Aduh deudeuh teing neng An, jigana kajadian nu kieu mah pas karandapan ku
neng An sareng rerencangan tapi teu kitu sadayana ah, malah bojo si ua pan
urang purwokerto jeung asa ku aneh deuih adi-adi ua kabeh meunangkeun urang
jawa (surabaya) ari adi beuteung meunangkeun urang sunda...sok urang
butoskeun weh ketak jeung watak urang sunda asli : teuneung ludeung, teu
galideur estu satuhu, satia....tigin kana jangji moal mengpar tina tata
krama. cag..ah.
* sasedih-sedihna oge maung tangtos masih tiasa ngagaur..nya.
----- Original Message -----
From: "Ani Puspita" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>; <[EMAIL PROTECTED]>
Cc: "'netymartin'" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Thursday, September 30, 2004 7:47 PM
Subject: [Urang Sunda] Aya naon jeung Urang Sunda ?


> Kurarasaan teh asa can lila, basa hiji wanoja curhat ka kuring ngeunaan
> jalan hirup manehna jeung bebenena. Katinggal pisan kasedih tinu soca
> anjeuna, oge kuring bisa ngarasakeun tunggara hate manehna. Ceuk cenah,
> manehna keur ruwet pipikaran na kusabab sepuhna teu ridho ka calon
carogena
> nu asalna ti Sunda, ceuk cenah meunang kawin jeung seler mana wae ngan
> ENTONG jeung urang sunda. Bari cumalimba anjeuna nanya, "Ada apa dengan
> orang Sunda ya, nie ?" kitu ceunah ceuk wanoja babaturan kuring nu asalna
ti
> Palembang.
>
> Kamari, aya meureun tilu minggu kaliwat mah, babaturan uing nu geulis tur
> camperenik asli seler Sunda asalna ti Sukabumi, ngan umur manehna jeung
uing
> beda tilu taun kolotan manehna. Si teteh sok nyebut "eneng" ka uing teh.
> Hiji mangsa manehna curhat, neng kamari si "Akhi" (Aa, red) tos masihan
> kaputusan saurna teh kieu "Ibuku kurang setuju jika calon mantunya berasal
> dari Suku sunda". Gubrakhhhh......!! uing ngilu nyeuri hate, ku katunggara
> anjeuna. Basa kuring ngadenga si teteh "Ta'aruf" (wawanohan nu serius)
jeung
> si MAS Urang Jawa, kuring ngilu bungah, ayeuna kuring ngilu sedih. Sanajan
> teu nyaho juntrungna kumaha, nu jelas tergantung ka Usaha maranehna jeung
> pitulung ti Alloh nu bakal ngahijikeun si teteh jeung si Mas-na, keur
> ngalengkah ka bale Nyungcung.
>
> Saminggu nu katukang, kuring nampa hiji nonoman, nu ngajak Ta'arufan.
> Ngobrol ngaler ngidul, diskusi neang solusi nepi ka heureuy seuseurian.
> Intina kuring jeung manehna "Cocok" kitu deui manehna ka uing. Ngan
> hanjakalna teh, aya jungkrang nu rada lewang basa manehna wakca keur ngolo
> indungna supaya narima kuring jadi minantu di kulawargana, da cek cenah
> indungna mundut "mun bisa pamajikan teh tong ka Urang Sunda". Kitu cenah
> ceuk ibuna akhi uing nu asalna ti jawa timur.
>
> Tilu kasus, salah sahijina kuring nu ngalaman. Akhirna uing mere kaputusan
> "mungpung cinta can nyaliara, mungpung tresna acan aya, karek suka lamun
> keur urang bruk-brak, mending salira tumut ka Ibu. Sok bilih janten mantak
> doraka tea namina upami teu tumut kanu janten Ibu." Kuring teu nolak
henteu
> oge narima mung pasrah ka Alloh nu ngersakeun sadayana.
>
> Naha aya nu terang, Aya naon jeung Urang Sunda ?
> Mugia ieu kasus ngan ka alaman ku kuring tiluan !!
>
>
> neng an
> *ngagaurna maung tara ngabedakeun seler, kabeh ciptaan Alloh nu kumplit ku
> kakurang jeung kaleuwih.
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke