSW
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Leres pisan Ua, lembur kuring (UI) kenging hibah ti Korea (Selatan) KOICA 180 komputer lengkap sareng korsi, meja, biaya renovasi kelas, AC pokona mah UI kantun nyayagikeun tempat sareng listrikna wae. Upami dijumlah jambleh mah kirang langkung ageungna sumbangan eta teh aya kana $ 1 juta. Tapi nyakitu tea, sadayana kedah merk sarwa Korea, teras kedah aya 1 tenaga volunteer anu "ngawaskeun", inda-inda(api-api) na mah bilih kanggo ngalereskeun komputer anu resak sareng kanggo ngajar. Tapi da tos aya teknisi UI anu dilatih sareng dikintun ka Korea salami dua minggu asana mah. Ua oge (salaku pajabat di KBRI Korea) panginten uninga sawatara waktos kapengker aya urang UI "turni" ka Korea. (Ngan hanjakal abdi teu kalebet anu dikintun ka Korea, tapi ketang upami ka Korea harita oge, rada balangsak, teu acan uninga ka Ua). Naon anu dipikahariwang ku Ua Siddik teh, kuring oge gaduh pamadegan anu sami. Cobi wae ku Ua galih, investasi Korea di Indonesia teh nomor dua saparantos Jepang. Kitu oge jumlah urang Korea kalebet paling seueur. Nagara mana anu bade "ngalurkeun" investasi anu potensial siga kitu. Dina sababaraha hal, sikep bangsa urang ka bangsa Korea, teu siga ka bangsa Barat.Puguh wae atuh, bangsa Korea laluasa ngembangkeun usahana di Indonesia, teu jiga bangsa Barat. Aya gejolak urang Islam di Indonesia,atanapi gejolak pemilu, maranehanana (urang Barat) pada sieuneun. Sisi positipna ku ayana bangsa ti Asia timur teh, nyaeta sumanget dina soson-soson didamelna. Si Korea eta upami tos damel di payuneun komputer, mani betah ti jam 8 dugi ka jam 5 teu kecet-kecet. Sigana wae upami jam kantor dugi ka 10 wengi, manehna pasti betaheun pisan. Perkawis tenaga volunteer janten tukang "tilik" (mata-mata) dugi ka tingkat tertentu mah pasti manehna oge, ngalaporkeun naon anu kaalaman salami jadi tanaga volunteer. Ieu aya pangalaman rerencangan kuring, kenalan sareng urang Korea, anu nuju sakola S2 di UI. Sababaraha taun saparantos kenalan teh duanana kapendak deui. Batur kuring tos janten pajabat di hiji fakultas, si Korea eta tos janten hiji direktur pausahaan Korea di Indonesia. Teras aya "kesepakatan", pausahaan Korea eta ngabantuan nyumbang dana ngadamel fasilitas kantin sareng senat mahasiswa, anu biayana dugi ka 800 jutaan. Model sumbangan ngabangun fasilitas kanggo mahasiswa ieu, diterapkeun oge ka paguron luhur negri sanesna di Indoenaia. Tah kitu Ua pangalaman di lembur kuring. baktos, mrachmatrawyani [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

