Perkawis Korea sareng Jepang, urang Korea paling ceuceub ka bangsa Jepang, alesanana, saur cenah ( tadina bade diposting khusus), pedah Jepang tos ngajajah Korea salami 36 tahun kalawan ninggalkeun tatu anu gudawang ka bangsa Korea, malih mah kabagina Korea janten kidul-kaler teh, sabagian ageung ku ulah Jepang, waktos Jepang janten pacundang dina perang dunia ka dua. Perkawis Korea sareng Amerika, kasang tukang namah sami tina kabagina Korea janten kidul-kaler, ditambih ku kalakuan Amerika ka Korea salami kurun waktos sakitu puluh taun, janten rahayatna teu resep ka Amerika teh nataku, namuuuungngngng, pangagungna. kapaksa kedah ngalendotan Amerika. Perkawis rahayat Korea resep kana produk luar, sanes heureuy...., tina mobil, barang elektorik, alat dapur, dugika barang gagarabah sanaos pangaosna ngawang-ngawang, teu burung laris. Kanggo misal ; di hiji shopping center diical over coat kanggo isteri tina bulu mink, buatan Perancis merk beken pangaosna 100.000.000 Won, (upami dikana rupiahkeun, kalikeun dalapan), naaaa.... da eta anu daftar kanggo pesen(kumargi barangna mung sareak, seep) antrianana. sapertos anu ngantri karcis bioskop. Perkawis volunteer Korea, Korea unggal tahun ngintunkeun tanaga-tanaga volunteer ngora ka nagara-nagara anu masih keneh, kirang/teu acan maju. Ieu program di sponsoran ku KOICA, badan social anu aya dihandapeun/apingan MOFAT (Ministry of Foreign Affairs and Trade) Korea, malih ka Indonesia oge kirang langkung 20 urang tanaga volunteer, disebar ka desa-desa sa Nusantara (sim abdi rada ngaragukeun kana ieu program, sieun eta barudak volunteer, dibekelan tugas sanes) margi ka TS kasebat paling seueur, sapertos taun kapungkur 20 tanaga kanggo sa Nusantara 4 ~ 5 orang kanggo TS anu disabar ka desa-desa di kabupaten, Bogor, Sukabumi, Cianjur sareng aduh hilap deui. Sakitu tambihan perkawis Korea. Pihatur SSW
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ngiring ngaramekeun ah! Di kantor kuring aya hiji sukarelawan (volunteer)"Junior expert" ti Korea. Umurna aya kana 20 taunan, nembe lulus sakola komputer. Namina teh Jang Hyun Sub. ku letah urang Indonesia, ngaran manehna digentos jadi jusup. Ngobrol soal kabanggaan ka bangsa sorangan, manehna teh mani bangga pisan jadi urang Korea, ceuceub ka nagara anu ngaranna Jepang. Ceuk manehna teh, bangsa Korea leuwih ti heula jadi hiji bangsa batan bangsa Jepang. Jadi dina segi budaya, Korea leuwih beradab. Urang Korea oge, rata-rata teu resepeun kang Bangsa Amerika, da nganggap Amerika teh penjajah. Ngan sacara kawijakan, pamarentah Korea Selatan biluk ka Amerika. Perkara make barang, hp na mah merk samsung. Ngan ari motorna, make motor Jepang (honda). Kunaon bisa kitu? Motor Jepang leuwih alus tibatan motor jieunan Korea, cenah. Ari laptopna, make COMPAQ buatan amerika. Soalna manehna leuwih bogoh ka Compaq batan ka Samsung. Dasar pipikiran kapitalis, tetap we soal kualitas anu jadi ugeran make produk, teu aya nau namina nasionalisme. Tah kang Ade, sareng wa Siddik, kitu pangalaman kuring gaduh batur urang Korea teh. [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

