Ngenes oge maca dongeng Neng Ani. Tapi Neng Ani tong leutik manah, 
Indonesia teh merdeka salah sahijina ku pangorbanan wanoja Sunda, 
nyaeta Ibu Inggit Garnasih. Melaan sang caroge nu dibuang kamana-
mana,apruk-aprukan sangsara.  Na ari geus rek hasil, anjeunna 
dipirak sasatna dipiceun. Nu bela ka Presiden kahiji teh hirup ngan 
ukur ngajualan wedak, anjeunna teu menta tanda jasa jeung henteu 
dendam. Moal aya "Sukarno" anu hebat upama teu aya Ibu Inggit!

Basa anjeunna pupus, Neng An, urang Bandung sanajan henteu aya nu 
miwarang, masang bandera satengah tiang sapanjang jalan nu kaliwatan 
ku layonna, kulantaran terang jasa-jasa anjeunna ka Republik ieu.

Tah Neng Ani, upami aya nu ngahina ka wanoja Sunda, carioskeun 
riwayat Ibu Inggit, atawa sina maca buku "Kuantar ke Pintu Gerbang" 
karangan Ramadhan KH.

Salam,
WALUYA




--- In [EMAIL PROTECTED], Ani Puspita <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Kurarasaan teh asa can lila, basa hiji wanoja curhat ka kuring 
ngeunaan
> jalan hirup manehna jeung bebenena. Katinggal pisan kasedih tinu 
soca
> anjeuna, oge kuring bisa ngarasakeun tunggara hate manehna. Ceuk 
cenah,
> manehna keur ruwet pipikaran na kusabab sepuhna teu ridho ka calon 
carogena
> nu asalna ti Sunda, ceuk cenah meunang kawin jeung seler mana wae 
ngan
> ENTONG jeung urang sunda. Bari cumalimba anjeuna nanya, "Ada apa 
dengan
> orang Sunda ya, nie ?" kitu ceunah ceuk wanoja babaturan kuring nu 
asalna ti
> Palembang.
> 




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Reply via email to