upama ditarik ka tukang. jigana stereotif jiga kieu teh aya patula-patalina sareng hubungan sunda-jawa jaman baheula. oemar kayam pernah ngabahas, kasang tukang kunaon urang jawa (yogya) kurang resep kana lauk laut. padahal nagri urang teh nagri maritim. cenah mah aya patalina jeung pacengkadan majapahit-sriwijaya. kulantaran majapahit asor ku sriwijaya di laut jawa, para menak jawa nyiptakeun gerakan model gerakan swadesi gandhi. ku jalan kitu produk laut saolah-olah diboikot. cenah ceuk pramudya, mitos ratu laut lorokidul oge aya patalina jeung ieu gerakan.
 
meureun, stereotip sunda ceuk jawa, pakait jeung kajadian bubat. keur nutupan kalakuan majapahit ka pajajaran, nya diciptakeun gambaran sunda jiga kitu. nepi ka ayeuna eta persepsi teh masih keneh aya. wallahu a'lam.
 
salam,
mh

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngenes oge maca dongeng Neng Ani. Tapi Neng Ani tong leutik manah,
Indonesia teh merdeka salah sahijina ku pangorbanan wanoja Sunda,
nyaeta Ibu Inggit Garnasih. Melaan sang caroge nu dibuang kamana-
mana,apruk-aprukan sangsara.  Na ari geus rek hasil, anjeunna
dipirak sasatna dipiceun. Nu bela ka Presiden kahiji teh hirup ngan
ukur ngajualan wedak, anjeunna teu menta tanda jasa jeung henteu
dendam. Moal aya "Sukarno" anu hebat upama teu aya Ibu Inggit!

Basa anjeunna pupus, Neng An, urang Bandung sanajan henteu aya nu
miwarang, masang bandera satengah tiang sapanjang jalan nu kaliwatan
ku layonna, kulantaran terang jasa-jasa anjeunna ka Republik ieu.

Tah Neng Ani, upami aya nu ngahina ka wanoja Sunda, carioskeun
riwayat Ibu Inggit, atawa sina maca buku "Kuantar ke Pintu Gerbang"
karangan Ramadhan KH.

Salam,
WALUYA

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke