Kurarasaan teh asa can lila, basa hiji wanoja curhat ka kuring ngeunaan
jalan hirup manehna jeung bebenena. Katinggal pisan kasedih tinu soca
anjeuna, oge kuring bisa ngarasakeun tunggara hate manehna. Ceuk cenah,
manehna keur ruwet pipikaran na kusabab sepuhna teu ridho ka calon carogena
nu asalna ti Sunda, ceuk cenah meunang kawin jeung seler mana wae ngan
ENTONG jeung urang sunda. Bari cumalimba anjeuna nanya, "Ada apa dengan
orang Sunda ya, nie ?" kitu ceunah ceuk wanoja babaturan kuring nu asalna ti
Palembang.

Kamari, aya meureun tilu minggu kaliwat mah, babaturan uing nu geulis tur
camperenik asli seler Sunda asalna ti Sukabumi, ngan umur manehna jeung uing
beda tilu taun kolotan manehna. Si teteh sok nyebut "eneng" ka uing teh.
Hiji mangsa manehna curhat, neng kamari si "Akhi" (Aa, red) tos masihan
kaputusan saurna teh kieu "Ibuku kurang setuju jika calon mantunya berasal
dari Suku sunda". Gubrakhhhh......!! uing ngilu nyeuri hate, ku katunggara
anjeuna. Basa kuring ngadenga si teteh "Ta'aruf" (wawanohan nu serius) jeung
si MAS Urang Jawa, kuring ngilu bungah, ayeuna kuring ngilu sedih. Sanajan
teu nyaho juntrungna kumaha, nu jelas tergantung ka Usaha maranehna jeung
pitulung ti Alloh nu bakal ngahijikeun si teteh jeung si Mas-na, keur
ngalengkah ka bale Nyungcung.

Saminggu nu katukang, kuring nampa hiji nonoman, nu ngajak Ta'arufan.
Ngobrol ngaler ngidul, diskusi neang solusi nepi ka heureuy seuseurian.
Intina kuring jeung manehna "Cocok" kitu deui manehna ka uing. Ngan
hanjakalna teh, aya jungkrang nu rada lewang basa manehna wakca keur ngolo
indungna supaya narima kuring jadi minantu di kulawargana, da cek cenah
indungna mundut "mun bisa pamajikan teh tong ka Urang Sunda". Kitu cenah
ceuk ibuna akhi uing nu asalna ti jawa timur.

Tilu kasus, salah sahijina kuring nu ngalaman. Akhirna uing mere kaputusan
"mungpung cinta can nyaliara, mungpung tresna acan aya, karek suka lamun
keur urang bruk-brak, mending salira tumut ka Ibu. Sok bilih janten mantak
doraka tea namina upami teu tumut kanu janten Ibu." Kuring teu nolak henteu
oge narima mung pasrah ka Alloh nu ngersakeun sadayana. 

Naha aya nu terang, Aya naon jeung Urang Sunda ?
Mugia ieu kasus ngan ka alaman ku kuring tiluan !!


neng an
*ngagaurna maung tara ngabedakeun seler, kabeh ciptaan Alloh nu kumplit ku
kakurang jeung kaleuwih.




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Reply via email to