Ass.
Muhun kang ari kana perkawis eta mah, ngan anu matak jadi helok basa ieu teh, sareng matak jadi curinghak teh eta ucapan kaluar pisan tina intelektual (S2 sareng S3) anu janten pangajar di hiji univ. ternama, anu kaleresan sim kuring didinya buburuh deuih. Naha atuh nya, eta perkara teh meni pisan teras pisan ngaganggayong tina hubungan eta, sareng di kalangan urang ge eta hal teh masih keneh aya nu miara. Sareng teu eun-eunan, ku kalangan akademisi...................
Sim kuring anu ngadanguna harita ngan ukur bisa seuri haseum, bari rumahuh dina hate we............. Nyeri atuh ari nyeri mah.......Da kalah kumaha ge eta anu di carioskeun teh salah sahijina Pun Biang..............
Mung muhun atuh, ieumah waktosna pikeun urang ayeuna ngaleungitkeun eta hal teh. Da kalah kumaha oge eta hal teh tiasa janten alat pikeun bangsa deungeun miara rasa persaingan diantara bangsa urang sorangan.
Sakitu heula.
Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang,
Pamadegan salira anu akhir anu ceuk kuring mah kudu dipertahankeun.
Yen perkara pertikahan jeung tujuan2na mah kumaha jalmina bae, lain
perkara karakter hiji (suku) bangsa. Soal mitos stigma pertikahan
etnis Sunda - Jawa parantos mindeng diguar di ieu milist.
Kacindekan si kuring mah sami sareng rerencangan salira anu ti Batak
tea, yen leuwih condong kana usaha-usaha pangjajah Walanda baheula,
ngalanggengkeun bibit buit pacongkredan (divide et impera) antara
suku bangsa di Indonesia. Persis sakumaha Walanda baheula ngarang
jeung miara carita atawa lalaguan anu ngarendahkeun
(mendiskreditkeun) kalungguhan Lebe (amil) atawa Ajengan.
Ngeunaan Wanoja Sunda, kunaon anu diwariskeun salaku ajen-inajen
tuladaneun teh lain kisah-kisah saperti Ibu Dewi Sartika, atawa Ma
Eroh, atawa hiji ibu di hiji desa. Si Ibu teh gaduh putra 8,
dikantunkeun ku carogena dina kaayaan karek 2 putrana anu digawe.
Tapi ku tekadna anu kuat, si Ibu teh sukses nyakolakeun palaputrana
tug dugi ka ngagaduhan gelar sarjana sadayana. Malah salah sahiji
putrana nikah ka wanoja Jawa, beres roes teu aya pasoalan naon-
naon. Ieu kajadian sarupa kieu heunteu kurang aya di Tatar Sunda.
Simbol wanoja Sunda dina legenda anu sarae teu kirang, upamana bae
dina carita Lutung Kasarung. Ti kapungkur, sepuh urang tos neundeun
perhatian anu utama kana pentingna gambaran wanoja tuladaneun dina
kahirupan budaya urang. Ieu jeung kanyataan anu kapendak sadidinten
ngeunaan para wanoja tuladan anu perlu disosialisasikeun teh, upama
urang enya arek ngawangun "karakter jatidiri bangsa". Anapon anu
goreng, bisa bae disabit-sabit, tapi lain dina
jejer "nyakompetdaunkeun" (nginjem istilah Kang Kandar). Sabab
urusanna urusan karakter suku bangsa anu teu bisa diwakilan ku hiji-
dua conto goreng.
manAR
--- In [EMAIL PROTECTED], Jalaksana Kertapati
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari ceuk urang
> batak mah (ceuk babaturan baheula bari meni
> nyeukseukan tea) yen eta teh ngan ukur alat bangsa
> Walanda basa ngajajah urang, nya pulitik "devide et
> impera" tea lah ari istilah basa SD mah.
>
yen urang sunda
> (wanoja) nu ngarabi ka urang jawa (pameget) teh pikeun
> urang sunda hiji ka bagjaan, margi anjeuna tiasa
> kumawasa kana banda (panginten) diri si jajaka.
> Panginten ieu ge sami jeung pependakan urang sadayana
> perkawis kana hal eta, yen urang sunda (jajaka) teu
> kenging nikah ka urang jawa (wanoja) margi engkena
> tiasa di kumawasa. Duka ari ka urang Banjar mah
> (cenah.
>
> Sim kuring janten panasaran kana hal eta, ari
> saleresna sajarah hal eta teh ti mana kawitna, sareng
> kumaha atuh ngilangkeun stigma eta teh, ari pamadegan
> sim kuring mah kana hal eta teh kumaha jalmina
> panginten nya. >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda -->
> > http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> >
> >
> > Yahoo! Groups Sponsor
> > Get unlimited calls to
> >
> > U.S./Canada
> >
> >
> > ---------------------------------
> > Yahoo! Groups Links
> >
> > To visit your group on the web, go to:
> > http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
> >
> > To unsubscribe from this group, send an email to:
> > [EMAIL PROTECTED]
> >
> > Your use of Yahoo! Groups is subject to the
> > Yahoo!
> > Terms of Service.
> >
> >
> >
>
>
>
>
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Check out the new Yahoo! Front Page.
> www.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Check out the new Yahoo! Front Page. www.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
| Get unlimited calls to U.S./Canada |
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

